Memang lamun tos dikembangkeun mah tanaga jero teh bakal kitu.
Eta mah sanes pangaruh mangaruhanan. Sarengna deui kuring mah ampir tara we 
maca Kho Ping Hoo teh; da sarua tukang ngaraang LOKAL Cersil oge.


--- In [email protected], Budi Setiadi <budiaje@...> wrote:
>
> eta mah jigana bah AA kapangaruhan carita silat kho ping hoo, dimana boga 
> lakonna pasti sok meunang 
> 
> elmu atawa tanaga jero anu datangna teu kahaja.
> 
> dua tanaga anu berlawanan tapi akhirna ngahiji jadi tanaga sakti nu taya 
> duana.
> 
> panginten kitu bah.
> 
>  
> salam,
> budi
> 
> 
> 
> 
> From: Narayana Adipranata <narayana_thea@...>
> To: "[email protected]" <[email protected]> 
> Sent: Tuesday, 11 September 2012 12:03 PM
> Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 283
>  
> 
>   
> lieur bah Aa uing mah ngabandungan 3 tanaga jero nu keur diaradu, terus 
> naghiji jadi kakuatan mang Jalma...mening ngadepong deui we ah
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Selasa, 11 September 2012 11:36
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 283
>  
> 
>   
> 
> 
> Jalma, teu
> nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal ngajelaskeun masalahna.  
> Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu
> ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma.
> 
> “Jang Jalma;
> bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget oge lantaran 
> elmu
> nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi salian ti memang geus
> ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang Jalma geus ngabentengan diri
> sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu ngahaja tarung jeung Ki Busro; 
> jadi
> we eta pertahanan kabobol; lantaran dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal ieu
> Ki Busro teu salah, da teu apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak sakti
> Jaya Ludira .”
> 
> Ki Padmarasa
> nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar jeung eureun
> eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma terus we saregep
> ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa.
> 
> “Eta Elmu
> teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan tanaga Jaya
> Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya Ludira; di
> dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu dibikeun ka 
> Ujang
> …” Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung .
> “Salian ti
> Ujang diubaran ku Bapa di dieu …” Ki Padmarasa nuluykeun 
> caritana.”Ujang ge
> geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra lantaran pangaruh ubar, jadi
> ujang mah teu sadar.” Ki Padmarasa eureun deui nyaritana. Jalma tetep teu
> riuk2, teu tatanya, saregep we terus.
> 
> “Tah Bapa
> mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna; da eta dua
> tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung; mimitina tanaga Ujang
> kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubar…” Ki Padmarasa eureun deui 
> sakeudeung.
> 
> “Tanaga jero
> Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki diubaran , tanaga
> Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki kuat.”
>  
> 
> Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara
> sadar, naon sababna waktu mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana mah
> enya eta tanaga teh ngabahayakeun pisan.
> 
> “Tah waktu
> ku Bapa dibantu … “ Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta dua 
> tanaga teh
> ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !” eureun deui Ki
> Padmarasa.
> 
> Ku sabab
> panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih …. Bapak kaget 
> pisan …
> malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu dua ! Bapa Kacida
> kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa ngeureunan oge
> nyalurkeun tanaga jero.”
> 
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke