Tambahan Kaula/kula
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Sp Saprudin Sent: Wednesday, October 05, 2011 1:15 PM To: [email protected] Subject: Bls: Basa - UING ==> Re: [kisunda] kecap UING sareng Dewek teh sunda wilayah mana? Kecap "Dewek" nyaeta upami kuring ulin di daerah Palabuhan Ratu - Cisolok -, ragem pisan jalma-jalma di daerah eta ngagunakeun kecap "Dewek". Misalkeun conto : "Har geuning dewek tadi tos tidinya, teu nempo maneh". Terus upami ulin ka daerah Jampang Kulon - Surade sampe ka daerah Singaparna - Pameungpeuk eta kecap "Uing" sok rageum digunakeun ku daerah eta. Conto kecapna : "Basa kamari uing ka Sukabumi meuli kolor pikeun si ambu, kelirna teh anu beulang nyaeta bodas jeung hideung. Eta si ambu henteu resepeun, pajarna teh kelir bodas jeung hideung mah jiga pangeusi bui. Nya kapaksa uing balik deui ka Sukabumi........................" Ceuk pamaham kuring mah kecap 1. Aing nyaeta kecap anu mayoritas digunakeun ku kalangan muda (ABG/Ramaja) dina pangulinan sapopoe (pergaulan). Kecap aing oge sok mindeng digunakeun ku jalmi anu dina kaayaan keur umbak ambek (marah) 2. Kecap Uing nyaeta kecap anu digunakeun sapopoe keur ka saumuran, biasana ieu kecap sok ragem digunakeun ku jalma anu umurna 30 tahun ka luhur. 3. Kecap Dewek,urang sunda jarang make. Tapi kecap Dewek geus jadi kecap sapopoe daerah Sukabumi, Cianjung, jeung Garut di pasisir laut kidul. Meureun eta kecap dewek teh biasa dipake ku Nyi Roro Kidul....he..he..he... Sakitu, Baktos kuring Dari: Adi Sundayana <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Rabu, 5 Oktober 2011 12:45 Judul: Re: Basa - UING ==> Re: [kisunda] kecap UING sareng Dewek teh sunda wilayah mana? Kecap "aing" jeung "uing" moal salah eta teh wancahan tina kecap "kuring".KURING teh kecap gaganti jalma ka hiji anu karasa netral,bisa dipake ka saha bae bari teu ngarasa nista. Nu bakal ngabedakeun "aing" jeung "uing" lebah rasa basa. Geura pek lenyepan, nu ambek pasti ku kecap "aing" tapi mun ngobrol jeung sasama nu geus loma nu dipake "uing". Ari "kuring"leuwih loba dipake dina kaayaan resmi upamana bae dina biantara. Sasieureun sabeunyeureun manawi bahan katampi. Akang Adi ... he..he..he... From: Kumincir Wikidisastra <mailto:[email protected]> Sent: Wednesday, October 05, 2011 11:20 AM To: [email protected] Subject: Re: Basa - UING ==> Re: [kisunda] kecap UING sareng Dewek teh sunda wilayah mana? anu kuring kungsi make mah aing, abi, uing, urang, kami, dewek, kuring, sim-kuring, jeung abdi (sim-abdi mah ceuk cenah teu aya ti dituna, kaleuleuwihi). anu jadi karuhunna mah meureun ukur (ng)aing, kami, jeung kuring, ti dinya jol uing (teuing tina kuring atawa tina aing) nu asalna basa barudak, siga abi tina abdi (meureun again). - urang pangmindengna dipake mun ngobrol jeung nu sapantar (teuing ieu teh kasalahan atawa bisa jadi bener, da lolobana urang teh nujul ka kita/kami (ind.)) - aing jeung uing biasa dipake mun ngobrol jeung babaturan - dewek ukur mun bari heureuy atawa papaseaan - kami jarang pisan dipake (dipake ku nu geus loma pisan) - kuring sakali-kali dipake, tapi lolobana mah dipake dina tulisan - abdi mindeng dipake lamun ngobrol jeung kolot atawa saluhureun - sim-kuring biasa dipake mun nyarita dina riungan semu formal, komo mun aya kolot ngalereskeun ka MH, simkuring mah asana henteu sakumaha nu dipedar ku salira, justru panglemesna. 2011/10/5 Yana Martadiredja Nu abdi terang mah , ari kecap : UING teh biasana ti Priyangan Timur, nyaeta di daerah Tasikmalaya, ciamis. Didaerah abdi mah , nyaeta di Ciamis kecap AING jarang dipergunakeun (biasana dipake ku barudak/pamuda di daerah Bandung ). nuhun...
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
