Muhun leres aranjeunana kalebet ulama, bahkan elmuna ngaluhuran ulama-ulama beh 
dieu. Ari abdi mah ngadefinisikeun ulama dina tulisan tadi teh anu salian 
aranjeunana, kan ku abi di qoyidan qoul, da tangtos ari ti sahabat mah sanes 
qoul, tapi atsar (saterang abdi). Maksad abi, perkawis ngatur ieu idghom, ieu 
ikhfa teh naha langsung dicandak tina hadits sareng Qur'an oge? Kapan saur 
sapalih jalmi mah tos aya penjelasan ulama beh dieu anu nafsirkeun hadits 
lantaran teu sadayana faham Hadits, murucunghul weh kitab-kitab koneng di 
pasantren di lembur-lembur (termasuk di Pasantren Abuya Dimyati di Banten). Nya 
Hadits, atuh janten tafsir kana makna Al Qur'an anu oge teu kafaham ku jalmi 
biasa eusi jerona. Kapan panginten definisi Tartil dina ayat anu dituliskeun ku 
Akang teh masih global. 


Nuhun,, 

 
Wassalam
Abdul Qodir Jaelani


________________________________
 Dari: Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>
Kepada: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Dikirim: Kamis, 5 Juli 2012 11:37
Judul: Bls: [kisunda] SAHA WAHABI ETA
 

  
Kang Qodir, naha Sahabat, Tibiin, Tabiit-Tabiin sanes ulama? Jelas ceuk hadits 
ikuti Nabi, Sahabat jeung Tabiin, Tabiit-Tabiin. Anu dimaksud pendapat teh 
masalah taqlid anu kamalinaan, ceuk hiji ulama kitu kekeh kudu kitu, padahal 
aya pendapat-pendapat ulama lain mutabar. Masalah mempelajari Al Qur'an jeung 
Tajwidna jelas hukumna Fardu 'Ain bagi satiap Muslim "Bacalah al Qur'an dengaan 
Tartil", arti tartil pan ngandung harti bener, ari pan kudu nyaho Tajwidna, 
Nahuna oge sakalian Sorofna, kitu tah................

Dari: Abdul Qodir Jaelani <qodir_jael...@yahoo.com>
Kepada: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Dikirim: Kamis, 5 Juli 2012 10:21
Judul: Bls: [kisunda] SAHA WAHABI ETA
 

  
Resep, teraskeun mang... 


Saalit naros, punten interupsi.. 

Pami perkawis ngaos Qur'an ngangge Tajwid di kalangan Wahabi hukumna naon? Pami 
sami hukumna fardlu 'Ain teras cacandakanna tina Hadits Nabi sareng Al Qur'an 
wungkul atanapi Qoul Ulama oge? Hatur nuhun.. 

 
Wassalam
Babagi elmu jeung baraya.. ^_^

Abdul Qodir Jaelani

Dari: Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>
Kepada: wongbanten <wongban...@yahoogroups.com>; "ban...@yahoogroups.com" 
<ban...@yahoogroups.com>; "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Dikirim: Kamis, 5 Juli 2012 11:10
Judul: [kisunda] SAHA WAHABI ETA
 

  
Wahabi
istilah sebutan jalma rea ka jumplukan Salafi. Tulisan ieu rek ngajelaskeun 
sacara
ringkes saha Wahabi eta.
Noong
ka ummat Islam Indonesia anu kiwari aya nyaeta Ahlussunnah wal Jamaah,  kabagi 
dua jumplukkan, nyaeta :
1.      Asy’ariyah anu dipolopori ku Imam
al-Gazali, anu fahammna campur jeung tasawuf (filsafat) jeung make ta’wil. Ieu
faham dianut ku mayoritas NU.
2.      Salafiyah nyaeta qidah opat mazhab
(Hanafi, Maliki, Syafi’I jeung Hambali) anu dikembangkeun ku Ibnu Taimiyah,
Muhammad Abdul Wahab, Rasyid Ridha jeung lain-lain, anu henteu make ta’wil.
Salafiyah
atawa faham Salaf nyaeta hiji kanyataan sajarah anu hirup jeung ngabeukah
(berkembang) sampe ka kiwari. Faham ieu geus nyiliwuri jeung asup ka Indonesia.
Faham Salaf anu aya di Indonesia disebut jumplukan Salafi Ahlussunah Wal
Jamaah. Tulisan
ieu sakadar nyampekeun ngenaan definisi Salafiyah, riwayat jeung
parkembangananan kaitana jeung Imam-Imam Salaf sarta kaidah-kaidah anu dicekel. 
Salafiyah
nyaeta asal tina basa Arab, Salafa atau taqaddama wa sabaqa تقدم و سبق  
(karuhun/anu ti heula).
Dina Lisanul ‘Arab, lafal As-Salaf eta hartina : Golongan anu tiheula…. Dina 
jero
lalampahan hirup…..atawa dina umur, atawa dina kautamaan, atawa (tiheula) dina
jero kapaehana. As-Salaf oge hartina laku lampah anu heula ti manusa. [1].
Nurutkeun
istilah, hartina Salafiyah nyaeta (faham anu) nyekel al Qur’an jeung As-Sunnah
sabage sumber awal pikeun ilmu jeung amal, jeung nyekel pamahaman sahabat Nabi
Saw. ngenaan eusi dua sumber eta, husuna dina masalah Aqidah. Anapon dina segi
panerapan, mangka perjuangan jumplukan Salafiyah anu anyar kadang fokusna kana
perlawanan fanatisme mazhab, jeung nyerukeun pikeun balik ka Al Qur’an jeung
Assunnah [2].
Harti
Salafiyah sacara singket bisa dijentrekeun di handap ieu :
Salafiyah
nyaeta gerakan anu nyoba ngahirupkeun deui ajaran kaum Salaf (Sahabat, Tabi’in,
jeung Tabi’it Tabi’in) anu tujuanna sangkan Ummat Islam balik kana Al Qur’an
jeung hadits sarta ninggalkeun ungkapan atawa pandapat ulama mazhab anu henteu
ngabogaan dasar jeung sagala bid’ah anu nyiliwuri dijerona. Gerakan ieu
dimucunghulkeun ku Ibnu Taimiyah (661-728 H/1263 – 1328 M) [3]. 
Harti
Salafiyah anu leuwih gamblang disebutkeun ku salah saurang panulis abad ieu
nyaeta Muhammad Abdul Hadi Al-Mishri anu ngaku ngahaja nulis buku pikeun
ngadiukkeun Manhaj jeung Aqidah Salaf. Manehna ngungkapkeun, Salaf nyaeta
istilah pikeun Imam-imam tiheula ti tilu generasi awal anu diberkahi Allah,
nyaeta generasi Sahabat, Tabi’in, Tabi’it Tabi’in. Sakumaha dawuhan Rasulallah
Saw. ieu :
خير القرون قرني، ثم الذين يلونهم،
ثم الذين يلونهم، ثم يجيء أقوام تسبق شهادة أحدهم يمينه، ويمينه شهادته.
“Saalus-alus
generasi nyaeta generasi kuring, tuluy jalma-jalma saeunggeusna, tuluy
jalma-jalma saeunggeusna (deui). Terus bakal dating jalma-jalma anu kasaksianna
miheulaan sumpahna, jeung sumpahna miheulaan kasaksianna” (HR. Al Bukhari).
Hanca..................




 

Kirim email ke