gara-gara balesan kang nasrul ngeunaan sabara urang nu demo kuring jadi
macaan deui. Enya teu sadaya nu 17-30 juta teh ngilu demo di bunderan
tahrir cenah. Jelema saloba kitu teh nu nandatangan petisi ngadukung mursi
turun.

On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]> wrote:
>
>
> Referendum teh, kahoyong kaum neo liberal, sekuler, pro status quo sareng
Socialist. Satadina mah hayang nunjukkeun yen masyarakat teu satuju UUD
jadi sareat islam, tapi kadeoh. Keok deui. Jutaan masa nu aya di Tahrir
Square? Asana Tahrir Square teh siga bunderan HI di Jkt. Mustahil nampung
jalma tepika juhlas yuta. Mekah wae saban haji mung iasa nampung 2 yuta. IM
tianggalna tos musyawarah. Malih, jukungan ti para ulama lintas Madhab.
Referendum, saleresna mah nu diaya-ayakeun sareng dijadikeun ekol pihak
Rezim Mubarrak jeung para kompradorna. Da tokoh-tokoh Nagara sareng sesepuh
masyarakat mah, sapuk kana Syareat Islam. Janten etanganana sanes kumargi
nuju kawasa, tapi estuning kahayang rahayat. Jutaan rahayat ngamuk? Ieu
distorsi pisan. Kondisi mesir henteu sahoror nu diwartakeun. Mahasiswa
karuliah biasa. WNI 3000 jalmi aman sejahtera. :) Sab, persiden Mursi
henteu ngaraos asa kumawasa. Mun bade ngaruksak tatanan rahayat mesir,
perwira-perwira menengah, paspampres biluk ka Mursi. Eta tiasa digerakeun
jang ngalawan Assisi. Teu acan pasukan sukarelawan anu rela syahiid upama
Mursi teu dibalikkeun legitimasina.Jumlahna ratusan rebu. Mursi ngalakukeun
perlawanan bersenjata? Henteu..! Janten saha nu negarawan saha nu preman,
katingali pisan. Keun we, cuang tingali. Anu disebat Syeh Azhar dina
pengumuman kamari Rebo, eta mung salah sahiji pendukung Mubarrak. Pan Syech
Azhar teh seueur. Sareng lolobana mah, biluk ka Mursi. Geura ke cuang
tingalikeun. Hatur nuhun.. sami-sami pun uing oge bilih aya kalepatan. Teu
aya niyat nu sanes iwal ti hoyong tabayyun wae. Hehehehe
> Salam alaika ya akhiel kiraam
> Ahmad Hazairin (Don_febi)
> ________________________________
> Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 14:22
> Judul: Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna
>
>
> Saur kang Jatnika kedah kumaha eta jutaan rahayat ngamuk, ku militer
kedah diantep wae dugi ka ancur-ancuran?
> Da demokrasi oge aya etikana, sanes mung ngandelkeun sora panglobana wae.
Lamun aya mayoritas sagala hal ngandelkeun referendum atawa voting, pan
bakal asa moal aya pimeunangeun tah anu minoritas. Matak sim kuring mah asa
reueus pisan kana cara demokrasi pancasila teh, nyaeta demokrasi anu
dumasar kana musyawarah. Pan islami tah da musyawarah teh dianjurkeun pisan
dina Islam mah. Naha ari ayeuna Ikhwanul Muslimin jadi pang liberal-na
ngandelkeun demokrasi referendum anu resikona gede pisan? :)  Naha pedah
itungan keur kawasa jeung aya dukungan mayoritas rakyat jadi wani? :)
>
> Tapi sumangga eta mah pilihan. Sagala oge aya akibatna. Tiasa wae
nyalahkeun batur, nyaeta amrik+yahudi deui.
>
> Wallahu'alam
>
> Febi Ahmad Hazairin
> ==============
>
>
> ________________________________
> Von: nasrul jatnika <[email protected]>
> An: "[email protected]" <[email protected]>
> Gesendet: 14:08 Freitag, 5.Juli 2013
> Betreff: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna
>
>
> Hehehe, manawi upami ditalungtik deui, saleresna mah sacara hukum
tatanagara, Dekrit Presiden hak Presiden salaku kapala Pamarentahan sareng
Kapala Angkatan Perang, dina sistem Presidensil (manawi emut ka Soekarno
sareng Gus Dur?) Lamun nagara dianggap dina kaayaan krusial sareng perlu
lengkah nyata jang ngawangun pondasi Nagara. Nyaeta, undang-undang dasar.
Janten teu mungpang tina ugeran katata nagaraan. Komo dina awalna jukungan
rahayat Mesir sakitu bebeakanana. Kumargi para pendukung demokrasi, ngaraos
yen eta jadi hiji kasewenang-wenangan. Nya atuh, hayu urang Referendum
wae.Satria, gentle. Nangtukeun kahayang rahayat Mesir nu sabenerna. Sapuk
we, sasih Desember 2012, diayakeun referendum. Keok deui wae tah, neo
liberalist, pro status quo jeung golongan sekuler. Jukungan dugi ka 80%
haroyong dilaksanakeun syareat Islam. Legitimasina kirang kumaha??
Referendum getoo loch.. Timor-timur wae bisa misah nagara. Komo deui ieu,
ngan saukur Undang-undang Dasar Nagara. Jadi syah pisaaaan, lah. Tah,
saleresna mah. Nu kedah langkung dikritisi. naha bet KUDETA Militer? Mana
koridor hukumna? Pahlawan kabeurangan. Apan jelas-jelas rezim Mubarrak nu
dijukung Militer teh, matak mawa mamala ka nagara. Upami teu aya,
nyata-nyata maehan demokrasi jeung kahayang rahayat Mesir. Palebah dieu
jigana titik toong nu pang objektivena mah. Ayeuna kamarana para panglima
demokrasi teh? Suwung..!
> Please, deh ach.. Wangkid ayeuna mah apan Abad 21. Asa mulih deui ka abad
19. Militer jadi raja ngungkungan Persiden. Ieu mah sanes sajak manawi,
aturan katatanagaraan anu disapukkan saalam dunya. Utamina nagara nu nganut
paham demokrasi. Punten, teu lepat ketik.. Hehehehe :D
>
>
> ________________________________
> Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>
> 

Kirim email ke