PBKS - Si Udin Budak Bangor?
Ku: Saprudin

---------- Forwarded message ----------
From: Sp Saprudin <[email protected]>
Date: 2011/10/13
Subject: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak
To: "[email protected]" <[email protected]>

Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka
ngaran kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor ka
rea jalma, utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan
aki-aki jadi sasaran kabangoran kuring.
Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut ka Ki
Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), oge ka
Ki Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe eta
aki-aki ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung, anak
kurang ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah
sangkan diwarah".
Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh
masyarakat jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan boh
ngawinkeun song datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka imahna titah
caramah kaagamaan.
Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu
harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting lalampahan
kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki Bahin
nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan
make kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu
nyekel iteuk, leungen kenca nyekel colen, jalana teh "kuprak...kuprak....."
sada sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna.
Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya
kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku abdi
dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong
dituntun da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain
dituntun, malah itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim
reuwas, nempo itekna dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana
terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : "Eta geuning....eta geuning.......anak
haram jadah, sugan teh enya rek nuntun aing, eta malah iteuk aing dibawa
lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan budak ta teh"

Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki
Bahim, mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki
Nursam tos nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen
handapeun bedug disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya colen
nyender di juru deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu
shalat Isya berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru tempat
bedug, maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug.
Kabeneran ukuran colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung
panjangna. Kop kuring nyokot panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki
Nursam, geus kitu leos indit ka luar mushola cicing diteras nungguan Ki
Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah panto katembong Ki Nursam keur
nyekel colen anu geus diganti ku kuring. Leungeunna ngodok kantong baju
kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu maksudna rek nyeungeut eta colen.
"Kcrek...kcrek....." Bray eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana
tungtung panakol bedug maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali
nyetrekeun gas bensin eta colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek
hurung bae". Terus panonna neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta
colen teh dibabetkeun kana tembok mushola bari ngambek "Saha jelemana nu
geus nukeurkeun colen aing !!! Pantesan teu dek hurung bae!!! Mun panggih
jelemana ku aing digantung huluna!!!!.

Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu tos
ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku Allah
Swt, dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin.

Kirim email ke