Kang punten, da kuring mah urang Sunda lembur (kampung) teu pati apal kana kecap Onjoy sareng Waskita. Ari dilembur kuring Onjoy sareng Waskita teh ngaran jalma Naha Onjoy teh hartosna masalah sareng Waskita hartosna jago?
Nuhun 2012/9/11 Abbas Amin <[email protected]> > ** > > > > Jalma, teu nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal > ngajelaskeun masalahna. Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu > ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma. > > > “Jang Jalma; bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget > oge lantaran elmu nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi > salian ti memang geus ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang > Jalma geus ngabentengan diri sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu > ngahaja tarung jeung Ki Busro; jadi we eta pertahanan kabobol; lantaran > dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal ieu Ki Busro teu salah, da teu > apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak sakti Jaya Ludira .” > > > Ki Padmarasa nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar > jeung eureun eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma > terus we saregep ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa. > > > “Eta Elmu teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan > tanaga Jaya Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya > Ludira; di dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu > dibikeun ka Ujang …” Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung . > > “Salian ti Ujang diubaran ku Bapa di dieu …” Ki Padmarasa nuluykeun > caritana.”Ujang ge geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra > lantaran pangaruh ubar, jadi ujang mah teu sadar.” Ki Padmarasa eureun deui > nyaritana. Jalma tetep teu riuk2, teu tatanya, saregep we terus. > > > “Tah Bapa mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna; > da eta dua tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung; > mimitina tanaga Ujang kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubar…” Ki Padmarasa > eureun deui sakeudeung. > > > “Tanaga jero Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki > diubaran , tanaga Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki > kuat.” > > > > Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara sadar, naon sababna waktu > mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana mah enya eta tanaga teh > ngabahayakeun pisan. > > > “Tah waktu ku Bapa dibantu … “ Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta > dua tanaga teh ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !” > eureun deui Ki Padmarasa. > > > Ku sabab panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih …. Bapak > kaget pisan … malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu > dua ! Bapa Kacida kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa > ngeureunan oge nyalurkeun tanaga jero.” > > > HANCA > > > -- ngajengjehe
