mun iseng2 ieu mah, sakali deui tingali tah imah kepsek teh, terus foto imah na tos kitu foto oge kondisi sakolana. mun kondisi sakolana biasa2 komo butut mah, alungkeun weh tah data2 eta kana koran/tivi/media. rame geura. iseng sih, tapi kadang2 kudu kitu soalna lain ngabenerkeun sakola tapi ngadon ngabenerkeun imah. kumaha rek maju pendidikan di urang teh ari kitu carana mah hehe --> JeBe <--
________________________________ From: "Sulkan, Muhamad (D&DTooling)" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, 19 July 2011 5:21 PM Subject: RE: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011 Emh…nyaah teuing barudak kiwari………… Atuh jaman kiwari mah …… sakola lobana di pake ajang nyiar dunya pikeun sababaraha golongan……… Kiwari sikuring ngalalana nyiar dunya di daerah cikarang, loba kepala sakola nu kagungan rompok …euleuh-euleuh………meuni agreng nu meakeun karep dewek……… hampura bilih aya nu kagadabah lampah, kateke hate, kasiku laku….nu aya dina milist ieu……da bongan eta nyatana……lain bohong lain wadul……… Baktos. Sulkan, M From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ii Sumirat Sent: Tuesday, July 19, 2011 10:11 AM To: [email protected] Subject: RE: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011 Abdi sapopoe caket ti tempat eta, tp masalahna mah teu terang naon. Nu kuring mang hanjakalkeun mah sakolana, nepi ka rek runtuh jelemana kalah parasea. Waktu acara kabar tokoh di tipi one, salah saurang tokohna anu harita diangkat nya eta BJ Habiebie (mantan presiden), lolobana dinu acara eta nostalgiaan anjeuna anu diantawisna SMAK dago (almamaterna). Anjeuna barang ningali eta tilas tempat sakolana baheula meni ngajenghok rada geuneuk ngambek bari ngomong kieu mun teu salah inget “what hell…kalian bisa berdosa membiarkan sekolah begini…” ngageter, di ruangan sakola eta bari tanjak tunjuk harita anjeuna kumaha keur baheula didinya. Keur kitu ajudanana nyaketan anjeuna nu terus ulak ilik karusakan bari rada ngaharewos kurang leuwih kieu “bapak jangan terlalu kesana, berbahaya atapnya mau roboh” From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ki Hasan Sent: Tuesday, July 19, 2011 9:58 AM To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011 Asana tos sababaraha kali nya aya nu jiga kieu teh, pelakuna urang luar. Upama teu salah kungsi maca sababaraha waktu kaliwat, harengheng di Bandung Wetan. Cibiru asana mah 2011/7/19 dodi syaripudin <[email protected]> Mangga Kang didukung ku abdi nu teu tiasa nanaon..Wass. ________________________________ Dari:Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 19 Juli, 2011 09:11:16 Judul: Re: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011 Hayoh para Jawara, geura singkil, geura jaraga lembur. Peupeuriheun milis "Jaga Lembur" geus nghaiyang. Hehehe. 2011/7/19 oman abdurahman <[email protected]> Baraya, Kasus parebut lahan SMAK Dago di Jl. Ir. H. Juanda (ti heula: Jl. Dago) kamari, ngerakeun pisan. Ngerakeunana teh eta nepi ka buk-bek silih babuk jeung silih tonjok di pakarangan sakola jeung di Jl Dago, jajalaneun jelema rea di Kota Bandung anu nelah kota Asia-Afrika, kawentar ku Dasasila Bandung-na anu ngahalakeun katengtreman. Naha nya eta lahan nepi ka diparebutkeun ku dua golongan? Tetela geuning di Bandung oge loba preman anu bisa dihucuhkeun pikeun nyingsieunan sangkan kahontal hiji tujuan (ngarebut lahan)? Kunaon henteu make jalur pengadilan? Asa kacida teuing deui dua kelompok anu garelut teh loba preman siga garelutna dua kelompok geng preman di Jakarta anyar-anyar ieu. Naha rek diekspor ka Bandung kitu perang model preman di Jakarta anu umumna diluluguan ku urang sebrang teh? Beu...bakal cilaka ka hareupna Bandung lamun bibit peperangan model preman kieu rek diwanohkeun di Bandung. Kudu ti ayeuna keneh dihulag. manar
