Bah AA, upami sim kuring kenging usul mah, kumaha upami tapsirna dilengkepan ku 
hadits-hadits anu ngarojong eta ayat Quran anu ditafsirkeun. Supados tafsiran 
kiwari bah AA kalengkepan ku katerangan haditsna? Punten upami panyungkeuna 
ngarepotkeun :)

Hatur Nuhun 


Febi Ahmad Hazairin
==============



________________________________
 Von: "[email protected]" <[email protected]>
An: kisunda <[email protected]> 
Gesendet: 19:13 Montag, 1.Juli 2013
Betreff: Re: [kisunda] Tafsir Qur_an Sunda
 


  
KO mu teu lepat harita sasih siam, rada intensif oge. Tapi tos syawal mah reup 
deui nya. Atuh tarekah bah Abbas ke sugan lebet romadon rada nyalse urang 
raramean deui ngagarap. Insya Allah.
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  oman abdurahman <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Sun, 30 Jun 2013 05:02:08 +0700
To: [email protected]<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Tafsir Qur_an Sunda
  
Abah Abbas,


Mangga, dilaju wae eta hanca garapan "narjamahkeun" Al Qur'an kana basa Sunda. 
Ti heula, si kuring sabalad-balad (kaasup Ki Hasa jeung kang Tirta oge nu 
sejenna), kungsi oge ngeureuyeuh eta garapan, ngan nyakitu, masih kaasup anu 
sumanget di awal tea, tapi kadieunakeun reup deui pareum. Naon anu ku si kuring 
ditepikeun sakadar ngingetkeun yen naon anu dipigawe teh masih dina tataran 
tarjamahan atawa narjamahkeun, kitu oge upama seja dipedalkeun resmi mah 
tangtuna kudu diilo deui, boh tina soal basa-na atawa tarjamahan anu ngait kana 
tafsir (pasoalan panujulan, jsb).


manar  




2013/6/29 Ki Hasan <[email protected]>

 
>  
>Tafsir nu disebutkeun, loba dina wangun elektronik. Kadar daek we maluruhna. 
>Ngan rek dikirimkeun ka Bah AA ge jigana percumah. Da di kirim parabot keur 
>palanggeran ejahan basa Sundana ge, geuning kurang direspon. Hehehe 
>
>
>
>2013/6/29 Abbas Amien <[email protected]>
>
> 
>>  
>>Dasar sim kuring midamel ieu tapsiran nya eta tina Qur_an DEPAG; teu gaduh 
>>ari buku Tafsir na mah. Tah upaami kaleresan kagungan; mugia akang2 kersa 
>>ngabandingkeun tapsir Jalalen; Ibnu katsir atanapi Hamka; sok banddingkeun 
>>sareng tapsiran sim kuring bili nyeleweng.
>>Nuhun sateuacanna.
>>Benten Tarjamah, sareng Tapsir.
>>Jaddi ieu mah tapsiraan teras disundakeun. Sanes tarjamah Quran disundakeun.
>>Kade ulah lepat.
>>
>> 
>

 

Kirim email ke