He.... Punten, cing beres heula mun ngomentaran. Kuring teu ngarti dina ieu
"urang islam dipaksa ninggalkeun shalat jueng dicaram disundatan".
Abdi ageman na Islam. Justru dua hal eta dilakukeun ku urang Islam. Kaasup
wajib shalat mah, jeung sunatan mah geus ti jaman kangjeng nabi Ibrohim
dilaksanakeunna. Perkawis bade ngaluarkeun urang Sunda nu ageman na Islam
supados lebet Madrais atanapi Aliran Perjalanan, Sunda Wiwitan jeung sajabana,
mangga bae. Ngan kudu sae dina carana. Sok atuh geura iberan yen ageman khas
Sunda di Sunda teh langkung unggul sareng kiat dina paradigma kaagamaan. Didieu
urang ngalakukeun studi kritis agama. Tah ieu nu kahiji.
Nu kaduana, cobi naon alesanna bet Islam dianggap agama urang Arab? Jigana
karesten oge ku Salira mah disebat agama urang Barat/eropa? padahal mah
karesten oge lahir di tanah Arab, palestina. Yahudi oge mun ditilik dina
sajarah lahirna asup agama urang Arab da lahirna dikawasan Mesir nu asup Arab
oge. Jigana Hindu oge kalebet ageman urang India nya. Kumaha tah Hindu nu di
Bali sareng nu aya di sakuliah dunya nu lian ti India? Konghuchu oge disebat
ageman urang Cina nya?
Nu katilu, naon alesanna yen urang Sunda oge kudu boga agama sorangan? jeung
kudu nyepeng ageman nu khas Sunda? Naha aya nu nangtukeun yen Urang Sunda kudu
nganut Sunda Wiwitan, Aliran Perjalanan, atawa Madrais?
Numutkeun simkuring, hubungan geografis jeung agama mah dina konteks budaya dan
perilaku umat beragama. ari perkwis doktrin sareng ajaranna urusan na jeung
Pangeran sareng Nabi. Ageman mah lintas geografis-etnis-bahasa sareng lintas
budaya. Di Sunda, Islam bisa hirup jeung urang Sunda nu Islam oge masih keneh
aya nu ngamumule budaya Sunda. Malihan mah ayana Islam, khazanah Sunda kalebet
dinamis dina perkembangan sejarahna.
Nu kaopat, cing mun leres aya agama di tanah Sunda, kumaha rincian:
1. konsep Tuhan
2. konsep ajaran sareng "kitabsuci"
3. konsep pembawa ajaran
4. konsep saatos hirup di dunya (aya teu?)
sakitu heula. da nu baheula oge geuning teu diwaler :-)
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/