eta mah jigana bah AA kapangaruhan carita silat kho ping hoo, dimana boga 
lakonna pasti sok meunang 

elmu atawa tanaga jero anu datangna teu kahaja.

dua tanaga anu berlawanan tapi akhirna ngahiji jadi tanaga sakti nu taya duana.

panginten kitu bah.

 
salam,
budi




From: Narayana Adipranata <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Tuesday, 11 September 2012 12:03 PM
Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 283
 

  
lieur bah Aa uing mah ngabandungan 3 tanaga jero nu keur diaradu, terus naghiji 
jadi kakuatan mang Jalma...mening ngadepong deui we ah


________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 11 September 2012 11:36
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 283
 

  


Jalma, teu
nanya naon onjoyna teh; da yakin Ki Padmarasa bakal ngajelaskeun masalahna.  
Jalma ngabandungan we bari saregep. Hal ieu
ngalantarankeun Guru nu sakitu waskitana teh resep ka ieu si Jalma.

“Jang Jalma;
bapa teh geus mariksa elmu nu dicekel ku sampeyan; bapa kaget oge lantaran elmu
nu dicekel ku sampeyan teh tanagna kuat pisan; jadi salian ti memang geus
ditulungan mimiti ku Nyi Padmini, oge tanaga Jang Jalma geus ngabentengan diri
sampeyan sorangan; tapi ku sabab harita teu ngahaja tarung jeung Ki Busro; jadi
we eta pertahanan kabobol; lantaran dipake ngalayanan Ki Busro. Di na hal ieu
Ki Busro teu salah, da teu apaleun yen sampeyan geus kakeunaan ku tapak sakti
Jaya Ludira .”

Ki Padmarasa
nyaritana enya ge panjang; tapi sakecap sakecap; bari sabar jeung eureun
eureunan , nempo kaharti henteuna ku Jalma; sedengkeun Jalma terus we saregep
ngabandungan, naon nu keur diucapkeun ku Ki Padmarasa.

“Eta Elmu
teh nu dicekel ku sampeyan, ku sabab geus milu perang ngalawan tanaga Jaya
Ludira; jadi sacara ajaib ngagulung ngahiji jeung eta Ilmu Jaya Ludira; di
dieu Bapa hese nerangkeunana. Ku sabab sakitu, salian ti obat nu dibikeun ka 
Ujang
…” Ki Padmarasa eureun heula sakeudeung .
“Salian ti
Ujang diubaran ku Bapa di dieu …” Ki Padmarasa nuluykeun caritana.”Ujang ge
geus dibantu ku bapa waktu ujang keur sare tibra lantaran pangaruh ubar, jadi
ujang mah teu sadar.” Ki Padmarasa eureun deui nyaritana. Jalma tetep teu
riuk2, teu tatanya, saregep we terus.

“Tah Bapa
mah ngan saukur ngalempengkeun supaya ulah lila teuing diaduna; da eta dua
tanaga nu aya di diri Ujang teh, masih neruskeun tarung; mimitina tanaga Ujang
kadesek pisan; tapi ku pangaruh ubar…” Ki Padmarasa eureun deui sakeudeung.

“Tanaga jero
Ujang ngalawan deui; tanaga Jaya Ludira rada katahan; beuki diubaran , tanaga
Jaya Ludira beuki ngorotan, sabalikna tanaga Ujang beuki kuat.”
 

Ki Padmarasa eureun deui, Jalma ayeuna kakara
sadar, naon sababna waktu mimiti ngalatih napas, kacida hararesena; rupana mah
enya eta tanaga teh ngabahayakeun pisan.

“Tah waktu
ku Bapa dibantu … “ Ki Padma rasa eureun deui, narik napas. Eta dua tanaga teh
ayeuna mah ngalawan ngahiji ngahalangan tanaga Bapa !” eureun deui Ki
Padmarasa.

Ku sabab
panasaran, bapa terus we nambahan tanaga deui ! Tapi ih …. Bapak kaget pisan …
malah tanaga bapa jadi milu abus nyampur jeung tanaga eta nu dua ! Bapa Kacida
kagetna; untung we ahirna eureun sorangan; lantaran bapa ngeureunan oge
nyalurkeun tanaga jero.”

HANCA
  


 

Kirim email ke