Sok atuh kadinyah Kang Aji geura nulis, sakaca wae mah. Nulis naon we sakabisana. Keun wae make basa Sunda "pabalatak" ge. Beresan we kumbahan atawa sapuan nu pabalatak mah, engke bereseih geura. Sing mindeng we nulisna nya.
2011/10/14 aji Turmuji <[email protected]> > ** > > > amiin; sae pisan eta seuratanana; abdi hoyong diajar basa sunda > ka kakang; basa sunda abdi mah pabalatak keneh. hehehe. > > > 2011/10/14 Ki Hasan <[email protected]> > >> ** >> >> >> Hehehe, ieu teh kieu, keur postingan nu rada panjang, ngalalakonkeun >> pangalaman hirup, rek dikompilasikeun dibukukeun. Nya dijudulan PBKS >> (Pangalaman Balad Ki Sunda). Paling henteu urang jadikeun buku elektronik. >> Tujuanana keur milu ngeuyeuban bahan bacaeun dina basa Sunda. >> >> Tah kitu Kang Udin, numatak sok sing mindeng ngadongeng lalakon pangalaman >> hirupna. Tong panjang teuing, kira-kira sakaca ge meujeuhna unggal topik. >> Ngarah nu macana teu boseneun. >> >> >> 2011/10/14 Sp Saprudin <[email protected]> >> >>> ** >>> >>> >>> PBKS teh naon kang? >>> >>> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> >>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]> >>> *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda < >>> [email protected]>; [email protected] >>> *Dikirim:* Kamis, 13 Oktober 2011 15:58 >>> *Judul:* [kisunda] PBKS - Si Udin Budak Bangor? >>> >>> >>> PBKS - Si Udin Budak Bangor? >>> Ku: Saprudin >>> >>> ---------- Forwarded message ---------- >>> From: *Sp Saprudin* <[email protected]> >>> Date: 2011/10/13 >>> Subject: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak >>> To: "[email protected]" <[email protected]> >>> >>> Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka >>> ngaran kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor ka >>> rea jalma, utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan >>> aki-aki jadi sasaran kabangoran kuring. >>> Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut >>> ka Ki Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), >>> oge ka Ki Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe >>> eta aki-aki ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung, >>> anak kurang ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah >>> sangkan diwarah". >>> Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh >>> masyarakat jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan boh >>> ngawinkeun song datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka imahna titah >>> caramah kaagamaan. >>> Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu >>> harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting lalampahan >>> kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki Bahin >>> nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan >>> make kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu >>> nyekel iteuk, leungen kenca nyekel colen, jalana teh "kuprak...kuprak....." >>> sada sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna. >>> Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya >>> kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku abdi >>> dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong >>> dituntun da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain >>> dituntun, malah itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim >>> reuwas, nempo itekna dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana >>> terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : "Eta geuning....eta geuning.......anak >>> haram jadah, sugan teh enya rek nuntun aing, eta malah iteuk aing dibawa >>> lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan budak ta teh" >>> >>> Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki >>> Bahim, mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki >>> Nursam tos nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen >>> handapeun bedug disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya colen >>> nyender di juru deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu >>> shalat Isya berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru tempat >>> bedug, maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug. >>> Kabeneran ukuran colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung >>> panjangna. Kop kuring nyokot panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki >>> Nursam, geus kitu leos indit ka luar mushola cicing diteras nungguan Ki >>> Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah panto katembong Ki Nursam keur >>> nyekel colen anu geus diganti ku kuring. Leungeunna ngodok kantong baju >>> kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu maksudna rek nyeungeut eta colen. >>> "Kcrek...kcrek....." Bray eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana >>> tungtung panakol bedug maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali >>> nyetrekeun gas bensin eta colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek >>> hurung bae". Terus panonna neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta >>> colen teh dibabetkeun kana tembok mushola bari ngambek "Saha jelemana nu >>> geus nukeurkeun colen aing !!! Pantesan teu dek hurung bae!!! Mun panggih >>> jelemana ku aing digantung huluna!!!!. >>> >>> Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu >>> tos ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku >>> Allah Swt, dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin. >>> >>> >>> >>> >>> >>> >> > >
