Nu abdi terang mah , ari kecap : UING teh biasana ti Priyangan Timur, nyaeta di daerah Tasikmalaya, ciamis. Didaerah abdi mah , nyaeta di Ciamis kecap AING jarang dipergunakeun ( biasana dipake ku barudak/pamuda di daerah Bandung ). nuhun...
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 28 September 2011 10:00 Judul: Basa - UING ==> Re: [kisunda] kecap UING sareng Dewek teh sunda wilayah mana? Nalika ngagejebur ka milis, uing manggihan loba pilihan pikeun kecap ganti diri. Diantarana nu ilahar /abdi/, /kuring/, /uing/, /pribados/, /aing/, /dewek/, /kula/, /ngaing/, jeung sajabana. Kalan-kalan sok manggih nu dirarangkenan model /sim abdi/ jeung /sim kuring/. Tacan kungsi manggihan rarangken /sim/ dikantetkeun jeung kecap ganti diri sejenna mah, jadi /sim aing/ misalna. Aya oge nu sok make rarangken /si/, jadi /si kuring/. Tah anapon uing milih kecap /uing/ keur kecap ganti diri, didasaran ku dua hal. Ceuk pangrasa uing ngagunakeun /abdi/ atawa /sim abdi/, asa lemes teuing, leuwih ngahargaan teuing batur kurang ngahargaan diri sorangan. Pon kitu deui milih kecap /kuring/ atawa /sim kuring/, asa kasar teuing, kurang ngahargaan batur, leuwih ngahargaan teuing diri sorangan. Ku alesan eta, uing leuwih milih kecap /uing/ atawa /sim uing/ keur kecap ganti diri, nu ceuk pangrasa uing asa leuwih sineger tengah, saimbang antara ngahargaan batur jeung diri sorangan. Eta kacindekan di luhur teh, estuning pamanggih subjektif uing. Nu tangtu baraya sejenna boga pilihan masing-masing. Nu kapanngih ku uing, di lembur pangborojoan teh, Garut, kecap ganti uing, kami masih kapanggih. Kitu tah Kang Pudin. 2011/9/28 Sp Saprudin <[email protected]> > >Dulur kabeh miliser KISUNDA >Nyuhunkeun panjelasan >Kecap "aing" umum diangge ku urang sunda >Kecap "kami sareng kula" anu hartina = urang, aing, abdi diangge ku mayoritas >sunda Banten >Kecap "DIA" anu hartina = maneh/sia/salira/jenengan diangge ku mayoritas sunda >Banten > >Ayeuna kecap "UING" anu hartosna abdi/aing/kuring seueur diangge di daerah >mana?
