Haturnuhun... Kang Waluya.
Tapi simkuring pernah studi kasus ka salah sahiji kebatinan Sunda di Bandung nu 
aya di buku eta. Pihak kebatinan teu nampi kana eusi eta buku ku pakait jeung 
kayakinan maranehanna. Terutama, maranehna asa can pernah dikunjungi langsung 
jeung konfirmasi ulang ttg ajaran kebatinan eta nu bakal jadi buku.
Janten, nu kedah dikaji ulang mah materi eta buku Pa Abdulrozak.
Mugia aya info tinu lain, mangga lajeng.
Baktos,
::zya

Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Waluya" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 14 Jan 2012 13:27:13 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] ageman sunda

Ari ti Akademisi mah, ieu salah sahiji bukuna: " TEOLOGI KEBATINAN SUNDA, 
Kajian Antropologi Agama tentang Aliran Kebatinan Perjalanan", Dr. Abdul Rozak, 
PT KIblat Buku Utama, Bandung, Juli 2005. Buku ieu mangrupakeun Thesisna Abdul 
Rozak di UI. Abdul Rozak dosen di UIN Bandung.

Nu menarik kasimpulanana, cenah urang Sunda teh sacara sosio kultural cenderung 
kana KABATINAN, sedengkeun ceuk titenan sosiologis Dadang Kahmad (kolegana di 
UIN) urang Sunda cenderung muslim. Titenan sacara Sosio-kultural leuwih 
ngarepresentasikeun Sunda di jaman baheula, sedengkeun titenan sacara 
sosiologis (Dadang Kahmad) leuwih ngarepresentasikeun Sunda di jaman kiwari. 
Kulantaran kuatna kecenderungan kabatinan di urang Sunda kiwari,  Dr ABdul 
Rozak nyangka yen aya Islamisasi gede-gedean di Jawa Barat, nepika sacara 
temporal (samentara) urang Jawa Barat jadi Muslim. Dr. ABdul Rozak nyarankeun 
Perlu panalungtikan sejen keur ngabuktikeun hal ieu.

Satuju henteu kana kacindekan Dr Abdul Rozak? Nyanggakeun we ka masing-masing 
...

[neda pangapunten lamun uing salah nafsirkeun buku ieu]

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], Ilen Kardani <ilen1017@...> wrote:
>
> Ki Hasan,
> 
> Bakal dipasihan gelar Doktor moal kang? Teu nanaon Honoris Causa oge 
> lah.,hehehe. Sanggakeun we ka urang akademisi ngarah dipercaya ku umum ari 
> kaluarna ti akademisi mah.
> 



Kirim email ke