Sapaham... Sesah atuh kenging ajaran kabatinan ari sanés ka murid mah. Kudu aya 
heula ritual. Simkuring pernah,  kedah sadia hayam hideung. Tuluy diruat, hawa 
negatif urang tuluy di ka kayamkeun. Sabada éta hayam dikencarkeun di 
pakarangan, ditéwak ku tatangga, dipeuncit. Na atuh teu kungsi lila, manehna 
panas tiris. -hahaha.

Ari bab Islam Sunda, dina pendekatan tasawuf khususna, kahirupan jeung 
kahuripan Sunda saluyu jeung ajaran Islam.

Margi Sunda mah kurasa, mangga we diraraoskeun, saluyu teu? Upami versi Bagawan 
Sunda Sirna Dirasa, KH. Hasan Mustopa mah, saluyu pisan. Mangga aos hasil 
pemikiranna.

Mangga lajeng.. Goor morning we lah!
Baktos,
::zya.

Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: ilen kardani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 14 Jan 2012 16:13:47 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] ageman sunda

Agan,

Pan loba kalangan akademisi anu nyarieun thesis dumasar kana buku-buku nu geus 
aya terus nyieun thesis anyar, jadi wayahna lamun nu dijieun referensina salah, 
kadituna oge bakal salah deui wae, kaasup buku nu di tulis ku kang Abdul Rozak 
meureunan (asa geus maca tapi poho deui). Patali jeung panalungtikan kana 
budaya kabatinan Sunda, biasana nu nyepeng eta ajaran moal mere nyaho sagawayah 
naon nu jadi eusi eta ajaran kajaba ka muridna, antukna nu nyieun panalungtikan 
ukur ngaraba-raba jeung ngalelebah anu matak lain leuwih atra tapi kalah beuki 
linglung. 


Nu matak di Indonesia loba pisan jelema nu nyarepeng doktor jeung professor 
tapi tina widang kamajuan angger tinggaleun, punten yeuh ka para wargi anu tos 
dugi kana level doktor professor.



________________________________
 From: Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Saturday, January 14, 2012 10:01 PM
Subject: Re: [kisunda] ageman sunda
 

  
Haturnuhun... Kang Waluya.
Tapi simkuring pernah studi kasus ka salah sahiji kebatinan Sunda di Bandung nu 
aya di buku eta. Pihak kebatinan teu nampi kana eusi eta buku ku pakait jeung 
kayakinan maranehanna. Terutama, maranehna asa can pernah dikunjungi langsung 
jeung konfirmasi ulang ttg ajaran kebatinan eta nu bakal jadi buku.
Janten, nu kedah dikaji ulang mah materi eta buku Pa Abdulrozak.
Mugia aya info tinu lain, mangga lajeng.
Baktos,
::zya

Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  "Waluya" <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Sat, 14 Jan 2012 13:27:13 -0000
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] ageman sunda
  
Ari ti Akademisi mah, ieu salah sahiji bukuna: " TEOLOGI KEBATINAN SUNDA, 
Kajian Antropologi Agama tentang Aliran Kebatinan Perjalanan", Dr. Abdul Rozak, 
PT KIblat Buku Utama, Bandung, Juli 2005. Buku ieu mangrupakeun Thesisna Abdul 
Rozak di UI. Abdul Rozak dosen di UIN Bandung.

Nu menarik kasimpulanana, cenah urang Sunda teh sacara sosio kultural cenderung 
kana KABATINAN, sedengkeun ceuk titenan sosiologis Dadang Kahmad (kolegana di 
UIN) urang Sunda cenderung muslim. Titenan sacara Sosio-kultural leuwih 
ngarepresentasikeun Sunda di jaman baheula, sedengkeun titenan sacara 
sosiologis (Dadang Kahmad) leuwih ngarepresentasikeun Sunda di jaman kiwari. 
Kulantaran kuatna kecenderungan kabatinan di urang Sunda kiwari,  Dr ABdul 
Rozak nyangka yen aya Islamisasi gede-gedean di Jawa Barat, nepika sacara 
temporal (samentara) urang Jawa Barat jadi Muslim. Dr. ABdul Rozak nyarankeun 
Perlu panalungtikan sejen keur ngabuktikeun hal ieu.

Satuju henteu kana kacindekan Dr Abdul Rozak? Nyanggakeun we ka masing-masing 
...

[neda pangapunten lamun uing salah nafsirkeun buku ieu]

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], Ilen Kardani <ilen1017@...> wrote:
>
> Ki Hasan,
> 
> Bakal dipasihan gelar Doktor moal kang? Teu nanaon Honoris Causa oge 
> lah.,hehehe. Sanggakeun we ka urang akademisi ngarah dipercaya ku umum ari 
> kaluarna ti akademisi mah.
> 


 

Kirim email ke