salam,

deuk tasawuf deuk filasafat eta teh memperkaya pengetahuan atuh... ulah kajebak 
ku bahasa...
memang kata filsafat diambil tina bahasa yunani, tapi eta sebuah padanan kata 
wungkul anu aslina anu disebatkeun filsafat Islam teh elmu hikmahcuman 
dipadanan jadi falsafah, ku bahasa anu umum, benten deu sajarah falsafah jeung 
filsafat Islam, kuring kantos ngadangu sareng diskusi jueng sabagean orang IAIN 
anu cenah kantos belajar Filasafat, tapi geuningan tara solat, ditilik2 
maranehanana sanes balajar filasafat islam tapi sajarah filsafat barat, ari 
sajarah filsafat teh mempelajari teori pemikiran filosof barat tanpa ningali 
bener salah na atawa tanpa ningali unsur kritikna, nya lamun diteleg mah ngaco 
wae...
tah ari filsafat Islam walaupun dina filsafat islam aya mazhab2 na tapi diawali 
jeung kaidah berpikir, kana hakikat wujud sesuatu, sehingga dimensi kritik 
terus berkembang.
filasafat ieu oge diajarkeun ku nabi jeung imam Ali as, komo deui ku Quran , 
cuman ngagambarkeunana sacara umum 

samodel
Kun Fayakun, lamun secara tekstual, dina hartina Allah membutuhkan waktu kana 
nyiptakeun sasuatu, kulantaran huruf Fa, fungsina kanggo tafri' anu aya saatos 
saacan Fa,
sedangkeun dina ayat lain Allah Swt teu butuh waktu pikeun nyiptakeun sasuatu 
lamun butuh berarti Allah Swt teu Qiyamuhu binafsihi atawa sanes qadir, 
kukituna Allah dina nyiptakeun sagala sasuatu teu butuh waktu, kulantara waktu 
justru makhluk Allah SWt, kukituna lamun mufassir ngan saukur bisa nahwu sharaf 
balaghah wungkul teu ningali sisi bentuk falsafah quran laiinna maka bisa ngaco 
ayana...

contoh lainna Imam Ali as kantos nyarios, 'Dia Maha Bathin tapi tidak sembunyi, 
Dia Maha Dhahir tapi tidak teraba, Dia Maha dekat tapi bukan jarak'' dll 
hal-hal perkara ieu seueur pisan kukituna lamun teu menguasai kaidah filsafat 
jeung pemberisihan bathin (irfan tasawuf) maka ningali Quran atawa ucapan nabi 
jeung para imam teh jiga baca Koran berita wungkul... wah bakal jiga wahabi 
atuh , aya kalimat bunuh , bunuh, aya kalimat Allah boga leungeun , leungeun, 
Allah boga rarai, 


ngan ari filasafat anu dimaksud sejarah filasafat barat mah kuring teu satuju, 
tapi eta oge berguna sanes pikeun diyakinkeun, tapi pikeun ditaliti sejarah , 
latar belakang orang2 barat berpikir filasat barat kumaha cara ngajawabna... 
anu di Iran pelajaran pikeun ngajawab subhat filasat barat disebutna FIlsafat 
modern.

kakurangan tasawuf, tasawuf seueurna teu melampui marhalah (tingkatan) 
penelitian akliah pikeun ningali hakekat, seseuerna ku riadhoh, cuman didieu 
teu bisa jadi hujjah jadi dalil , kulantara riadhoh eta pangalaman pribadi, 
tapi Islam agama Dalil agama hujjah salain ti kekuatan bathin oge kadah aya 
hujjah pikeun disampaikeun ka batur, riadhoh pribadi teu aya ukuranana kana 
perkara bener salah na 


gampangna dina alam wujud hakekat aya petana. lamun lepat bisa lumpat kana 
ngulik JIn, atawa kasaktian jin, walaupun hal eta teu salah2 teuing , walaupun 
sabagean haram hukumna ngan sanes anu diharapkeun ku Jalmi anu mukhlish sabab 
mukhlish tujuanana nyaeta Allah Swt, deuk maot deuk sakti atawa henteu kumaha 
Allah wae...ngan ari makrifat kana iradah Allah anu jadi tujuan utamina.

