Ari sapamendak abdi mah, di wewengkon bandung kulon rada ngidul, UING teh seseringna mah diucapkeun ku barudak. Panginten kawitna tina kecap KURING anu dicadelkeun. Duka tah.
>________________________________ >From: Ki Hasan <[email protected]> >To: [email protected] >Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda ><[email protected]> >Sent: Wednesday, 28 September 2011 1:00 PM >Subject: Basa - UING ==> Re: [kisunda] kecap UING sareng Dewek teh sunda >wilayah mana? > > > >Nalika ngagejebur ka milis, uing manggihan loba pilihan pikeun kecap ganti >diri. Diantarana nu ilahar /abdi/, /kuring/, /uing/, /pribados/, /aing/, >/dewek/, /kula/, /ngaing/, jeung sajabana. Kalan-kalan sok manggih nu >dirarangkenan model /sim abdi/ jeung /sim kuring/. Tacan kungsi manggihan >rarangken /sim/ dikantetkeun jeung kecap ganti diri sejenna mah, jadi /sim >aing/ misalna. Aya oge nu sok make rarangken /si/, jadi /si kuring/. > >Tah anapon uing milih kecap /uing/ keur kecap ganti diri, didasaran ku dua >hal. Ceuk pangrasa uing ngagunakeun /abdi/ atawa /sim abdi/, asa lemes teuing, >leuwih ngahargaan teuing batur kurang ngahargaan diri sorangan. Pon kitu deui >milih kecap /kuring/ atawa /sim kuring/, asa kasar teuing, kurang ngahargaan >batur, leuwih ngahargaan teuing diri sorangan. Ku alesan eta, uing leuwih >milih kecap /uing/ atawa /sim uing/ keur kecap ganti diri, nu ceuk pangrasa >uing asa leuwih sineger tengah, saimbang antara ngahargaan batur jeung diri >sorangan. > >Eta kacindekan di luhur teh, estuning pamanggih subjektif uing. Nu tangtu >baraya sejenna boga pilihan masing-masing. > >Nu kapanngih ku uing, di lembur pangborojoan teh, Garut, kecap ganti uing, >kami masih kapanggih. > >Kitu tah Kang Pudin. > > >2011/9/28 Sp Saprudin <[email protected]> > > >> >>Dulur kabeh miliser KISUNDA >>Nyuhunkeun panjelasan >>Kecap "aing" umum diangge ku urang sunda >>Kecap "kami sareng kula" anu hartina = urang, aing, abdi diangge ku mayoritas >>sunda Banten >>Kecap "DIA" anu hartina = maneh/sia/salira/jenengan diangge ku mayoritas >>sunda Banten >> >>Ayeuna kecap "UING" anu hartosna abdi/aing/kuring seueur diangge di daerah >>mana? > > > > > >
