haji hasan boga pamajikan sabaraha ? 2011/10/17 Sp Saprudin <[email protected]>
> ** > > > Ieu carita zaman kuda ngegel roti. Carita ieu carita lain eunyaan. Ieu > carita nyaritakeun rumpai-rumpai kahirupan jalma sapopoe. Kieu caritana, > zaman > heubeul dihiji lembur, sebut bae eta lembur ngarana kampung Cibengek, Desa > Renghap Ranjug, aya salah sahiji jalma anu kasohor tina kabengharanana, anu > ngaranna teh nyaeta H. Hasan. Salain benghar, manehna katelah tokoh > masyarakat jeung tokoh agama. Harta Haji Hasan ceuk beja moal beak ku 100 > turunan. Paribasa bro di juru, bro di panto ngalayah di teungah imah. > Satungtung deuleu ti kaler nepi ka kidul, ti wetan nepi ka kulon, sawahna > ngapyak ligar jeung lega rebuan hektar. Jaba ti sawah manehna oge boga > mangrupa-rupa kebon. Aya kebon teh, kebon kalapa, kebon cengkeh, kebon > coklat, kebon kadu, kebon mangga sampe ka kebon jengkol jeung kebon peuteuy. > Mobilna boga 15 siki, sanajan cicing di kampung, tapi kahirupana jiga urang > kota, kamana-mana numpak mobil, unggal poe naek mobil turun mobil. Ceuk > anjing edan harta H. Hasan moal kaitung ku jari, ngitungna kudu make mesin > computer. **** > ** ** > Hiji mangsa pasosore di teras harep imah, Haji Hasan harita keur diuk dina > korsi hoe. Dina meja geus aya sacangkir kopi, kulub hui boled, kulub kacang > jeung kulub jagong, anu disayagikeun ku pamajikanna. Manehna keur anteung > maca kitab koneng jalalaen. Mulak malik mukaan lembaran kitab, bari jari > leungeunna dipake tutunjuk pikeun netelakeun kalimat anu dibaca. Sakapeung > leungeunna merenahkeun kaca panon anu morosot kahandap irung. Keur jongjon > jeung anteng manehna kagewahkeun ku kadatangan anakna nu ngarana Fitri, > harita manehna keur kuliah di salah sahiji paguronan luhur anu kasohor di > kota Bandung. Fitri mangrupakeun hiji wanoja anu hade rupa, irung bangir, > huntuna bona tipung tarigu, bentangna wanoja lembur Cibengek. Mun ditempo > dihareup sieup, mun ditempo ditukang lenjang, mun ditempo digigir lenggik. > Kabeh lalaki mun nempo manehna pasti ka irut ka pincut. Fitri uluk salam ka > Bapana anu harita keur leleson di hareupeun imah. “Assalamulaikum…… apa nuju > naon” ceuk Fitri ka bapana terus muru bapana bari ngasongkeun leungeun > sungkeum. Haji Hasan rada kaget ku kadatangan anakna, sabab mun Fitri rek > balik sok mere kabar heula, waktu harita henteu mere kabar ujug-ujug > pucunghul bae. “ Waalaikumsalam warahmatullahi > wabarakatuh……euleuh…euleuh…..asa nyimpi apa mah, na kunaon henteu ngabaran > heula ka apa sareng ka ibu, atuh telepon upami bade uih….” jung nangtung > terus nyalukan isterina anu aya di jero imah “Bu…..Ibu…..ieu geuning aya si > eneng dongkap” teu kungsi lila isterina norojol ti jero imah rada gura giru > terus muru si Fitri “euleuh si eneng, meni ngadadak kitu” bari cium pipi > kiri cium pipi kanan ka anakna tanda kadeudeuh kanu jadi anak. “Enya bu, > hapunten abdi hente masihan kabar, abdi nyandak cuti kuliah, da hoyong > istirahat heula. Kumaha Ibu damang? Tembal Fitri ka ibuna terus asup ka jero > imah. **** > ** ** > Waduh jiga pagawe wae nyah cuti sagala hayang istirahat. Jrek nong…….**** > ** ** > Sanggeus kadatangan anakna, waktu harita ba’da isya H. Hasan dibaturan ku > pamajikanna keur araya di tengah imah, diuk dina korsi sopa anu empuk bari > lalajo TV anu teu puguh tempoeun da eusina teh teu jauh jeung sinetron jeung > korupsi bari pikiranna oge teu paruguh kusabab nempo parobahan tina diri > anakna. Sidik boga sidik, panon H. Hasan teu leupas tina netelakeun awak > anakna anu aya kalainan, nyaeta beuteung anakna rada maju ka hareup alias > bareuh (bengkak), jeung penteuna rada sepa pucat. Haji Hasan dina pikiranna > ngagerentes “boa….boa….anak aing ieu reuneuh” terus manenha panasaran > nanyakeun parobahan awak anakna basana teh. "Mhh…eneng, apa rek nanya, naha > ari eneng keur muriang? Apa mah watir pisan da nempo awak eneng, penteu meni > sepa kitu jeung deui eta jiga aya parobahan, lamun lintuh nya piraku > beuteung wungkul. Nempo pipi da henteu gemil-gemil teuing, na kunaon eta > beuteung rada maju ka hareup. Mhh..apa mah watir, sugan eneng cacingeun? Asa > piraku mun cacingeun? Meunang pananya kitu ti bapana Fitri reuwas teu > puguh pikir bari pokna "Ah ari Apa sok gaduh emutan awon wae, henteu aya > nanaon Apa, patuangan abdi sehat". Tapi Haji Hasan harita pinuh kurasa > hayang nyaho jeung panasaran, jadi nanyana leuwih teugeus pisan, "Neng, > jawab anu jujur jeung sabenerna, Apa moal tunya tanya ka eneng, mun teu aya > anu aneh di diri eneng. Kulantara kitu ayeuna apa hayang nyaho parobahan di > diri eneng. Da lamun asup angin asa piraku eta beuteung sampe beungkak > kitu?! Apa mah sieun eneng teh reuneh, da ceuk paribasa maenya parawan can > boga salaki geus reuneh. Ayeuna blak-blakan bae ngaku anu sajujurna, kunanon > beuteung eneng jiga kitu?" Fitri bingung teu manggih tungtung, ngahuleung, > ngajentul jiga tunggul, raga asa teu boga rarasaan. Kudu kumaha ngajawabna, > beurat rek ngaluarkeun kecap teh. Kecap naon anu sakirana bakal kaharti > jeung katarima ku Bapana. Letah asa heuras, ngan bisa murulukkeun cai panon. > **** > ** ** > Teu kaduga meunag pananya anu rempeg ti Bapana, manehna ngan bisa ceurik > bari pokna “hampuraaa....hampuraaa apaaa, ibuuu…..abdi rumaos …..” ngoceak > terus ngagabrug sumujud ka Bapana jeung ka ibuna. Nempo kitu anakna anu > sumujud manehna oge ilu bingung, terus leungeunna ngusapan sirah Fitri, > dibarengan kurasa panasaran hayang ngorek kana masalah ieu. “Neng…..cig > jelaskeun, mun enya eneng keur kakandungan, bejakeun saha lalakina, cig > caritakeun, sangkan masalah ieu gancang kabuka”. Fitri anu harita keur > sumujud dihareupeun bapana, terus lalaunan hudang bari sirah tungkul bae. > “Apa ulah bendu……..Fitri….Fitri…..” pokna bari ceurik balilihan. “Enya neng, > apa moal bendu……cig caritakeun” ceuk H. Hasan. “Apa….sumuhun abdi teh nuju > kakandungan lima sasih….. dupi pamegetna sanes jalmi tebih, > tapi……tapi….caket pisan” ceuk Fitri. “Urang deukeut? Cig geura bejakeun saha > jeung anak saha” ceuk H. Hasan hayang geura nyaho. > “Su….su….sukarya…pamegetna” ceuk Fitri terus nubruk sumujud deui ka Bapana > bari ceurikna leuwih tarik. “Saha? Sukarya? Sukarya mana? Anak Saha?” H. > Hasan tambah panasaran terus jung nangtung anu harita penteuna rada beureum, > terus nanya deui bari leungeuna nyekelan pundak Fitri. “Neng, Sukarya anak > saha?”. Anu akhirna Fitri nyebutkeun ngaran lalaki eta “Sukarya putrana > Mang Suta” Ngadenge panuturan anakna kitu manehna ngagebeg reuwas asa > dibentar gelap teungah poe, bari melak cangkeng anu harita panonna katempo > molotot bari ngomong tarik pisan “Sukarya anak si Suta!!!!” teu kungsi lila > klepek manehna pingsan. > > Jrek nong torok tok tok………Majar-majar meuneung lara........majar-majar > meuneung lara aaatinaaaaaaa laraaa (ieu hartina naon nyah da kuring song > ngadenge dina wayang tea). > > Hanca........**** > > >