langkung saenama Irfan, atawa elmu kaarifan anu ngalampahan perkara syar'iyyah, 
akliah, jeung pembersihan bathin oge, jadi teu aya anu dileupaskeun, bathinna 
kedah jero jeung bersih, akalna kedah jadi cahaya, amalna lengkep ku syariat, 
bisa jadi pamimpin umat, ngalawan panjajah islam, ngajar agama, sambil ruhna 
beterbangan menggapai makrifat.

tapi kumaha oge , seueur cara lah bisa balik deui ka Anu Maha Agung mah, deuk 
ku falsafah, deuk ku tasawuf deuik ku syareat, ngan langkung saena mah ku 
sadaya.


wassalam



________________________________
 From: Abdul Qodir Jaelani <qodir_jael...@yahoo.com>
To: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com> 
Sent: Thursday, July 5, 2012 1:32 PM
Subject: Bls: [kisunda] Re: [WongBanten] SAHA WAHABI ETA
 

  
Wah pas visan nyontokeuna. Sok ka Sempur Kang? Abdi caket ti dinya.. 

 
Wassalam
Abdul Qodir Jaelani


________________________________
 Dari: Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@gmail.com>
Kepada: wongban...@yahoogroups.com; kisunda <kisunda@yahoogroups.com> 
Dikirim: Kamis, 5 Juli 2012 16:52
Judul: [kisunda] Re: [WongBanten] SAHA WAHABI ETA
 

  
1. Asy’ariyah, kuring teu patos uninga kana ieu istilah mung sigana leuwih 
condong ka islam tradisional di indonesia loba dianut ku urang nu, imam al 
Ghazali sanes pelpor islam tradisional samemehna oge seueur
2. Golongan islam tradisional oge nganggo alquran, hadits, autsar (ucapan 
sahabat), tabiin, taiin oge, teu kalangkung oge imam syafei, hanafi, jst, teu 
percanten mangga ngalongok ka sababaraha pasantremn tradisional di banten, 
sapertos cidahu (abuya dimyati)
3. sanes wae hadits anu jelas sanadna, oge guru ti para kiai eta anu jelas ka 
saha guguruna tur nepi ka kanjeng nabi, contona mama ajengan sempur purwakarta, 
guguru ka syaikh nawawi albantani, terus...ka luhur nepi ka sahabat jeung nabi, 
jadi sanes asal maca tina buku hungkul, dina pelajaran pasantren aya istial 
ijazah nyaeta legalitas ti guruna yen si murid tos tiasa ngajar salah sahiji 
kitab/hadits, mustahil si murid wani nyesatkeun komo deui ngapirkeun guruna
4. antawis tasawuf jeung filsafat beda kamana mendi, tasawuf mah islam, malihan 
ulamna salaf kaasup imam 4 oge sufi, teu perncanten ke, urang bahas
saena pami bade ngabahas wahabi salafi. islam tradisional ulah kena ajaran 
margina bakal aya khilafiah alias pagetreng gentreng, mendingan dina sajarah wae

