Hehehe. Bah Willy jigana uing kaci di-kacuali-keun nya. Inget pangalaman
sorangan, kawinan teh estuning siduru isuk. Cukup kulawarga ti kadua pihak
we harita teh, acarana ge cukup di imah. Alhamdulillah lancar. Ngan memang
mun nitenan kaayaan umumna mah, jiga nu didongengkeun ku Bah Willy.

2011/11/28 Waluya <[email protected]>

> **
>
>
> Ceuk uing mah, "biaya gede" dina pesta kawin (sakapeung mah pesta sunatan
> oge) geus jadi sifat urang Indonesia. Jadi teu aneh lamun pejabatna oge
> ngalakukeun hal nu sarua. Urang Indonesia kelas menengah bawah (jalma
> biasa), lamun kawinan biasana ngondang jelema rata-rata 250-500 urang.
> Ngondang jelema ratusan urang jelas waragadna paling saeutik 20 jutaan.
> Sakanyaho uing, kabeneran pamajikan sok ngurus nu kararitu, rata-rata lamun
> kawinan di gedong di Bandung, paling murah 60-75 juta.
>
> Jadi ceuk kuring mah, kulantaran adat suradatna beda, teu bisa kitu wae
> waragad kawin anak Presiden Indonesia dibandingkeun jeung waragad kawin
> anak presiden Iran. Kuring teu ngarti kumaha adat suradat ngawinkeun urang
> Iran, naha cukup nu datang teh kulawarga deukeut wungkul, hartina ondangan
> paling loba oge 50 urang, atawa abreg-abregan siga di urang. Tapi lamun
> adat suradatna siga di Indonesia, kuring yakin 28 juta teh moal cukup
> ..hehehe
>
> WALUYA
>
> --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
> >
> > Heueh nyah, geus jadi tabiat jalma sakabeh Indonesia (kaasup uing oge
> meureun) utamana pajabat luhur atawa pajabat handap. Gelo hormat jeung Gelo
> kakayaan. Hayang dialem jeung dipupuja, geus sagalana pang "AINGNA". Sagala
> palayanan jeung fasilitas pikeun maranehanana anu ngajabat sok aya tulisan
> SVIP atawa VIP boh asup ka hotel atawa asup ka rumah sakit.
> Kamana-mana mun ngayakeun dines dikawal, super ekstra ketat, jalan
> longsong jeung lancar. Ngayakeun acara nikahkeun lain ceunah jeung beja sok
> meakeun duitna milyaran rupiah, mun dibagikeun ka desa-desa pikeun
> ngembangkeun jeung ngaberdayakeun masyarakat desa, pastina kara 10 desa
> kacumponan (per desa 1 milyar). Heueuh duitna duit manehna, teuing
> meunang timana teu kudu nyaho urang mah. Ari ningali kitu sok jadi panas
> tiris awak Mang Ujang, kusabab boroning hayang mestakeun anakna kawin,
> mayar duit administrasi KUA oge rada bingung.
> > Sok hayang seuri nempo laku lampah para INOHONG / PAJABAT, mun maranehna
> pidato dihareupeun rahayat sok ngumbar janji. Mangrupa janji rek mantu para
> petani, rek mantu para nalayan, rek mantu fasilitas pendidikan jeung
> kasehatan unggal desa jeung sajabana. Mun ngetung presentase janji 100%
> anu diumbar, anu direalisasikeun ngan 5%,  sesana 95% diumbar deui dina
> waktu Pemilu atawa Pemilu KADA tahun hareup. Eta oge mun kapilih ku rahayat.
> > Mun nempo kana fasilitas para pajabat "SVIP & VIP", kira-kira mun
> aya pajabat modar terus asup liang kubur tuluy dijemput ku Malaikat, naha
> Malaikat make pejemputan "SVIP & VIP"?  Sugan kitu para Malaikat pinuh
> hidmat jeung ngabaris ngajemput pajabat si Pulan di alam kubur.
> > Allah SWT berfirman, “Bermegah-megahan telah melalaikan kamu, sampai
> kamu masuk kedalam kubur, janganlah begitu, kelak kamu akan mengetahui
> akibat perbuatanmu†(At-Takatsur: 1-3)
> > Â
> > Â Â Â
> > Â
> >
> > Dari: Oman Abdurahman <omanarah@...>
>
> > Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> > Cc: Ki Sunda <[email protected]>
> > Dikirim: Senin, 28 November 2011 12:50
> > Judul: Re: [kisunda] Dua Resepsi Pernikahan?
> >
> >
> > Â
> > Ngaranna teh beda kumis. Titenan wae nu hiji teu
> > kumisan, nu hiji deui kumisan badag :)
> >
> > Sent from my iPhone
> > Oman Abdurahman
> >
> > On 28 Nov 2011, at 12:47, Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
>

Kirim email ke