Rada lieur kirang ngarti tah; patarosan sing jelas atuh . Kapaan Jalmaa teh 
memang geus boga tanaga jero sorangan ?

--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> supaya tanaga jero kaluar teh pan kudu dilatih ku olah nafas nya bah. tah 
> baheula kungsi nempo aya jalma, cenah bisa ngajadikeun jalma nu teu bisa 
> ngaluarkeun tanaga jero jadi bisa ngaluarkeun tanaga jero. naha enya?   
> terus kumaha tah hubunganna jalma nu dieusian jin ujug-ujug bisa ngaluarkeun 
> tanaga jero?
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas <abas_amin08@...>
> Kepada: [email protected] 
> Dikirim: Selasa, 11 September 2012 20:03
> Judul: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 283
>  
> 
>   
> Hahahaha ... tanaga jero nu awalna tina latihaan napas bisa oge dipake ngirim 
> ti kajauhan ku ngabayangkeun imah nu ku urang rek dikirim; tapi dduka hasil 
> teuna mah; carana salian ti olah napas jeung diuk samedi oge olah pikiran; 
> tah tjukeun aliran napas urang jeuyng "kahaayang" urang ka na bayangan imah 
> nu rek dituju.
> 
> Nyageurkeun jelema cenah ku dicabak terus make aliran napas terus pikiran 
> ngontrol kahayang kirim ka nu nyeri. Tapi tangtos we kedah kasartaan ku 
> tanaga batin/jerona; ari cetek keneh mah nya moal tiasa.
> 
> --- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@> wrote:
> >
> > lieur bah Aa uing mah ngabandungan 3 tanaga jero nu keur diaradu, terus 
> > naghiji jadi kakuatan mang Jalma...mening ngadepong deui we ah
> > 
> > 
> > ________________________________
> >  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> > <[email protected]> 
> > Dikirim: Selasa, 11 September 2012 11:36
> > Judul: [kisunda] Cersil Sunda 283
> > 
> > 
> >   
> > 
> > 
> > Jalma, teu
> > nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal ngajelaskeun 
> > masalahna.  Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu
> > ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma.
> > 
> > “Jang Jalma;
> > bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget oge lantaran 
> > elmu
> > nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi salian ti memang geus
> > ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang Jalma geus ngabentengan 
> > diri
> > sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu ngahaja tarung jeung Ki Busro; 
> > jadi
> > we eta pertahanan kabobol; lantaran dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal 
> > ieu
> > Ki Busro teu salah, da teu apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak 
> > sakti
> > Jaya Ludira .”
> > 
> > Ki Padmarasa
> > nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar jeung eureun
> > eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma terus we 
> > saregep
> > ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa.
> > 
> > “Eta Elmu
> > teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan tanaga Jaya
> > Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya Ludira; di
> > dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu dibikeun 
> > ka Ujang
> > …” Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung .
> > “Salian ti
> > Ujang diubaran ku Bapa di dieu …” Ki Padmarasa nuluykeun 
> > caritana.”Ujang ge
> > geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra lantaran pangaruh ubar, 
> > jadi
> > ujang mah teu sadar.” Ki Padmarasa eureun deui nyaritana. Jalma tetep teu
> > riuk2, teu tatanya, saregep we terus.
> > 
> > “Tah Bapa
> > mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna; da eta dua
> > tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung; mimitina tanaga 
> > Ujang
> > kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubar…” Ki Padmarasa eureun deui 
> > sakeudeung.
> > 
> > “Tanaga jero
> > Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki diubaran , 
> > tanaga
> > Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki kuat.”
> >  
> > 
> > Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara
> > sadar, naon sababna waktu mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana 
> > mah
> > enya eta tanaga teh ngabahayakeun pisan.
> > 
> > “Tah waktu
> > ku Bapa dibantu … “ Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta dua 
> > tanaga teh
> > ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !” eureun deui Ki
> > Padmarasa.
> > 
> > Ku sabab
> > panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih …. Bapak kaget 
> > pisan …
> > malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu dua ! Bapa 
> > Kacida
> > kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa ngeureunan oge
> > nyalurkeun tanaga jero.”
> > 
> > HANCA
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke