Tanggal 22 Nopember 2013: Mursi ngaluarkeun dekrit Presiden anu netepkeun yen kakawasaan presiden teu bisa dibatalkeun ku lembaga mana wae oge, kaasup lembaga pangadilan (yudikatif) oge teu bisa ngabatalkeun naon anu ditetepkeun ku presiden. Artina Mursi netepkeun sacara sapihak yen kakawasaan presiden euweuh watesna. Eta dilakukeun ku Mursi pikeun ngalancarkeun kahayang pikeun nyieun konstitusi anyar di Mesir.
*** Tah nu kitu anu dipikasieun ku urang non islam teh, atawa urang islam anu sekuler. Lamun parpol islam kawasa sieun maksakeun kahayang. Moal cenah, islam mah rahmatan lil alamin. Muhun islam na mah. Duka tah jelamana. Janten upami bade nulis 'Dosa Mursi' kedah nikali fakta anu leres geura. Ulah janten ngadamel puisi. Hatur nuhun Febi Ahmad Hazairin ==============
