Hahahaha ... tanaga jero nu awalna tina latihaan napas bisa oge dipake ngirim ti kajauhan ku ngabayangkeun imah nu ku urang rek dikirim; tapi dduka hasil teuna mah; carana salian ti olah napas jeung diuk samedi oge olah pikiran; tah tjukeun aliran napas urang jeuyng "kahaayang" urang ka na bayangan imah nu rek dituju.
Nyageurkeun jelema cenah ku dicabak terus make aliran napas terus pikiran ngontrol kahayang kirim ka nu nyeri. Tapi tangtos we kedah kasartaan ku tanaga batin/jerona; ari cetek keneh mah nya moal tiasa. --- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote: > > lieur bah Aa uing mah ngabandungan 3 tanaga jero nu keur diaradu, terus > naghiji jadi kakuatan mang Jalma...mening ngadepong deui we ah > > > ________________________________ > Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda > <[email protected]> > Dikirim: Selasa, 11 September 2012 11:36 > Judul: [kisunda] Cersil Sunda 283 > > >  > > > Jalma, teu > nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal ngajelaskeun masalahna. > Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu > ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma. > > âJang Jalma; > bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget oge lantaran > elmu > nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi salian ti memang geus > ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang Jalma geus ngabentengan diri > sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu ngahaja tarung jeung Ki Busro; > jadi > we eta pertahanan kabobol; lantaran dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal ieu > Ki Busro teu salah, da teu apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak sakti > Jaya Ludira .â > > Ki Padmarasa > nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar jeung eureun > eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma terus we saregep > ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa. > > âEta Elmu > teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan tanaga Jaya > Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya Ludira; di > dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu dibikeun ka > Ujang > â¦â Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung . > âSalian ti > Ujang diubaran ku Bapa di dieu â¦â Ki Padmarasa nuluykeun > caritana.âUjang ge > geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra lantaran pangaruh ubar, jadi > ujang mah teu sadar.â Ki Padmarasa eureun deui nyaritana. Jalma tetep teu > riuk2, teu tatanya, saregep we terus. > > âTah Bapa > mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna; da eta dua > tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung; mimitina tanaga Ujang > kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubarâ¦â Ki Padmarasa eureun deui > sakeudeung. > > âTanaga jero > Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki diubaran , tanaga > Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki kuat.â >  > > Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara > sadar, naon sababna waktu mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana mah > enya eta tanaga teh ngabahayakeun pisan. > > âTah waktu > ku Bapa dibantu ⦠â Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta dua > tanaga teh > ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !â eureun deui Ki > Padmarasa. > > Ku sabab > panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih â¦. Bapak kaget > pisan ⦠> malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu dua ! Bapa Kacida > kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa ngeureunan oge > nyalurkeun tanaga jero.â > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
