Abdi sapopoe caket ti tempat eta, tp masalahna mah teu terang naon.  Nu kuring 
mang hanjakalkeun mah sakolana, nepi ka rek runtuh jelemana kalah parasea.  
Waktu acara kabar tokoh di tipi one, salah saurang tokohna anu harita diangkat 
nya eta BJ Habiebie (mantan presiden), lolobana dinu acara eta nostalgiaan 
anjeuna anu diantawisna SMAK dago (almamaterna).  Anjeuna barang ningali eta 
tilas tempat sakolana baheula meni ngajenghok rada geuneuk ngambek bari ngomong 
kieu mun teu salah inget “what hell…kalian bisa berdosa membiarkan sekolah 
begini…” ngageter,  di ruangan sakola eta bari tanjak tunjuk harita anjeuna 
kumaha keur baheula didinya.

Keur kitu ajudanana nyaketan anjeuna nu terus ulak ilik karusakan bari rada 
ngaharewos kurang leuwih kieu “bapak jangan terlalu kesana, berbahaya atapnya 
mau roboh”

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ki 
Hasan
Sent: Tuesday, July 19, 2011 9:58 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011

 

  

Asana tos sababaraha kali nya aya nu jiga kieu teh, pelakuna urang luar.
Upama teu salah kungsi maca sababaraha waktu kaliwat, harengheng di Bandung 
Wetan. Cibiru asana mah

2011/7/19 dodi syaripudin <[email protected]>

  

Mangga Kang didukung ku abdi nu teu tiasa nanaon..Wass.

 

 

  _____  

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 19 Juli, 2011 09:11:16
Judul: Re: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011


  

Hayoh para Jawara, geura singkil, geura jaraga lembur. Peupeuriheun milis "Jaga 
Lembur" geus nghaiyang. Hehehe.



2011/7/19 oman abdurahman <[email protected]>

  

Baraya,


Kasus parebut lahan SMAK Dago di Jl. Ir. H. Juanda (ti heula: Jl. Dago) kamari, 
ngerakeun pisan. Ngerakeunana teh eta nepi ka buk-bek silih babuk jeung silih 
tonjok di pakarangan sakola jeung di Jl Dago, jajalaneun jelema rea di Kota 
Bandung anu nelah kota Asia-Afrika, kawentar ku Dasasila Bandung-na anu 
ngahalakeun katengtreman.

Naha nya eta lahan nepi ka diparebutkeun ku dua golongan? Tetela geuning di 
Bandung oge loba preman anu bisa dihucuhkeun pikeun nyingsieunan sangkan 
kahontal hiji tujuan (ngarebut lahan)? Kunaon henteu make jalur pengadilan? Asa 
kacida teuing deui dua kelompok anu garelut teh loba preman siga garelutna dua 
kelompok geng preman di Jakarta anyar-anyar ieu. Naha rek diekspor ka Bandung 
kitu perang model preman di Jakarta anu umumna diluluguan ku urang sebrang teh? 
Beu...bakal cilaka ka hareupna Bandung lamun bibit peperangan model preman kieu 
rek diwanohkeun di Bandung. Kudu ti ayeuna keneh dihulag.


manar

 

 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke