PBKS teh naon kang?

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]>
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]>; [email protected]
Dikirim: Kamis, 13 Oktober 2011 15:58
Judul: [kisunda] PBKS - Si Udin Budak Bangor?


  
PBKS - Si Udin Budak Bangor? 
Ku: Saprudin 


---------- Forwarded message ----------
From: Sp Saprudin <[email protected]>
Date: 2011/10/13
Subject: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak
To: "[email protected]" <[email protected]>

Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka ngaran 
kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor ka rea jalma, 
utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan aki-aki jadi 
sasaran kabangoran kuring.

Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut ka Ki 
Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), oge ka Ki 
Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe eta aki-aki 
ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung, anak kurang 
ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah sangkan diwarah".
Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh masyarakat 
jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan boh ngawinkeun song 
datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka imahna titah caramah kaagamaan. 
Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu 
harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting lalampahan 
kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki Bahin 
nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan make 
kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu nyekel 
iteuk, leungen kenca nyekel colen, jalana teh "kuprak...kuprak....." sada 
sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna.
Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya 
kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku abdi 
dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong dituntun 
da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain dituntun, malah 
itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim reuwas, nempo itekna 
dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : 
"Eta geuning....eta geuning.......anak haram jadah, sugan teh enya rek nuntun 
aing, eta malah iteuk aing dibawa lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan 
budak ta teh"

Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki Bahim, 
mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki Nursam tos 
nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen handapeun bedug 
disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya colen nyender di juru 
deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu shalat Isya 
berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru tempat bedug, 
maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug. Kabeneran ukuran 
colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung panjangna. Kop kuring nyokot 
panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki Nursam, geus kitu leos indit ka luar 
mushola cicing diteras nungguan Ki Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah 
panto katembong Ki Nursam keur nyekel colen anu geus diganti ku kuring. 
Leungeunna ngodok kantong baju kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu 
maksudna rek nyeungeut eta colen. "Kcrek...kcrek....." Bray
 eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana tungtung panakol bedug 
maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali nyetrekeun gas bensin eta 
colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek hurung bae". Terus panonna 
neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta colen teh dibabetkeun kana tembok 
mushola bari ngambek "Saha jelemana nu geus nukeurkeun colen aing !!! Pantesan 
teu dek hurung bae!!! Mun panggih jelemana ku aing digantung huluna!!!!.

Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu tos 
ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku Allah Swt, 
dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin.

 

Kirim email ke