Tos seueur nu nalungtik urusan kabudayaan Sunda, boh budaya badag atawa budaya 
lemesna kaasup kapercayaan kana cepengan hirup. Loba nu geus jaradi doktor 
jeung professor tina alatan nalungtik kasundaan. Sugan pareng ke urang miwarang 
Cep Richmadenda kanggo ngadamel seratan ngeunaan budaya lemes kasundaan, sugan 
we dibere gelar doktor siga nu sejenna terus dipercaya jadi tokoh masyarakat. 
Biasana mun omongan nu kaluar ti doktor/professor mah sok dibenerkeun najan 
saralah oge.



________________________________
 From: Fessy Ratnasari <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Saturday, January 14, 2012 11:54 AM
Subject: Re: Bls: [kisunda] ageman sunda
 

  
teu boleh mencela agama lain ?, saha yg nulis orang islam semah (islam agamana 
orang arab) ?, saha yg nulis orang islam teu usah ka mekah buang duit aja, 
mending nyieun samodel mekah di pasundan ?, kunaon sieun pindah kayakinan ka 
agama nu teu jelas asal usulna, model agama 'kuring', nalar kita masih alus 
bisa bedain yg jelek jeung alus, hanyalah jalma edan nu nyebut barang goreng 
disebut bagus, kalo salira mau fair-play silahkan tulis artikel/ajas 
tujuan/kitab/nabi tentang agama 'kuring' (bukan sunda wiwitan) yg dicipta ku 
madrais/mei sok bandingkeun jeung agama islam

--- Pada Jum, 13/1/12, ilen kardani <[email protected]> menulis:


>Dari: ilen kardani <[email protected]>
>Judul: Re: Bls: [kisunda] ageman sunda
>Kepada:
 "[email protected]" <[email protected]>
>Tanggal: Jumat, 13 Januari, 2012, 9:16 AM
>
>
>  
>Dulurs,
> 
>Ngarah teu seurieus teuing, anggap we mun urang indit ka pasar atawa mall, 
>bakal manggih rupa-rupa barang jeung kadaharan tinggal tangtukeun nu mana anu 
>arek dibeuli/dipake ku urang. Mun teu resep kana hiji barang, ulah 
>dibeuli! Tapi teu meunang ambek-ambekan ka nu ngajual barang pedah urang 
>henteu resep atawa henteu beuki kana barang nu di jual ku si Eta. Pan 
>pangabeuki jelema mah moal sarua, aya nu resep sangu, roti, martabak, 
>surabi................jeung aya oge nu rupa-rupa pangaresepna, siga kuring anu 
>beukian.
> 
>Kitu oge nyinghareupan obrolan ngeunaan ageman, di 'pasar' teh aya rupa-rupa 
>ageman nu masing-masing boga wanda mandiri. Tinggal kumaha urangna kamana arek 
>milih, teu kudu nitah ngabubarkeun ageman nu itu atawa nu ieu pedah urang 
>henteu 'beuki' atawa sieun loba batur anu sapangabeuki pindah kana ageman 
>sejen. Bruk brak bukakeun, da mun barang nu 'dijual' si Eta hade mah tangtu 
>loba nu resepeun, sabalikna mun barang nu dijual si Eta goreng, secara alami 
>oge pasti ditaringgalkeun. Sakabehna bersaing secara 'fair play'.
> 
>Sakitu nun.
> 
>
>
>From: Abbas <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Sent: Friday, January 13, 2012 11:59 AM
>Subject: Re: Bls: [kisunda] ageman sunda
>
>
>  
>Hebat euy si akng albnduni !
>Sok lah diukung ! Masing Al Bandung oge sami wae. Hahahaha
>
>--- In [email protected], "albanduni@..." <albanduni@...> wrote:
>>
>> He.... Punten, cing beres heula mun ngomentaran. Kuring teu ngarti dina ieu 
>> "urang islam dipaksa ninggalkeun shalat jueng dicaram disundatan".
>> 
>> Abdi ageman na Islam. Justru dua hal eta dilakukeun ku urang Islam. Kaasup 
>> wajib shalat mah, jeung sunatan mah geus ti jaman kangjeng nabi Ibrohim 
>> dilaksanakeunna. Perkawis bade ngaluarkeun urang Sunda nu ageman na Islam 
>> supados lebet Madrais atanapi Aliran Perjalanan, Sunda Wiwitan jeung 
>> sajabana, mangga bae. Ngan kudu sae dina carana. Sok atuh geura iberan yen 
>> ageman khas Sunda di Sunda teh langkung unggul sareng kiat dina paradigma 
>> kaagamaan. Didieu urang ngalakukeun studi
 kritis agama.
 Tah ieu nu kahiji.
>> 
>> Nu kaduana, cobi naon alesanna bet Islam dianggap agama urang Arab? Jigana 
>> karesten oge ku Salira mah disebat agama urang Barat/eropa? padahal mah 
>> karesten oge lahir di tanah Arab, palestina. Yahudi oge mun ditilik dina 
>> sajarah lahirna asup agama urang Arab da lahirna dikawasan Mesir nu asup 
>> Arab oge. Jigana Hindu oge kalebet ageman urang India nya. Kumaha tah Hindu 
>> nu di Bali sareng nu aya di sakuliah dunya nu lian ti India? Konghuchu oge 
>> disebat ageman urang Cina nya? 
>> 
>> Nu katilu, naon alesanna yen urang Sunda oge kudu boga agama sorangan? jeung 
>> kudu nyepeng ageman nu khas Sunda? Naha aya nu nangtukeun yen Urang Sunda 
>> kudu nganut Sunda Wiwitan, Aliran Perjalanan, atawa Madrais? 
>> 
>> Numutkeun simkuring, hubungan geografis jeung agama mah dina konteks budaya 
>> dan perilaku umat beragama. ari perkwis doktrin sareng ajaranna urusan na 
>> jeung Pangeran sareng Nabi. Ageman mah lintas
 geografis-etnis-bahasa sareng lintas budaya. Di Sunda, Islam bisa hirup jeung 
urang Sunda nu Islam oge masih keneh aya nu ngamumule budaya Sunda. Malihan mah 
ayana Islam, khazanah Sunda kalebet dinamis dina perkembangan sejarahna. 
>> 
>> Nu kaopat, cing mun leres aya agama di tanah Sunda, kumaha rincian:
>> 1. konsep Tuhan
>> 2. konsep ajaran sareng "kitabsuci"
>> 3. konsep pembawa ajaran
>> 4. konsep saatos hirup di dunya (aya teu?)
>> 
>> sakitu heula. da nu baheula oge geuning teu diwaler :-)
>>
>
>
>
> 
 

Kirim email ke