Ieu carita zaman kuda ngegel roti. Carita ieu carita lain eunyaan. Ieu carita
nyaritakeun rumpai-rumpai kahirupan jalma sapopoe. Kieu caritana, zaman
heubeul dihiji lembur, sebut bae eta lembur ngarana kampung Cibengek, Desa
Renghap Ranjug, aya salah sahiji jalma anu kasohor tina kabengharanana, anu
ngaranna teh nyaeta H. Hasan. Salain benghar, manehna katelah tokoh masyarakat
jeung tokoh agama. Harta Haji Hasan ceuk beja moal beak ku 100 turunan.
Paribasa bro di juru, bro di panto ngalayah di teungah imah. Satungtung deuleu
ti kaler nepi ka kidul, ti wetan nepi ka kulon, sawahna ngapyak ligar jeung
lega rebuan hektar. Jaba ti sawah manehna oge boga mangrupa-rupa kebon. Aya
kebon teh, kebon kalapa, kebon cengkeh, kebon coklat, kebon kadu, kebon mangga
sampe ka kebon jengkol jeung kebon peuteuy. Mobilna boga 15 siki, sanajan
cicing di kampung, tapi kahirupana jiga urang kota, kamana-mana numpak mobil,
unggal poe naek mobil turun mobil. Ceuk
anjing edan harta H. Hasan moal kaitung ku jari, ngitungna kudu make mesin
computer.
Hiji mangsa pasosore di teras harep imah, Haji Hasan harita keur diuk dina
korsi hoe. Dina meja geus aya sacangkir kopi, kulub hui boled, kulub kacang
jeung kulub jagong, anu disayagikeun ku pamajikanna. Manehna keur anteung maca
kitab koneng jalalaen. Mulak malik mukaan lembaran kitab, bari jari leungeunna
dipake tutunjuk pikeun netelakeun kalimat anu dibaca. Sakapeung leungeunna
merenahkeun kaca panon anu morosot kahandap irung. Keur jongjon jeung anteng
manehna kagewahkeun ku kadatangan anakna nu ngarana Fitri, harita manehna keur
kuliah di salah sahiji paguronan luhur anu kasohor di kota Bandung. Fitri
mangrupakeun hiji wanoja anu hade rupa, irung bangir, huntuna bona tipung
tarigu, bentangna wanoja lembur Cibengek. Mun ditempo dihareup sieup, mun
ditempo ditukang lenjang, mun ditempo digigir lenggik. Kabeh lalaki mun nempo
manehna pasti ka irut ka pincut. Fitri uluk salam ka Bapana anu harita keur
leleson di hareupeun imah.
“Assalamulaikum…… apa nuju naon” ceuk Fitri ka bapana terus muru bapana bari
ngasongkeun leungeun sungkeum. Haji Hasan rada kaget ku kadatangan anakna,
sabab mun Fitri rek balik sok mere kabar heula, waktu harita henteu mere kabar
ujug-ujug pucunghul bae. “ Waalaikumsalam warahmatullahi
wabarakatuh……euleuh…euleuh…..asa nyimpi apa mah, na kunaon henteu ngabaran
heula ka apa sareng ka ibu, atuh telepon upami bade uih….” jung nangtung terus
nyalukan isterina anu aya di jero imah “Bu…..Ibu…..ieu geuning aya si eneng
dongkap” teu kungsi lila isterina norojol ti jero imah rada gura giru terus
muru si Fitri “euleuh si eneng, meni ngadadak kitu” bari cium pipi kiri cium
pipi kanan ka anakna tanda kadeudeuh kanu jadi anak. “Enya bu, hapunten abdi
hente masihan kabar, abdi nyandak cuti kuliah, da hoyong istirahat heula.
Kumaha Ibu damang? Tembal Fitri ka ibuna terus asup ka jero imah.
Waduh jiga pagawe wae nyah cuti sagala hayang istirahat. Jrek nong…….
Sanggeus kadatangan anakna, waktu harita ba’da isya H. Hasan dibaturan ku
pamajikanna keur araya di tengah imah, diuk dina korsi sopa anu empuk bari
lalajo TV anu teu puguh tempoeun da eusina teh teu jauh jeung sinetron jeung
korupsi bari pikiranna oge teu paruguh kusabab nempo parobahan tina diri
anakna. Sidik boga sidik, panon H. Hasan teu leupas tina netelakeun awak anakna
anu aya kalainan, nyaeta beuteung anakna rada maju ka hareup alias bareuh
(bengkak), jeung penteuna rada sepa pucat. Haji Hasan dina pikiranna
ngagerentes “boa….boa….anak aing ieu reuneuh” terus manenha panasaran
nanyakeun parobahan awak anakna basana teh. "Mhh…eneng, apa rek nanya, naha ari
eneng keur muriang? Apa mah watir pisan da nempo awak eneng, penteu meni sepa
kitu jeung deui eta jiga aya parobahan, lamun lintuh nya piraku beuteung
wungkul. Nempo pipi da henteu gemil-gemil teuing, na kunaon eta beuteung rada
maju ka hareup. Mhh..apa mah watir, sugan eneng
cacingeun? Asa piraku mun cacingeun? Meunang pananya kitu ti bapana Fitri
reuwas teu puguh pikir bari pokna "Ah ari Apa sok gaduh emutan awon wae, henteu
aya nanaon Apa, patuangan abdi sehat". Tapi Haji Hasan harita pinuh kurasa
hayang nyaho jeung panasaran, jadi nanyana leuwih teugeus pisan, "Neng, jawab
anu jujur jeung sabenerna, Apa moal tunya tanya ka eneng, mun teu aya anu aneh
di diri eneng. Kulantara kitu ayeuna apa hayang nyaho parobahan di diri eneng.
Da lamun asup angin asa piraku eta beuteung sampe beungkak kitu?! Apa mah sieun
eneng teh reuneh, da ceuk paribasa maenya parawan can boga salaki geus reuneh.
Ayeuna blak-blakan bae ngaku anu sajujurna, kunanon beuteung eneng jiga kitu?"
Fitri bingung teu manggih tungtung, ngahuleung, ngajentul jiga tunggul, raga
asa teu boga rarasaan. Kudu kumaha ngajawabna, beurat rek ngaluarkeun kecap
teh. Kecap naon anu sakirana bakal kaharti jeung katarima ku Bapana. Letah asa
heuras, ngan bisa murulukkeun
cai panon.
Teu kaduga meunag pananya anu rempeg ti Bapana, manehna ngan bisa ceurik bari
pokna “hampuraaa....hampuraaa apaaa, ibuuu…..abdi rumaos …..” ngoceak terus
ngagabrug sumujud ka Bapana jeung ka ibuna. Nempo kitu anakna anu sumujud
manehna oge ilu bingung, terus leungeunna ngusapan sirah Fitri, dibarengan
kurasa panasaran hayang ngorek kana masalah ieu. “Neng…..cig jelaskeun, mun
enya eneng keur kakandungan, bejakeun saha lalakina, cig caritakeun, sangkan
masalah ieu gancang kabuka”. Fitri anu harita keur sumujud dihareupeun bapana,
terus lalaunan hudang bari sirah tungkul bae. “Apa ulah
bendu……..Fitri….Fitri…..” pokna bari ceurik balilihan. “Enya neng, apa moal
bendu……cig caritakeun” ceuk H. Hasan. “Apa….sumuhun abdi teh nuju kakandungan
lima sasih….. dupi pamegetna sanes jalmi tebih, tapi……tapi….caket pisan” ceuk
Fitri. “Urang deukeut? Cig geura bejakeun saha jeung anak saha” ceuk H. Hasan
hayang geura
nyaho. “Su….su….sukarya…pamegetna” ceuk Fitri terus nubruk sumujud deui ka
Bapana bari ceurikna leuwih tarik. “Saha? Sukarya? Sukarya mana? Anak Saha?” H.
Hasan tambah panasaran terus jung nangtung anu harita penteuna rada beureum,
terus nanya deui bari leungeuna nyekelan pundak Fitri. “Neng, Sukarya anak
saha?”. Anu akhirna Fitri nyebutkeun ngaran lalaki eta “Sukarya putrana Mang
Suta” Ngadenge panuturan anakna kitu manehna ngagebeg reuwas asa dibentar gelap
teungah poe, bari melak cangkeng anu harita panonna katempo molotot bari
ngomong tarik pisan “Sukarya anak si Suta!!!!” teu kungsi lila klepek manehna
pingsan.
Jrek nong torok tok tok………Majar-majar meuneung lara........majar-majar meuneung
lara aaatinaaaaaaa laraaa (ieu hartina naon nyah da kuring song ngadenge dina
wayang tea).
Hanca........