Waktos Mursi "naek daun" janten pangawasa Mesir, di Program Pascasarjana Pusat 
Kajian Tengah dan Islam UI, aya diskusi, salah sawios anu bianara teh Prof. 
Hasyim Muzadi (manten pupuhu NU). Harita mah analisana teh kajantenan di Mesir 
teh salah sahiji faktor anu positip pikeun nagri-nagri di Timur Tengah. Teu aya 
sangkaan bade dikudeta pihak militer.

Pangahirna mireng wartos ti salah sahiji radio anu ngutip ti kantor Berita 
Mesir, cenah pupuhu militer satueacan ngalengserkeun Mursi teh aya kontak heula 
sareng Menteri intelijen Israel. Pihak Israel meredih sangkan militer Mesir, 
ngancurkeun torowongan anu biasa janten jajalaneun ka Gaza. Margi Israel teh 
rada keuheul, Gaza diblokade, tapi perekonomian rahayatna lancar-lancar wae. 
sihoreng simanahoreng aya jalur torowongan ti Mesir ka Gaza, anu nyuplei 
perekonomian masyarakat Gaza. Barang militer janten pangawasa di Mesir eta 
torowongan teh dibombardir ku pihak militer Mesir. ayeuna torowongan teh ngan 
kantun 10 %.

"torowongan" ieu, janten emut perang Vietnam. Amerika ngebom wewengkon vietnam 
selatan, tapi pejuang vietnam tue maot-maot. Sihoreng simanahoreng, aya 
torowongan tempat nyumput, jajalaneun para pajuang anu diudag-udag tangtara 
vietnam.

Ceuk cenah taun 1966, waktos kajadian runtuhna Orde Lama, Kampus Salemba 
diblokade ku tangtara. Pokona mah teu aya celah kanggo para aktivis kampus 
kaluar atanapi ka lebet kampus. Tapi tangtara ngaraos heran, geuning para 
aktivis anu aya di kampus Salemba, siga anu teu kakirangan katuangan atanapi 
kajantenan lapar, kirang suplai katuangan. Sihoreng simanahoreng tangtara anu 
jaga di buruan kampus Salemba teu terangeun aya jalan ti kampus Salemba ka 
rumah sakit anu engkena nembus ke jalan Kimia sareng pasar cikini. Jadi blokade 
tangtara  teu aya pangaruhna ka para aktipis kampus anu mondok di lebet kampus.

mrachmatrawyani






________________________________
 From: oman abdurahman <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Sunday, July 28, 2013 7:26 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna...ceples siga Indonesia
 


  
Baraya,

Seja nyambung padungdengan ngeunaan "Dosa Musri" atawa kaayaan Mesir ayeuna. 
Sabenerna, kasangtukang kajadian di Mesir, ti mimiti revolusi anu terakhir nepi 
ka ayeuna Musri digulingkeun, eta wuwuh henteu basajan, henteu bisa buru-buru 
dicap siga di urang baheula, atawa itu nu salah, ieu nu bener, jst. 

Di handap ieu link kana hiji tulisan kenging ibu Dina Y. Sulaeman, salahs 
aurang pengamat politik timur tengah, anu nyobaan ngagambarkeun kasang tukang 
kajadian digulingkeunana Musri (oge revolusi Mesir samemehna). Anu nulis 
ngagolongkeun "revolusi" Mesir teh ukur nepi kana kelas "kebangkitan" dina 
kategorisasi perjuangan rakyat melawan penguasa ti Jean-Paul Satre. Dina 
panutup, anu nulis nyirorotkeun kajadian di Mesir ka kondisi di lemah cai. Di 
dinya tembong kayakinan anu nulisna (bu Dina) kana masih bisa diandelkeunana 
Pancasila pikeu Indonesia.   


Nyanggakeun salengkepna di dieu:
http://indonesian.irib.ir/headline2/-/asset_publisher/0JAr/content/id/5479407?utm_source=twitterfeed&utm_medium=facebook


Salam,

manar



 




