Bapa abdi ti wanayasa

2012/7/5 Abdul Qodir Jaelani <qodir_jael...@yahoo.com>

> **
>
>
> Wah pas visan nyontokeuna. Sok ka Sempur Kang? Abdi caket ti dinya..
>
> Wassalam
> Abdul Qodir Jaelani
>
>   ------------------------------
> *Dari:* Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@gmail.com>
> *Kepada:* wongban...@yahoogroups.com; kisunda <kisunda@yahoogroups.com>
> *Dikirim:* Kamis, 5 Juli 2012 16:52
> *Judul:* [kisunda] Re: [WongBanten] SAHA WAHABI ETA
>
>
> 1. Asy’ariyah, kuring teu patos uninga kana ieu istilah mung sigana leuwih
> condong ka islam tradisional di indonesia loba dianut ku urang nu, imam al
> Ghazali sanes pelpor islam tradisional samemehna oge seueur
> 2. Golongan islam tradisional oge nganggo alquran, hadits, autsar (ucapan
> sahabat), tabiin, taiin oge, teu kalangkung oge imam syafei, hanafi, jst,
> teu percanten mangga ngalongok ka sababaraha pasantremn tradisional di
> banten, sapertos cidahu (abuya dimyati)
> 3. sanes wae hadits anu jelas sanadna, oge guru ti para kiai eta anu jelas
> ka saha guguruna tur nepi ka kanjeng nabi, contona mama ajengan sempur
> purwakarta, guguru ka syaikh nawawi albantani, terus...ka luhur nepi ka
> sahabat jeung nabi, jadi sanes asal maca tina buku hungkul, dina pelajaran
> pasantren aya istial ijazah nyaeta legalitas ti guruna yen si murid tos
> tiasa ngajar salah sahiji kitab/hadits, mustahil si murid wani nyesatkeun
> komo deui ngapirkeun guruna
> 4. antawis tasawuf jeung filsafat beda kamana mendi, tasawuf mah islam,
> malihan ulamna salaf kaasup imam 4 oge sufi, teu perncanten ke, urang bahas
> saena pami bade ngabahas wahabi salafi. islam tradisional ulah kena ajaran
> margina bakal aya khilafiah alias pagetreng gentreng, mendingan dina
> sajarah wae
> 2012/7/5 Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>
>
> **
>
>   Wahabi istilah sebutan jalma rea ka jumplukan Salafi. Tulisan ieu rek
> ngajelaskeun sacara ringkes saha Wahabi eta.****
> Noong ka ummat Islam Indonesia anu kiwari aya nyaeta Ahlussunnah wal
> Jamaah,  kabagi dua jumplukkan, nyaeta :****
> 1.      Asy’ariyah anu dipolopori ku Imam al-Gazali, anu fahammna campur
> jeung tasawuf (filsafat) jeung make ta’wil. Ieu faham dianut ku mayoritas
> NU.****
> 2.      Salafiyah nyaeta qidah opat mazhab (Hanafi, Maliki, Syafi’I jeung
> Hambali) anu dikembangkeun ku Ibnu Taimiyah, Muhammad Abdul Wahab, Rasyid
> Ridha jeung lain-lain, anu henteu make ta’wil.****
> Salafiyah atawa faham Salaf nyaeta hiji kanyataan sajarah anu hirup jeung
> ngabeukah (berkembang) sampe ka kiwari. Faham ieu geus nyiliwuri jeung asup
> ka Indonesia. Faham Salaf anu aya di Indonesia disebut jumplukan Salafi
> Ahlussunah Wal Jamaah. Tulisan ieu sakadar nyampekeun ngenaan definisi
> Salafiyah, riwayat jeung parkembangananan kaitana jeung Imam-Imam Salaf
> sarta kaidah-kaidah anu dicekel.** **
> Salafiyah nyaeta asal tina basa Arab, Salafa atau taqaddama wa sabaqa تقدم
> و سبق  (karuhun/anu ti heula). Dina Lisanul ‘Arab, lafal As-Salaf eta
> hartina : Golongan anu tiheula…. Dina jero lalampahan hirup…..atawa dina
> umur, atawa dina kautamaan, atawa (tiheula) dina jero kapaehana. As-Salaf
> oge hartina laku lampah anu heula ti manusa. [1].****
> Nurutkeun istilah, hartina Salafiyah nyaeta (faham anu) nyekel al Qur’an
> jeung As-Sunnah sabage sumber awal pikeun ilmu jeung amal, jeung nyekel
> pamahaman sahabat Nabi Saw. ngenaan eusi dua sumber eta, husuna dina
> masalah Aqidah. Anapon dina segi panerapan, mangka perjuangan jumplukan
> Salafiyah anu anyar kadang fokusna kana perlawanan fanatisme mazhab, jeung
> nyerukeun pikeun balik ka Al Qur’an jeung Assunnah [2].****
> Harti Salafiyah sacara singket bisa dijentrekeun di handap ieu :****
> Salafiyah nyaeta gerakan anu nyoba ngahirupkeun deui ajaran kaum Salaf
> (Sahabat, Tabi’in, jeung Tabi’it Tabi’in) anu tujuanna sangkan Ummat Islam
> balik kana Al Qur’an jeung hadits sarta ninggalkeun ungkapan atawa pandapat
> ulama mazhab anu henteu ngabogaan dasar jeung sagala bid’ah anu nyiliwuri
> dijerona. Gerakan ieu dimucunghulkeun ku Ibnu Taimiyah (661-728 H/1263 –
> 1328 M) [3]. ****
> Harti Salafiyah anu leuwih gamblang disebutkeun ku salah saurang panulis
> abad ieu nyaeta Muhammad Abdul Hadi Al-Mishri anu ngaku ngahaja nulis buku
> pikeun ngadiukkeun Manhaj jeung Aqidah Salaf. Manehna ngungkapkeun, Salaf
> nyaeta istilah pikeun Imam-imam tiheula ti tilu generasi awal anu diberkahi
> Allah, nyaeta generasi Sahabat, Tabi’in, Tabi’it Tabi’in. Sakumaha dawuhan
> Rasulallah Saw. ieu :****
> خير القرون قرني، ثم الذين يلونهم، ثم الذين يلونهم، ثم يجيء أقوام تسبق
> شهادة أحدهم يمينه، ويمينه شهادته.****
> “Saalus-alus generasi nyaeta generasi kuring, tuluy jalma-jalma
> saeunggeusna, tuluy jalma-jalma saeunggeusna (deui). Terus bakal dating
> jalma-jalma anu kasaksianna miheulaan sumpahna, jeung sumpahna miheulaan
> kasaksianna” (HR. Al Bukhari).****
> Hanca..................
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke