Sigana Jalma disiapkeun pikeun nyanghareupan musuh anu luhung elmuna. Moal sagawayah tanaga jero Jalma anu bisa nyedot tanaga batur, upama teu aya mangpaatna. Sigana carita bisa tambah rame. Saha musuh/lawan jalma anu elmuna luhung? Kumaha jujutanana jeung Noni Walanda? Naha Jalma bakal nyanghareupan tangtara Walanda, masih jadi tanda tanya. Tapi sigana mangsa harita (tahun 1928 -1945) anu ngagedur sumanget nasionalisme, bakal kaalaman oge ku Jalma. Naha Jalma bakal jadi salah sahiji tangtara Hisbullah atawa tangtara rahayat? Asana bakal leuwih rame upama Jalma asup kana periode romantisme revolusi. Kumaha Bah AA, naha tiasa carios Jalma digilekkeun ka masa revolusi. Mangkaning sakedap deui teh dugi sasih Oktober sareng November. Pan dua sasih eta teh pikeun urang Indonesia mah sasih anu bersejarah.
Baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Monday, September 10, 2012 9:36 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 283 Jalma, teu nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal ngajelaskeun masalahna. Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma. “Jang Jalma; bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget oge lantaran elmu nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi salian ti memang geus ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang Jalma geus ngabentengan diri sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu ngahaja tarung jeung Ki Busro; jadi we eta pertahanan kabobol; lantaran dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal ieu Ki Busro teu salah, da teu apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak sakti Jaya Ludira .” Ki Padmarasa nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar jeung eureun eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma terus we saregep ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa. “Eta Elmu teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan tanaga Jaya Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya Ludira; di dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu dibikeun ka Ujang …” Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung . “Salian ti Ujang diubaran ku Bapa di dieu …” Ki Padmarasa nuluykeun caritana.”Ujang ge geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra lantaran pangaruh ubar, jadi ujang mah teu sadar.” Ki Padmarasa eureun deui nyaritana. Jalma tetep teu riuk2, teu tatanya, saregep we terus. “Tah Bapa mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna; da eta dua tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung; mimitina tanaga Ujang kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubar…” Ki Padmarasa eureun deui sakeudeung. “Tanaga jero Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki diubaran , tanaga Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki kuat.” Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara sadar, naon sababna waktu mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana mah enya eta tanaga teh ngabahayakeun pisan. “Tah waktu ku Bapa dibantu … “ Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta dua tanaga teh ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !” eureun deui Ki Padmarasa. Ku sabab panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih …. Bapak kaget pisan … malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu dua ! Bapa Kacida kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa ngeureunan oge nyalurkeun tanaga jero.” HANCA
