amiin; sae pisan eta seuratanana; abdi hoyong diajar basa sunda ka kakang; basa sunda abdi mah pabalatak keneh. hehehe.
2011/10/14 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Hehehe, ieu teh kieu, keur postingan nu rada panjang, ngalalakonkeun > pangalaman hirup, rek dikompilasikeun dibukukeun. Nya dijudulan PBKS > (Pangalaman Balad Ki Sunda). Paling henteu urang jadikeun buku elektronik. > Tujuanana keur milu ngeuyeuban bahan bacaeun dina basa Sunda. > > Tah kitu Kang Udin, numatak sok sing mindeng ngadongeng lalakon pangalaman > hirupna. Tong panjang teuing, kira-kira sakaca ge meujeuhna unggal topik. > Ngarah nu macana teu boseneun. > > > 2011/10/14 Sp Saprudin <[email protected]> > >> ** >> >> >> PBKS teh naon kang? >> >> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> >> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]> >> *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda < >> [email protected]>; [email protected] >> *Dikirim:* Kamis, 13 Oktober 2011 15:58 >> *Judul:* [kisunda] PBKS - Si Udin Budak Bangor? >> >> >> PBKS - Si Udin Budak Bangor? >> Ku: Saprudin >> >> ---------- Forwarded message ---------- >> From: *Sp Saprudin* <[email protected]> >> Date: 2011/10/13 >> Subject: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak >> To: "[email protected]" <[email protected]> >> >> Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka >> ngaran kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor ka >> rea jalma, utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan >> aki-aki jadi sasaran kabangoran kuring. >> Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut >> ka Ki Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), >> oge ka Ki Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe >> eta aki-aki ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung, >> anak kurang ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah >> sangkan diwarah". >> Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh >> masyarakat jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan boh >> ngawinkeun song datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka imahna titah >> caramah kaagamaan. >> Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu >> harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting lalampahan >> kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki Bahin >> nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan >> make kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu >> nyekel iteuk, leungen kenca nyekel colen, jalana teh "kuprak...kuprak....." >> sada sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna. >> Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya >> kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku abdi >> dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong >> dituntun da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain >> dituntun, malah itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim >> reuwas, nempo itekna dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana >> terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : "Eta geuning....eta geuning.......anak >> haram jadah, sugan teh enya rek nuntun aing, eta malah iteuk aing dibawa >> lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan budak ta teh" >> >> Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki >> Bahim, mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki >> Nursam tos nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen >> handapeun bedug disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya colen >> nyender di juru deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu >> shalat Isya berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru tempat >> bedug, maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug. >> Kabeneran ukuran colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung >> panjangna. Kop kuring nyokot panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki >> Nursam, geus kitu leos indit ka luar mushola cicing diteras nungguan Ki >> Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah panto katembong Ki Nursam keur >> nyekel colen anu geus diganti ku kuring. Leungeunna ngodok kantong baju >> kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu maksudna rek nyeungeut eta colen. >> "Kcrek...kcrek....." Bray eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana >> tungtung panakol bedug maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali >> nyetrekeun gas bensin eta colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek >> hurung bae". Terus panonna neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta >> colen teh dibabetkeun kana tembok mushola bari ngambek "Saha jelemana nu >> geus nukeurkeun colen aing !!! Pantesan teu dek hurung bae!!! Mun panggih >> jelemana ku aing digantung huluna!!!!. >> >> Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu tos >> ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku Allah >> Swt, dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin. >> >> >> >> >> >> > >
