anu kuring kungsi make mah *aing*, *abi*,* uing*, *urang*, *kami*, *dewek*,
*kuring*, *sim-kuring*, jeung *abdi* (*sim-abdi* mah ceuk cenah teu aya ti
dituna, kaleuleuwihi). anu jadi karuhunna mah meureun ukur *(ng)aing*, *kami
*, jeung *kuring*, ti dinya jol *uing* (teuing tina *kuring *atawa tina *
aing*) nu asalna basa barudak, siga *abi *tina *abdi* (meureun *again*).

- *urang *pangmindengna dipake mun ngobrol jeung nu sapantar (teuing ieu teh
kasalahan atawa bisa jadi bener, da lolobana urang teh nujul ka *kita*/*kami
* (ind.))
- *aing *jeung *uing *biasa dipake mun ngobrol jeung babaturan
- *dewek *ukur mun bari heureuy atawa papaseaan
- *kami *jarang pisan dipake (dipake ku nu geus loma pisan)
- *kuring* sakali-kali dipake, tapi lolobana mah dipake dina tulisan
- *abdi* mindeng dipake lamun ngobrol jeung kolot* *atawa saluhureun*
*- *sim-kuring *biasa dipake mun nyarita dina riungan semu formal, komo mun
aya kolot

ngalereskeun ka MH, *simkuring *mah asana henteu sakumaha nu dipedar ku
salira, justru panglemesna.

2011/10/5 Yana Martadiredja

>   Nu abdi terang mah , ari kecap : UING  teh biasana ti Priyangan Timur,
> nyaeta di daerah Tasikmalaya, ciamis.
> Didaerah abdi mah , nyaeta di Ciamis  kecap AING jarang dipergunakeun
> (biasana dipake ku barudak/pamuda di daerah Bandung ). nuhun...
>

Kirim email ke