Wah pas visan nyontokeuna. Sok ka Sempur Kang? Abdi caket ti dinya.. 

 
Wassalam
Abdul Qodir Jaelani


________________________________
 Dari: Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@gmail.com>
Kepada: wongban...@yahoogroups.com; kisunda <kisunda@yahoogroups.com> 
Dikirim: Kamis, 5 Juli 2012 16:52
Judul: [kisunda] Re: [WongBanten] SAHA WAHABI ETA
 

  
1. Asy’ariyah, kuring teu patos uninga kana ieu istilah mung sigana leuwih 
condong ka islam tradisional di indonesia loba dianut ku urang nu, imam al 
Ghazali sanes pelpor islam tradisional samemehna oge seueur
2. Golongan islam tradisional oge nganggo alquran, hadits, autsar (ucapan 
sahabat), tabiin, taiin oge, teu kalangkung oge imam syafei, hanafi, jst, teu 
percanten mangga ngalongok ka sababaraha pasantremn tradisional di banten, 
sapertos cidahu (abuya dimyati)
3. sanes wae hadits anu jelas sanadna, oge guru ti para kiai eta anu jelas ka 
saha guguruna tur nepi ka kanjeng nabi, contona mama ajengan sempur purwakarta, 
guguru ka syaikh nawawi albantani, terus...ka luhur nepi ka sahabat jeung nabi, 
jadi sanes asal maca tina buku hungkul, dina pelajaran pasantren aya istial 
ijazah nyaeta legalitas ti guruna yen si murid tos tiasa ngajar salah sahiji 
kitab/hadits, mustahil si murid wani nyesatkeun komo deui ngapirkeun guruna
4. antawis tasawuf jeung filsafat beda kamana mendi, tasawuf mah islam, malihan 
ulamna salaf kaasup imam 4 oge sufi, teu perncanten ke, urang bahas
saena pami bade ngabahas wahabi salafi. islam tradisional ulah kena ajaran 
margina bakal aya khilafiah alias pagetreng gentreng, mendingan dina sajarah wae

2012/7/5 Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>

 
>  
>Wahabi
istilah sebutan jalma rea ka jumplukan Salafi. Tulisan ieu rek ngajelaskeun 
sacara
ringkes saha Wahabi eta.
>Noong
ka ummat Islam Indonesia anu kiwari aya nyaeta Ahlussunnah wal Jamaah,  kabagi 
dua jumplukkan, nyaeta :
>1.      Asy’ariyah anu dipolopori ku Imam
al-Gazali, anu fahammna campur jeung tasawuf (filsafat) jeung make ta’wil. Ieu
faham dianut ku mayoritas NU.
>2.      Salafiyah nyaeta qidah opat mazhab
(Hanafi, Maliki, Syafi’I jeung Hambali) anu dikembangkeun ku Ibnu Taimiyah,
Muhammad Abdul Wahab, Rasyid Ridha jeung lain-lain, anu henteu make ta’wil.
>Salafiyah
atawa faham Salaf nyaeta hiji kanyataan sajarah anu hirup jeung ngabeukah
(berkembang) sampe ka kiwari. Faham ieu geus nyiliwuri jeung asup ka Indonesia.
Faham Salaf anu aya di Indonesia disebut jumplukan Salafi Ahlussunah Wal
Jamaah. Tulisan
ieu sakadar nyampekeun ngenaan definisi Salafiyah, riwayat jeung
parkembangananan kaitana jeung Imam-Imam Salaf sarta kaidah-kaidah anu dicekel. 
>Salafiyah
nyaeta asal tina basa Arab, Salafa atau taqaddama wa sabaqa تقدم و سبق  
(karuhun/anu ti heula).
Dina Lisanul ‘Arab, lafal As-Salaf eta hartina : Golongan anu tiheula…. Dina 
jero
lalampahan hirup…..atawa dina umur, atawa dina kautamaan, atawa (tiheula) dina
jero kapaehana. As-Salaf oge hartina laku lampah anu heula ti manusa. [1].
>Nurutkeun
istilah, hartina Salafiyah nyaeta (faham anu) nyekel al Qur’an jeung As-Sunnah
sabage sumber awal pikeun ilmu jeung amal, jeung nyekel pamahaman sahabat Nabi
Saw. ngenaan eusi dua sumber eta, husuna dina masalah Aqidah. Anapon dina segi
panerapan, mangka perjuangan jumplukan Salafiyah anu anyar kadang fokusna kana
perlawanan fanatisme mazhab, jeung nyerukeun pikeun balik ka Al Qur’an jeung
Assunnah [2].
>Harti
Salafiyah sacara singket bisa dijentrekeun di handap ieu :
>Salafiyah
nyaeta gerakan anu nyoba ngahirupkeun deui ajaran kaum Salaf (Sahabat, Tabi’in,
jeung Tabi’it Tabi’in) anu tujuanna sangkan Ummat Islam balik kana Al Qur’an
jeung hadits sarta ninggalkeun ungkapan atawa pandapat ulama mazhab anu henteu
ngabogaan dasar jeung sagala bid’ah anu nyiliwuri dijerona. Gerakan ieu
dimucunghulkeun ku Ibnu Taimiyah (661-728 H/1263 – 1328 M) [3]. 
>Harti
Salafiyah anu leuwih gamblang disebutkeun ku salah saurang panulis abad ieu
nyaeta Muhammad Abdul Hadi Al-Mishri anu ngaku ngahaja nulis buku pikeun
ngadiukkeun Manhaj jeung Aqidah Salaf. Manehna ngungkapkeun, Salaf nyaeta
istilah pikeun Imam-imam tiheula ti tilu generasi awal anu diberkahi Allah,
nyaeta generasi Sahabat, Tabi’in, Tabi’it Tabi’in. Sakumaha dawuhan Rasulallah
Saw. ieu :
>خير القرون قرني، ثم الذين يلونهم،
ثم الذين يلونهم، ثم يجيء أقوام تسبق شهادة أحدهم يمينه، ويمينه شهادته.
>“Saalus-alus
generasi nyaeta generasi kuring, tuluy jalma-jalma saeunggeusna, tuluy
jalma-jalma saeunggeusna (deui). Terus bakal dating jalma-jalma anu kasaksianna
miheulaan sumpahna, jeung sumpahna miheulaan kasaksianna” (HR. Al Bukhari).
>Hanca..................

 

Kirim email ke