Baraya, Seja nyambung padungdengan ngeunaan "Dosa Musri" atawa kaayaan Mesir ayeuna. Sabenerna, kasangtukang kajadian di Mesir, ti mimiti revolusi anu terakhir nepi ka ayeuna Musri digulingkeun, eta wuwuh henteu basajan, henteu bisa buru-buru dicap siga di urang baheula, atawa itu nu salah, ieu nu bener, jst.
Di handap ieu link kana hiji tulisan kenging ibu Dina Y. Sulaeman, salahs aurang pengamat politik timur tengah, anu nyobaan ngagambarkeun kasang tukang kajadian digulingkeunana Musri (oge revolusi Mesir samemehna). Anu nulis ngagolongkeun "revolusi" Mesir teh ukur nepi kana kelas "kebangkitan" dina kategorisasi perjuangan rakyat melawan penguasa ti Jean-Paul Satre. Dina panutup, anu nulis nyirorotkeun kajadian di Mesir ka kondisi di lemah cai. Di dinya tembong kayakinan anu nulisna (bu Dina) kana masih bisa diandelkeunana Pancasila pikeu Indonesia. Nyanggakeun salengkepna di dieu: http://indonesian.irib.ir/headline2/-/asset_publisher/0JAr/content/id/5479407?utm_source=twitterfeed&utm_medium=facebook Salam, manar 2013/7/5 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Kuring kenging informasi. Waktos Orde Baru runtag oge, aya sabagean para > purnawirawan ABRI anu gaduh gagasan bade kudeta. Tiasa ditingali dina buku > anu diserat ku Pak Djadja Suparman, "jejak Kudeta", manten pangdam > Brawijaya, Pangdam Jaya, Wakil Asisten Teritorial TNI ( Wa Aster), manten > Panglima Kostrad. > Janten perkara kudeta mengkudeta mah tos biasa dilakukeun ku militer. Di > Thailand mah, kapaning kudeta teh, janten hiji tradisi di kalangan militer. > Tapi sanaos kitu, tetap wae pamarentahan anu ilahar mah kedah dipimpin ku > golongan sipil. Ari watak "asli" militer pan anti demokrasi. > > mrachmatrawyani > > ------------------------------ > *From:* Ahmad Hazairin <[email protected]> > *To:* "[email protected]" <[email protected]> > *Sent:* Friday, July 5, 2013 12:22 AM > *Subject:* Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna > > > Saur kang Jatnika kedah kumaha eta jutaan rahayat ngamuk, ku militer kedah > diantep wae dugi ka ancur-ancuran? > Da demokrasi oge aya etikana, sanes mung ngandelkeun sora panglobana wae. > Lamun aya mayoritas sagala hal ngandelkeun referendum atawa voting, pan > bakal asa moal aya pimeunangeun tah anu minoritas. Matak sim kuring mah asa > reueus pisan kana cara demokrasi pancasila teh, nyaeta demokrasi anu > dumasar kana musyawarah. Pan islami tah da musyawarah teh dianjurkeun pisan > dina Islam mah. Naha ari ayeuna Ikhwanul Muslimin jadi pang liberal-na > ngandelkeun demokrasi referendum anu resikona gede pisan? :) Naha pedah > itungan keur kawasa jeung aya dukungan mayoritas rakyat jadi wani? :) > > Tapi sumangga eta mah pilihan. Sagala oge aya akibatna. Tiasa wae > nyalahkeun batur, nyaeta amrik+yahudi deui. > > Wallahu'alam > > Febi Ahmad Hazairin > ============== > > > ------------------------------ > *Von:* nasrul jatnika <[email protected]> > *An:* "[email protected]" <[email protected]> > *Gesendet:* 14:08 Freitag, 5.Juli 2013 > *Betreff:* Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna > > > Hehehe, manawi upami ditalungtik deui, saleresna mah sacara hukum > tatanagara, Dekrit Presiden hak Presiden salaku kapala Pamarentahan sareng > Kapala Angkatan Perang, dina sistem Presidensil (manawi emut ka Soekarno > sareng Gus Dur?) Lamun nagara dianggap dina kaayaan krusial sareng perlu > lengkah nyata jang ngawangun pondasi Nagara. Nyaeta, undang-undang dasar. > Janten teu mungpang tina ugeran katata nagaraan. Komo dina awalna jukungan > rahayat Mesir sakitu bebeakanana. Kumargi para pendukung demokrasi, ngaraos > yen eta jadi hiji kasewenang-wenangan. Nya atuh, hayu urang Referendum > wae.Satria, gentle. Nangtukeun kahayang rahayat Mesir nu sabenerna. Sapuk > we, sasih Desember 2012, diayakeun referendum. Keok deui wae tah, neo > liberalist, pro status quo jeung golongan sekuler. Jukungan dugi ka 80% > haroyong dilaksanakeun syareat Islam. Legitimasina kirang kumaha?? > Referendum getoo loch.. Timor-timur wae bisa misah nagara. Komo deui ieu, > ngan saukur Undang-undang Dasar Nagara. Jadi syah pisaaaan, lah. Tah, > saleresna mah. Nu kedah langkung dikritisi. naha bet KUDETA Militer? Mana > koridor hukumna? Pahlawan kabeurangan. Apan jelas-jelas rezim Mubarrak nu > dijukung Militer teh, matak mawa mamala ka nagara. Upami teu aya, > nyata-nyata maehan demokrasi jeung kahayang rahayat Mesir. Palebah dieu > jigana titik toong nu pang objektivena mah. Ayeuna kamarana para panglima > demokrasi teh? Suwung..! > > Please, deh ach.. Wangkid ayeuna mah apan Abad 21. Asa mulih deui ka abad > 19. Militer jadi raja ngungkungan Persiden. Ieu mah sanes sajak manawi, > aturan katatanagaraan anu disapukkan saalam dunya. Utamina nagara nu nganut > paham demokrasi. Punten, teu lepat ketik.. Hehehehe :D > > > > ------------------------------ > *Dari:* Ahmad Hazairin <[email protected]> > *Kepada:* "[email protected]" <[email protected]>; " > [email protected]" <[email protected]> > *Dikirim:* Jumat, 5 Juli 2013 10:53 > *Judul:* [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna > > > Tanggal 22 Nopember 2013: > > Mursi ngaluarkeun dekrit Presiden anu netepkeun yen kakawasaan presiden > teu bisa dibatalkeun ku lembaga mana wae oge, kaasup lembaga pangadilan > (yudikatif) oge teu bisa ngabatalkeun naon anu ditetepkeun ku presiden. > Artina Mursi netepkeun sacara sapihak yen kakawasaan presiden euweuh > watesna. Eta dilakukeun ku Mursi pikeun ngalancarkeun kahayang pikeun > nyieun konstitusi anyar di Mesir. > > *** > Tah nu kitu anu dipikasieun ku urang non islam teh, atawa urang islam anu > sekuler. Lamun parpol islam kawasa sieun maksakeun kahayang. Moal cenah, > islam mah rahmatan lil alamin. Muhun islam na mah. Duka tah jelamana. > > Janten upami bade nulis 'Dosa Mursi' kedah nikali fakta anu leres geura. > Ulah janten ngadamel puisi. > > Hatur nuhun > > Febi Ahmad Hazairin > ============== > > > > > > > > >
