Kang Ilen, jigana aya hadena tah upama eta katerangan ti doktor/profesor ngeunaan agama Sunda, nu dianggap salah ku salira teh, dibahas di dieu.
2012/1/14 ilen kardani <[email protected]> > ** > > > Tos seueur nu nalungtik urusan kabudayaan Sunda, boh budaya badag atawa > budaya lemesna kaasup kapercayaan kana cepengan hirup. Loba nu geus jaradi > doktor jeung professor tina alatan nalungtik kasundaan. Sugan pareng ke > urang miwarang Cep Richmadenda kanggo ngadamel seratan ngeunaan budaya > lemes kasundaan, sugan we dibere gelar doktor siga nu sejenna terus > dipercaya jadi tokoh masyarakat. Biasana mun omongan nu kaluar ti > doktor/professor mah sok dibenerkeun najan saralah oge. > > > ------------------------------ > *From:* Fessy Ratnasari <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Saturday, January 14, 2012 11:54 AM > > *Subject:* Re: Bls: [kisunda] ageman sunda > > > teu boleh mencela agama lain ?, saha yg nulis orang islam semah (islam > agamana orang arab) ?, saha yg nulis orang islam teu usah ka mekah buang > duit aja, mending nyieun samodel mekah di pasundan ?, kunaon sieun pindah > kayakinan ka agama nu teu jelas asal usulna, model agama 'kuring', nalar > kita masih alus bisa bedain yg jelek jeung alus, hanyalah jalma edan nu > nyebut barang goreng disebut bagus, kalo salira mau fair-play silahkan > tulis artikel/ajas tujuan/kitab/nabi tentang agama 'kuring' (bukan sunda > wiwitan) yg dicipta ku madrais/mei sok bandingkeun jeung agama islam > > --- Pada *Jum, 13/1/12, ilen kardani <[email protected]>* menulis: > > > Dari: ilen kardani <[email protected]> > Judul: Re: Bls: [kisunda] ageman sunda > Kepada: "[email protected]" <[email protected]> > Tanggal: Jumat, 13 Januari, 2012, 9:16 AM > > > Dulurs, > > Ngarah teu seurieus teuing, anggap we mun urang indit ka pasar atawa mall, > bakal manggih rupa-rupa barang jeung kadaharan tinggal tangtukeun nu mana > anu arek dibeuli/dipake ku urang. Mun teu resep kana hiji barang, ulah > dibeuli! Tapi teu meunang ambek-ambekan ka nu ngajual barang pedah urang > henteu resep atawa henteu beuki kana barang nu di jual ku si Eta. Pan > pangabeuki jelema mah moal sarua, aya nu resep sangu, roti, martabak, > surabi................jeung aya oge nu rupa-rupa pangaresepna, siga kuring > anu beukian. > > Kitu oge nyinghareupan obrolan ngeunaan ageman, di 'pasar' teh aya > rupa-rupa ageman nu masing-masing boga wanda mandiri. Tinggal kumaha > urangna kamana arek milih, teu kudu nitah ngabubarkeun ageman nu itu atawa > nu ieu pedah urang henteu 'beuki' atawa sieun loba batur anu > sapangabeuki pindah kana ageman sejen. Bruk brak bukakeun, da mun barang nu > 'dijual' si Eta hade mah tangtu loba nu resepeun, sabalikna mun barang nu > dijual si Eta goreng, secara alami oge pasti ditaringgalkeun. Sakabehna > bersaing secara 'fair play'. > > Sakitu nun. > > > *From:* Abbas <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Friday, January 13, 2012 11:59 AM > *Subject:* Re: Bls: [kisunda] ageman sunda > > > Hebat euy si akng albnduni ! > Sok lah diukung ! Masing Al Bandung oge sami wae. Hahahaha > > --- In [email protected], "albanduni@..." <albanduni@...> wrote: > > > > He.... Punten, cing beres heula mun ngomentaran. Kuring teu ngarti dina > ieu "urang islam dipaksa ninggalkeun shalat jueng dicaram disundatan". > > > > Abdi ageman na Islam. Justru dua hal eta dilakukeun ku urang Islam. > Kaasup wajib shalat mah, jeung sunatan mah geus ti jaman kangjeng nabi > Ibrohim dilaksanakeunna. Perkawis bade ngaluarkeun urang Sunda nu ageman na > Islam supados lebet Madrais atanapi Aliran Perjalanan, Sunda Wiwitan jeung > sajabana, mangga bae. Ngan kudu sae dina carana. Sok atuh geura iberan yen > ageman khas Sunda di Sunda teh langkung unggul sareng kiat dina paradigma > kaagamaan. Didieu urang ngalakukeun studi kritis agama. Tah ieu nu kahiji. > > > > Nu kaduana, cobi naon alesanna bet Islam dianggap agama urang Arab? > Jigana karesten oge ku Salira mah disebat agama urang Barat/eropa? padahal > mah karesten oge lahir di tanah Arab, palestina. Yahudi oge mun ditilik > dina sajarah lahirna asup agama urang Arab da lahirna dikawasan Mesir nu > asup Arab oge. Jigana Hindu oge kalebet ageman urang India nya. Kumaha tah > Hindu nu di Bali sareng nu aya di sakuliah dunya nu lian ti India? > Konghuchu oge disebat ageman urang Cina nya? > > > > Nu katilu, naon alesanna yen urang Sunda oge kudu boga agama sorangan? > jeung kudu nyepeng ageman nu khas Sunda? Naha aya nu nangtukeun yen Urang > Sunda kudu nganut Sunda Wiwitan, Aliran Perjalanan, atawa Madrais? > > > > Numutkeun simkuring, hubungan geografis jeung agama mah dina konteks > budaya dan perilaku umat beragama. ari perkwis doktrin sareng ajaranna > urusan na jeung Pangeran sareng Nabi. Ageman mah lintas > geografis-etnis-bahasa sareng lintas budaya. Di Sunda, Islam bisa hirup > jeung urang Sunda nu Islam oge masih keneh aya nu ngamumule budaya Sunda. > Malihan mah ayana Islam, khazanah Sunda kalebet dinamis dina perkembangan > sejarahna. > > > > Nu kaopat, cing mun leres aya agama di tanah Sunda, kumaha rincian: > > 1. konsep Tuhan > > 2. konsep ajaran sareng "kitabsuci" > > 3. konsep pembawa ajaran > > 4. konsep saatos hirup di dunya (aya teu?) > > > > sakitu heula. da nu baheula oge geuning teu diwaler :-) > > > >