2013/7/5 MRachmat Rawyani <[email protected]>

 
>  
>Kuring kenging informasi. Waktos Orde Baru runtag oge, aya sabagean para 
>purnawirawan ABRI anu gaduh gagasan bade kudeta. Tiasa ditingali dina buku anu 
>diserat ku Pak Djadja Suparman, "jejak Kudeta", manten pangdam Brawijaya, 
>Pangdam Jaya, Wakil Asisten Teritorial TNI ( Wa Aster), manten Panglima 
>Kostrad.
>Janten perkara kudeta mengkudeta  mah tos biasa dilakukeun ku militer. Di 
>Thailand mah, kapaning kudeta teh, janten hiji tradisi di kalangan militer. 
>Tapi sanaos kitu, tetap wae pamarentahan anu ilahar mah kedah dipimpin ku 
>golongan sipil. Ari watak "asli" militer pan anti demokrasi.
>
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>
>________________________________
> From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>To: "[email protected]" <[email protected]> 
>Sent: Friday, July 5, 2013 12:22 AM
>Subject: Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna
> 
>
>
>  
>Saur kang Jatnika kedah kumaha eta jutaan rahayat ngamuk, ku militer kedah 
>diantep wae dugi ka ancur-ancuran?
>Da demokrasi oge aya etikana, sanes mung ngandelkeun sora panglobana wae. 
>Lamun aya mayoritas sagala hal ngandelkeun referendum atawa voting, pan bakal 
>asa moal aya pimeunangeun tah anu minoritas. Matak sim kuring mah asa reueus 
>pisan kana cara demokrasi pancasila teh, nyaeta demokrasi anu dumasar kana 
>musyawarah. Pan islami tah da musyawarah teh dianjurkeun pisan dina Islam mah. 
>Naha ari ayeuna Ikhwanul Muslimin jadi pang liberal-na ngandelkeun demokrasi 
>referendum anu resikona gede pisan? :)  Naha pedah itungan keur kawasa jeung 
>aya dukungan mayoritas rakyat jadi wani? :)
>
>Tapi sumangga eta mah pilihan. Sagala oge aya akibatna. Tiasa wae nyalahkeun 
>batur, nyaeta amrik+yahudi
 deui.
>
>Wallahu'alam
>
>Febi Ahmad Hazairin
>==============
>
>
>
>
>
>
>________________________________
> Von: nasrul jatnika <[email protected]>
>An: "[email protected]" <[email protected]> 
>Gesendet: 14:08 Freitag, 5.Juli 2013
>Betreff: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna
> 
>
>
>  
>Hehehe, manawi upami ditalungtik deui, saleresna mah sacara hukum tatanagara, 
>Dekrit Presiden hak Presiden salaku kapala Pamarentahan sareng Kapala Angkatan 
>Perang, dina sistem Presidensil (manawi emut ka Soekarno sareng Gus Dur?) 
>Lamun nagara dianggap dina kaayaan krusial sareng perlu lengkah nyata jang 
>ngawangun pondasi Nagara. Nyaeta, undang-undang dasar. Janten teu mungpang 
>tina ugeran katata nagaraan. Komo dina awalna jukungan rahayat Mesir sakitu 
>bebeakanana. Kumargi para pendukung demokrasi, ngaraos yen eta jadi hiji 
>kasewenang-wenangan. Nya atuh, hayu urang Referendum wae.Satria, gentle. 
>Nangtukeun kahayang rahayat Mesir nu sabenerna. Sapuk we, sasih Desember 2012, 
>diayakeun referendum. Keok deui wae tah, neo liberalist, pro status quo jeung 
>golongan sekuler. Jukungan dugi ka 80% haroyong dilaksanakeun syareat Islam. 
>Legitimasina kirang kumaha?? Referendum getoo loch.. Timor-timur wae bisa 
>misah nagara. Komo deui ieu, ngan saukur Undang-undang
 Dasar Nagara. Jadi syah pisaaaan, lah. Tah, saleresna mah. Nu kedah langkung 
dikritisi. naha bet KUDETA Militer? Mana koridor hukumna? Pahlawan kabeurangan. 
Apan jelas-jelas rezim Mubarrak nu dijukung Militer teh, matak mawa mamala ka 
nagara. Upami teu aya, nyata-nyata maehan demokrasi jeung kahayang rahayat 
Mesir. Palebah dieu jigana titik toong nu pang objektivena mah. Ayeuna kamarana 
para panglima demokrasi teh? Suwung..!
>
>
>Please, deh ach.. Wangkid ayeuna mah apan Abad 21. Asa mulih deui ka abad 19. 
>Militer jadi raja ngungkungan Persiden. Ieu mah sanes sajak manawi, aturan 
>katatanagaraan anu disapukkan saalam dunya. Utamina nagara nu nganut paham 
>demokrasi. Punten, teu lepat ketik.. Hehehehe :D
>
>
>
>
>
>
>
>________________________________
> Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; 
>"[email protected]" <[email protected]> 
>Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 10:53
>Judul: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna
> 
>
>
>  
>Tanggal 22 Nopember 2013:
>
>Mursi ngaluarkeun dekrit Presiden anu netepkeun yen kakawasaan presiden teu 
>bisa dibatalkeun ku lembaga mana wae oge, kaasup lembaga pangadilan 
>(yudikatif) oge teu bisa ngabatalkeun naon anu ditetepkeun ku presiden. Artina 
>Mursi netepkeun sacara sapihak yen kakawasaan presiden euweuh watesna. Eta 
>dilakukeun ku Mursi pikeun ngalancarkeun kahayang pikeun nyieun konstitusi 
>anyar di Mesir.
>
>***
>Tah nu kitu anu dipikasieun ku urang non islam teh, atawa urang islam anu 
>sekuler. Lamun parpol islam kawasa sieun maksakeun kahayang. Moal cenah, islam 
>mah rahmatan lil alamin. Muhun islam na mah. Duka tah jelamana.
>
>Janten upami bade nulis 'Dosa Mursi' kedah nikali fakta anu leres geura. Ulah 
>janten ngadamel puisi.
>
>Hatur nuhun
>
>Febi Ahmad
 Hazairin
>==============
>
>
>
>
>
>
>
>
>

 

Kirim email ke