Mun teu salah mah kecap UING teh di pake ku dulur nu di Kuningan lain?
--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Bisa jadi kitu Kang Deni, numatak ditetelakeun yen ieu mah subjektif
> rarasaan uing.
> Ari pangpangna mah digunakeun pikeun dina media elektronik. Ari media
> elektronik tea,
> apan urang teu pada apal, nu diajak ngobrol teh saluhureun atawa
> sahandapeun.
> Da ari dina bahasa komunikasi jonghok mah, nya migunakeun nu ilahar wae.
>
> 2011/9/28 Deni Indra Kelana <lee_kelana@...>
>
> > **
> >
> >
> > Ari sapamendak abdi mah, di wewengkon bandung kulon rada ngidul, UING teh
> > seseringna mah diucapkeun ku barudak. Panginten kawitna tina kecap KURING
> > anu dicadelkeun.
> > Duka tah.
> >
> > ------------------------------
> > *From:* Ki Hasan <khs579@...>
> > *To:* [email protected]
> > *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <
> > [email protected]>
> > *Sent:* Wednesday, 28 September 2011 1:00 PM
> > *Subject:* Basa - UING ==> Re: [kisunda] kecap UING sareng Dewek teh sunda
> > wilayah mana?
> >
> >
> > Nalika ngagejebur ka milis, uing manggihan loba pilihan pikeun kecap ganti
> > diri. Diantarana nu ilahar /abdi/, /kuring/, /uing/, /pribados/, /aing/,
> > /dewek/, /kula/, /ngaing/, jeung sajabana. Kalan-kalan sok manggih nu
> > dirarangkenan model /sim abdi/ jeung /sim kuring/. Tacan kungsi manggihan
> > rarangken /sim/ dikantetkeun jeung kecap ganti diri sejenna mah, jadi /sim
> > aing/ misalna. Aya oge nu sok make rarangken /si/, jadi /si kuring/.
> >
> > Tah anapon uing milih kecap /uing/ keur kecap ganti diri, didasaran ku dua
> > hal. Ceuk pangrasa uing ngagunakeun /abdi/ atawa /sim abdi/, asa lemes
> > teuing, leuwih ngahargaan teuing batur kurang ngahargaan diri sorangan. Pon
> > kitu deui milih kecap /kuring/ atawa /sim kuring/, asa kasar teuing, kurang
> > ngahargaan batur, leuwih ngahargaan teuing diri sorangan. Ku alesan eta,
> > uing leuwih milih kecap /uing/ atawa /sim uing/ keur kecap ganti diri, nu
> > ceuk pangrasa uing asa leuwih sineger tengah, saimbang antara ngahargaan
> > batur jeung diri sorangan.
> >
> > Eta kacindekan di luhur teh, estuning pamanggih subjektif uing. Nu tangtu
> > baraya sejenna boga pilihan masing-masing.
> >
> > Nu kapanngih ku uing, di lembur pangborojoan teh, Garut, kecap ganti uing,
> > kami masih kapanggih.
> >
> > Kitu tah Kang Pudin.
> >
> > 2011/9/28 Sp Saprudin <udarider@...>
> >
> > **
> >
> > Dulur kabeh miliser KISUNDA
> > Nyuhunkeun panjelasan
> > Kecap "aing" umum diangge ku urang sunda
> > Kecap "kami sareng kula" anu hartina = urang, aing, abdi diangge ku
> > mayoritas sunda Banten
> > Kecap "DIA" anu hartina = maneh/sia/salira/jenengan diangge ku mayoritas
> > sunda Banten
> >
> > Ayeuna kecap "UING" anu hartosna abdi/aing/kuring seueur diangge di daerah
> > mana?
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/