wa alaikum salam wr wb,
dina salsilah ibu/rama Syekh Abdul Qodir muara ka Sayidina Hasan wal
Husein, ngenaan carita carita aheng ngenaan anjeuna tiasa rerekaan
jalma tertentu, tapi tiasa oge leres kituna keur Allah mah teu aya nu
teu mungkin, contona nalika zaman nabi nabi Allah nurunkeun muzizat
anu janten salah sahiji ciri Nabi, Nabi Isa tiasa ngahirupkeun mayit,
Nabi Sulaeman tiasa miwarang jin ngawangun istana, Nabi Musa tiasa
melah lautan jst, naha saatosna para nabi teu aya, eta kajadian anu
teu ilahar dina utek manusa teu aya deui ?, jawabna atuh masih aya
contona Khalifah Umar tiasa marentah pasukan muslim nyumput di bukit,
padahal jarakna rebuan mil, Khalifah Abu Bakar anu katuangan  anu
dipake nyuguhan tamu teu seep, malih nambihan padahal teu aya anu
nambihan, Sayidah Fatimah Azzahra, aya kadaharan anu teu kanyahoan
datangna jeung teu beak beak (siga Siti Maryam), Khalifah Ali mah tong
ditanya, kitu oge ka para ulama sanesna, eta disebut karamah, aye deui
kajadian diluar utek manusa kaluar-na ti para tukang teluh, sihir,
contona tukang sihir firaun ngajiaeun kalakay jadi oray, eta disebut
istrijad, kaasup dajjal akhir jaman muncul bisa nyieun usum halodo
sakerejep jadi usum hujan, jalma maot dihirupan jeung sabalikna, baris
nyebar fitnah nu can pernah aya fitnah eta ti jaman nabi adam.
balik deui ka Sayyid Abdul Qodir Jaelani, kaahengan anu muncul di diri
anjeuna, jalaran anjeuna gaduh ahlak nu mulia anu jarang dimiliki ku
manusa sejen, sodaqoh, puguh puasa shalat, zikir, jst, oge anjeuna
sabar narima cocobi ti Gusti Nu Maha Agung dina kasusah, dihina ku
batur, jeung sabar dina nampi cocobi, janten karomah eta muncul
jalaran jalmi eta gaduh amal anu utama duka tahajud, sodaqoh, zikir
atanapi sabar dina nampi cocobi, karomah eta sipatna sanes keur ujub,
riya, komo deui takabur.
tarekat qodiiyah anu muara-na ka Sayidina Ali km, sareng tarekat
naqsabandiyah anu muarana ka Sayidina Abu Bakar ra, ku Syekh Khatib
Sambas digabung janten tarekat Qodiyah wa Naqsabandiyah, di indonesia
disebar ku Syekh Abdul Karim, Tanara, Banten, salah sahiji penerusna
Abah Anom Suryalaya, Tasikmalaya anu sok ngubaran korban narkoba.
kiprah tarekat di indonesia seueur, sapertos Syekh Yusuf Makasar
perang jeung belanda anu diasingkeun ka afrika selatan diditu anjeuna
jadi penyebar islam di afsel, geger cilegon tarekat qodiyah wa
naqsabandiyah, jst.
tah mung sakitu sakaterang abdi ngenaan tarekat, salajengna naha si
Syiah aya aliran tarekat oge, sareng pami aya kumaha jalanna, nuhun
On 2/18/12, Mohammad zen <[email protected]> wrote:
> Assalamualaikum
>
>
> salam wa rahmah
>
> Syiah teu aya sajarahna bersitegang sareng kaum tasawuf kecuali tasawuf anu
> ninggalkeun syareat. Saperti anu ditegor ku Imam Ja'far di Zamanna ka
> kaum sufi anu ninggalkeun syareat saperti shalat.
>
> tapi Abdul qadir Jaelani orang Baghdad irak lamun teu salah sayyid oge, dina
> silsilah tasawufna atawa perguruanana nyambung ka
> Imam Ja'far Shadik as ka Imam Ali as, jadi dina masalah ieu aya pertalian
> anu erat, kecuali
>
> beberapa hal yang berbeda, lamun syiah imam Ja'far sanes ngan
> saukur guru ruhani tapi Imam syareat, imam politik dll, jeung
> diteruskeun nepi ka Imam Mahdi anu 12, tapi kaum tasawuf awal
> nagjadikeun ngan saukur guru ruhani wungkul, bari jeung syareatna
> nyandak sabagean ka Imam Ja'far sabagean kanu sanes.
> Cara pandang taswuf sareng syiah teu aya cara pandang
> mengkafirkan atau nyieun sesuatu anu ngakibatkeun bersitegang. bahkan
> kaum tasawuf mah seueurna ninggalkeun perkara politik. persamaanana
> budaya tina masalah ibadah hampir sami, seueru doana, ziarahna, shalat
> sunnahna, dzikirna, latihan ruhna dll
>
>
> aya oge tarikat satariah anu nyambung nepi ka imam mahdi imam ka 12, tapi
> pengikutna neruskan nepi ka gur2na.
>
>
> Cuman mungkin ari kuring nyalira teu satuju kana carita
> spektakuler anu berlebihan anu diceritakeun ku pengikut abdul qadir
> jaelani, dina buku2na. memang pembahasan ieu bisa dibahas kana elmu filsafat
> irfan. perbandingan persamaan jeung perbedaanana.
>
>
> kesimpulan : salami pependakan simkuring kana perihal tokoh ulama
> irak samodel syeikh teu mendakan persitegang jeung syiah kecuali
> perbandingan dina persamaan jeung perbedaanana. mungkin ku kang GUnawan
> tiasa dibahas pandangan anjeuna atau pandangan pengikutna, urang bahas
> barengan menurut syiah kumaha menurut tasawuf kumaha. kulantaran ari
> syiah irfanna (tasawufna) salain pekerjaan hate jeung ruh , akal oge
> kedah berjalan. jadi ruh kanggo basyirah, aqal kanggu dalil.
>
> saperti halnya Nabi , para imam as oge kitu ayana, ruh na bersih,
> aqalna berjalan, kehidupan bermasyarakat politik dll oge salah sahiji
> bagian.
>
> mangga tiasa dimulai pembahasanana...kang...
>
>
> wassalam
>
>
>
> ________________________________
>  From: "[email protected]" <[email protected]>
> To: [email protected]
> Sent: Friday, February 17, 2012 11:02 PM
> Subject: Re: Bls: [kisunda] Syeikh abdul Qadir Jaelani (Kang Gunawan)
>
>
> Patarosan sae ti kang Gunawan, unten asa encer pisan kang Zen pandangan teh,
> siga nu basa basi. Tiasa langkung jentre?
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ________________________________
>
> From:  Mohammad zen <[email protected]>
> Sender:  [email protected]
> Date: Fri, 17 Feb 2012 06:46:07 -0800 (PST)
> To: [email protected]<[email protected]>
> ReplyTo:  [email protected]
> Subject: Re: Bls: [kisunda] Syeikh abdul Qadir Jaelani (Kang Gunawan)
>
> Semua ulama shaleh komo tasawuf yang dekat sareng ahlulbait dihormati ku
> syiah
> ulama tasawuf jeung syiah seueur saling tukar menukar informasi jeung
> diskusi
> walaupun memang di sebagian masalah berbeda pandangan
>
>
>
>
> ________________________________
>  From: Gunawan Yusuf <[email protected]>
> To: [email protected]
> Sent: Friday, February 17, 2012 4:33 AM
> Subject: Re: Bls: [kisunda] Jangan Bilang Syi'ah Tak Sesat Sebelum Saksikan
> Video, Foto dan Ebook Ini!!
>
> kang Zen, kumaha pandangan syiah ka Syekh Abdul Qodir Jaelani, Bagdad ?
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke