Kecap "aing" jeung "uing" moal salah eta teh wancahan tina kecap "kuring".KURING teh kecap gaganti jalma ka hiji anu karasa netral,bisa dipake ka saha bae bari teu ngarasa nista. Nu bakal ngabedakeun "aing" jeung "uing" lebah rasa basa. Geura pek lenyepan, nu ambek pasti ku kecap "aing" tapi mun ngobrol jeung sasama nu geus loma nu dipake "uing". Ari "kuring"leuwih loba dipake dina kaayaan resmi upamana bae dina biantara. Sasieureun sabeunyeureun manawi bahan katampi. Akang Adi ... he..he..he...
From: Kumincir Wikidisastra Sent: Wednesday, October 05, 2011 11:20 AM To: [email protected] Subject: Re: Basa - UING ==> Re: [kisunda] kecap UING sareng Dewek teh sunda wilayah mana? anu kuring kungsi make mah aing, abi, uing, urang, kami, dewek, kuring, sim-kuring, jeung abdi (sim-abdi mah ceuk cenah teu aya ti dituna, kaleuleuwihi). anu jadi karuhunna mah meureun ukur (ng)aing, kami, jeung kuring, ti dinya jol uing (teuing tina kuring atawa tina aing) nu asalna basa barudak, siga abi tina abdi (meureun again). - urang pangmindengna dipake mun ngobrol jeung nu sapantar (teuing ieu teh kasalahan atawa bisa jadi bener, da lolobana urang teh nujul ka kita/kami (ind.)) - aing jeung uing biasa dipake mun ngobrol jeung babaturan - dewek ukur mun bari heureuy atawa papaseaan - kami jarang pisan dipake (dipake ku nu geus loma pisan) - kuring sakali-kali dipake, tapi lolobana mah dipake dina tulisan - abdi mindeng dipake lamun ngobrol jeung kolot atawa saluhureun - sim-kuring biasa dipake mun nyarita dina riungan semu formal, komo mun aya kolot ngalereskeun ka MH, simkuring mah asana henteu sakumaha nu dipedar ku salira, justru panglemesna. 2011/10/5 Yana Martadiredja Nu abdi terang mah , ari kecap : UING teh biasana ti Priyangan Timur, nyaeta di daerah Tasikmalaya, ciamis. Didaerah abdi mah , nyaeta di Ciamis kecap AING jarang dipergunakeun (biasana dipake ku barudak/pamuda di daerah Bandung ). nuhun...
