jigana mah engkin aya grup nu make ngaran syiah, teras wae diadu kabisa
:-)


________________________________
 Dari: eminx <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Minggu, 18 Desember 2011 22:48
Judul: Re: Bls: [kisunda] Re: sholat
 

  
jaman ayeuna ngaran Sunni teh grup Girl-Band ... marake jilbab ... ,,, tah eta 
mun kolot ngarariung sieun keur badami nyieun Boy-band weh hahahahahahaha


2011/12/17 ilen kardani <[email protected]>

 
>  
>Abah,
>
>
>Bisa dijieun konsepna keur ngamimitian jeung ngawadahan mah, kumpulkeun we 
>saratus urang Sunda keur mitembeyan, jaga sarebu taun kahareup ajaranana 
>meureunan leuwih munel diembohan ku jelema palinter nu miluan eta ajaran. Tapi 
>kuring mah teu pisan-pisan arek culangung ngaku-ngaku Nabi, komo umaku meunang 
>mandat ti Nu Maha Kawasa keur mingpin dunia mah....teu pisan-pisan.
>
>
>Teruskeun deui ah ngomprek Facebook Kisunda....resep didinya mah aya gambaran.
>
>
>
>
>________________________________
> From: Gunawan Yusuf <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Sent: Saturday, December 17, 2011 9:02 AM
>
>Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: sholat
> 
>
> 
>alus ide teh, sok atuh mimitian ku Kang Ilen, komo deui mun Kang Ilen
>Jadi Nabi-na.....
>
>On 12/16/11, ilen kardani <[email protected]> wrote:
>> Sok atuh geura nyarieun Islam versi Sunda ngarah bisa sholat make basa Sunda
>> jeung jarrah naek hajina teu kudu ka Mekah, tapi cukup ka Karang Kamulyan,
>> dalilna mah bejakeun we Nabi Adam teh turuna di Pasundan. Boa-boa bakal
>> ditaluturkeun ku nu umat Islam sadunia ngan pasti urang Saudi mah moal
>> panujueun da bakal leungiteun devisa.
>>
>>
>>
>> ________________________________
>> From: ahsa <[email protected]>
>> To: "[email protected]" <[email protected]>
>> Sent: Friday, December 16, 2011 3:13 PM
>> Subject: Bls: [kisunda] Re: sholat
>>
>>
>>
>> Kang Hasan... jadi urusan Sunni Syiah saleresna mah lain urusan ibadah. Pan
>> nu dilakukeun ku urang Syiah dina shalat sarua jeung Maliki ti mazhab Sunni.
>> Ieu karek ingeut... ceuk ulama mazhab Hanafi, ahlussunah keneh, yen ngucap
>> takbir oge tiasa digentos ku Allahu Adzim, pan hartina mah ngagungkeun
>> Allah. Aranjeuna ngamaknaan Takbir teh ngagungkeun Allah lain ngucapkeun
>> Allahu Akbar. (mazhab Hanafi teh loba diagem di Irak). Pan beda jeung urang
>> di Indonesia. Tah di Turki, jaman Kemal Attarturk, sholat oge babacaan na
>> tiasa dibahasa Turki-keun. Adan oge tiasa ngangge basa daerah cenah. Eta teh
>> di Turki nu kawentar Ahlussunah. Baheula oge pan kantos ribut MUI reh aya
>> shalat fatihah na dibacakeun jeung tarjamah. Urang wetan kitu laku teh atawa
>> saha nya? Aya nu ingeut teu?
>>
>>
>>
>> ________________________________
>> Dari: Ki Hasan <[email protected]>
>> Kepada: [email protected]
>> Dikirim: Jumat, 16 Desember 2011 13:53
>> Judul: Re: [kisunda] Re: ku naon Putu Nabi saw ditelasan? sholat
>>
>>
>>
>> Perkara sidakep jeung lempeng, uing kungsi meunang beja tina ceramah saurang
>> mufti urang Perlis. Ceuk manehna nu wajibna mah takbirna, ari ngangkat
>> leungeuna mah cenah sunah. Aya rekamanana. Inyana ahli sunnah.
>>
>>
>> 2011/12/16 oman abdurahman <[email protected]>
>>
>>
>>>Alesan anu kungsi katarima ku si kuring dina bab "leungeun lempeng ka
>>> handap nalika sholat kieu: Sanggeus ditalungtik hukum dimana nempatkeun
>>> leungeun nalika ngadeg sholat nya aya dua kelompok pendapat. Pendapat anu
>>> kahiji teges2 ngaharamkeun posisi leungeun sidakeup jeung ngudukeun
>>> (mengharuskan) leungeun lempeng ka handap. Sedengkeun pendapat anu kadua
>>> ngahukuman sunah kana posisi leungeun sidakep. Tah dina kaayaan dua
>>> pendapat anu pagedrug (pahareup-hareup kalayan teu bisa diakurkeun atawa
>>> teu bisa diteangan jalan tengahna), nya ushul fiqih mere jalan sangkan
>>> nyokot hukum atawa aturan anu kira2 baris salamet.
>>>
>>>Jelasna kieu: lamun urang dina keur ngadeg sholat leungeun urang sidakep
>>> urang baris meunang pahala sunah lamun saupama aturan anu netelakeun eta
>>> perkara sunah teh eta hukum anu bener mungguh Alloh. Anapon lamun tetela
>>> engke anu bener mungguh Alloh teh aturan atawa hukum anu ngaharamkeun
>>> posisi leungeun sidakep, nya urang malah meunang hukum haram. Tapi
>>> sabalikna, lamun posisi leungeun urang lempeng kahandap alias teu sidakep,
>>> copelna urang teu meunang pahala sunnah nalika hukum anu bener mungguh
>>> Alloh anu netelakeun sidakep teh sunnah; tapi urang henteu kahukuman haram
>>> lamun anu hukum bener mungguh Alloh eta hukum haramna leungeun sidakep.
>>>
>>>Hampura lamun rada lieur macana :) Maksudna mah nyiar jalan anu aman tina
>>> hukum anu pagedrug ngeunaan hiji hal. Sok sanajan kitu, si kuring sholat
>>> kadang2 leungeun sidakep, kadang2 leungeun dilempengkeun. Tiduna mah
>>> mraktekeun "dahulukan akhlak daripada fiqh", tapi teuing ketang upama aya
>>> anu ngalandi lolondokan mah nyerah deh :)
>>>
>>>manar
>>>
>>>
>>>
>>>2011/12/16 [email protected] <[email protected]>
>>>
>>>
>>>
>>>>
>>>>shalat nu model kitu oge dilakukeun ti mazhab maliki. lengeunna leumpeung
>>>> ka handap. pan di urang mah sidakep. jeung sidakepna oge aya dina pas
>>>> bujal, beuteung, gigireun cangkeng.
>>>>
>>>>
>>>
>>
>>
>>
>>
>
>
>


-- 
.................
8-| 8| B-| B|



 

Kirim email ke