Agan, Pan loba kalangan akademisi anu nyarieun thesis dumasar kana buku-buku nu geus aya terus nyieun thesis anyar, jadi wayahna lamun nu dijieun referensina salah, kadituna oge bakal salah deui wae, kaasup buku nu di tulis ku kang Abdul Rozak meureunan (asa geus maca tapi poho deui). Patali jeung panalungtikan kana budaya kabatinan Sunda, biasana nu nyepeng eta ajaran moal mere nyaho sagawayah naon nu jadi eusi eta ajaran kajaba ka muridna, antukna nu nyieun panalungtikan ukur ngaraba-raba jeung ngalelebah anu matak lain leuwih atra tapi kalah beuki linglung.
Nu matak di Indonesia loba pisan jelema nu nyarepeng doktor jeung professor tapi tina widang kamajuan angger tinggaleun, punten yeuh ka para wargi anu tos dugi kana level doktor professor. ________________________________ From: Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Saturday, January 14, 2012 10:01 PM Subject: Re: [kisunda] ageman sunda Haturnuhun... Kang Waluya. Tapi simkuring pernah studi kasus ka salah sahiji kebatinan Sunda di Bandung nu aya di buku eta. Pihak kebatinan teu nampi kana eusi eta buku ku pakait jeung kayakinan maranehanna. Terutama, maranehna asa can pernah dikunjungi langsung jeung konfirmasi ulang ttg ajaran kebatinan eta nu bakal jadi buku. Janten, nu kedah dikaji ulang mah materi eta buku Pa Abdulrozak. Mugia aya info tinu lain, mangga lajeng. Baktos, ::zya Rampes™ Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: "Waluya" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 14 Jan 2012 13:27:13 -0000 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] ageman sunda Ari ti Akademisi mah, ieu salah sahiji bukuna: " TEOLOGI KEBATINAN SUNDA, Kajian Antropologi Agama tentang Aliran Kebatinan Perjalanan", Dr. Abdul Rozak, PT KIblat Buku Utama, Bandung, Juli 2005. Buku ieu mangrupakeun Thesisna Abdul Rozak di UI. Abdul Rozak dosen di UIN Bandung. Nu menarik kasimpulanana, cenah urang Sunda teh sacara sosio kultural cenderung kana KABATINAN, sedengkeun ceuk titenan sosiologis Dadang Kahmad (kolegana di UIN) urang Sunda cenderung muslim. Titenan sacara Sosio-kultural leuwih ngarepresentasikeun Sunda di jaman baheula, sedengkeun titenan sacara sosiologis (Dadang Kahmad) leuwih ngarepresentasikeun Sunda di jaman kiwari. Kulantaran kuatna kecenderungan kabatinan di urang Sunda kiwari, Dr ABdul Rozak nyangka yen aya Islamisasi gede-gedean di Jawa Barat, nepika sacara temporal (samentara) urang Jawa Barat jadi Muslim. Dr. ABdul Rozak nyarankeun Perlu panalungtikan sejen keur ngabuktikeun hal ieu. Satuju henteu kana kacindekan Dr Abdul Rozak? Nyanggakeun we ka masing-masing ... [neda pangapunten lamun uing salah nafsirkeun buku ieu] Baktos, WALUYA --- In [email protected], Ilen Kardani <ilen1017@...> wrote: > > Ki Hasan, > > Bakal dipasihan gelar Doktor moal kang? Teu nanaon Honoris Causa oge > lah.,hehehe. Sanggakeun we ka urang akademisi ngarah dipercaya ku umum ari > kaluarna ti akademisi mah. >