2012/7/5 Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>

 
>  
>Wahabi
istilah sebutan jalma rea ka jumplukan Salafi. Tulisan ieu rek ngajelaskeun 
sacara
ringkes saha Wahabi eta.
>Noong
ka ummat Islam Indonesia anu kiwari aya nyaeta Ahlussunnah wal Jamaah,  kabagi 
dua jumplukkan, nyaeta :
>1.      Asy’ariyah anu dipolopori ku Imam
al-Gazali, anu fahammna campur jeung tasawuf (filsafat) jeung make ta’wil. Ieu
faham dianut ku mayoritas NU.
>2.      Salafiyah nyaeta qidah opat mazhab
(Hanafi, Maliki, Syafi’I jeung Hambali) anu dikembangkeun ku Ibnu Taimiyah,
Muhammad Abdul Wahab, Rasyid Ridha jeung lain-lain, anu henteu make ta’wil.
>Salafiyah
atawa faham Salaf nyaeta hiji kanyataan sajarah anu hirup jeung ngabeukah
(berkembang) sampe ka kiwari. Faham ieu geus nyiliwuri jeung asup ka Indonesia.
Faham Salaf anu aya di Indonesia disebut jumplukan Salafi Ahlussunah Wal
Jamaah. Tulisan
ieu sakadar nyampekeun ngenaan definisi Salafiyah, riwayat jeung
parkembangananan kaitana jeung Imam-Imam Salaf sarta kaidah-kaidah anu dicekel. 
>Salafiyah
nyaeta asal tina basa Arab, Salafa atau taqaddama wa sabaqa تقدم و سبق  
(karuhun/anu ti heula).
Dina Lisanul ‘Arab, lafal As-Salaf eta hartina : Golongan anu tiheula…. Dina 
jero
lalampahan hirup…..atawa dina umur, atawa dina kautamaan, atawa (tiheula) dina
jero kapaehana. As-Salaf oge hartina laku lampah anu heula ti manusa. [1].
>Nurutkeun
istilah, hartina Salafiyah nyaeta (faham anu) nyekel al Qur’an jeung As-Sunnah
sabage sumber awal pikeun ilmu jeung amal, jeung nyekel pamahaman sahabat Nabi
Saw. ngenaan eusi dua sumber eta, husuna dina masalah Aqidah. Anapon dina segi
panerapan, mangka perjuangan jumplukan Salafiyah anu anyar kadang fokusna kana
perlawanan fanatisme mazhab, jeung nyerukeun pikeun balik ka Al Qur’an jeung
Assunnah [2].
>Harti
Salafiyah sacara singket bisa dijentrekeun di handap ieu :
>Salafiyah
nyaeta gerakan anu nyoba ngahirupkeun deui ajaran kaum Salaf (Sahabat, Tabi’in,
jeung Tabi’it Tabi’in) anu tujuanna sangkan Ummat Islam balik kana Al Qur’an
jeung hadits sarta ninggalkeun ungkapan atawa pandapat ulama mazhab anu henteu
ngabogaan dasar jeung sagala bid’ah anu nyiliwuri dijerona. Gerakan ieu
dimucunghulkeun ku Ibnu Taimiyah (661-728 H/1263 – 1328 M) [3]. 
>Harti
Salafiyah anu leuwih gamblang disebutkeun ku salah saurang panulis abad ieu
nyaeta Muhammad Abdul Hadi Al-Mishri anu ngaku ngahaja nulis buku pikeun
ngadiukkeun Manhaj jeung Aqidah Salaf. Manehna ngungkapkeun, Salaf nyaeta
istilah pikeun Imam-imam tiheula ti tilu generasi awal anu diberkahi Allah,
nyaeta generasi Sahabat, Tabi’in, Tabi’it Tabi’in. Sakumaha dawuhan Rasulallah
Saw. ieu :
>خير القرون قرني، ثم الذين يلونهم،
ثم الذين يلونهم، ثم يجيء أقوام تسبق شهادة أحدهم يمينه، ويمينه شهادته.
>“Saalus-alus
generasi nyaeta generasi kuring, tuluy jalma-jalma saeunggeusna, tuluy
jalma-jalma saeunggeusna (deui). Terus bakal dating jalma-jalma anu kasaksianna
miheulaan sumpahna, jeung sumpahna miheulaan kasaksianna” (HR. Al Bukhari).
>Hanca..................



 

Kirim email ke