Hatur nuhun kang Nasrul Jatnika, informasina katampi deui wae. Sim kuring teh anu kalebet bingah tur syukur waktos Mursi kapilih janten presiden teh. Gerentes hate teh: "tah geningan akhir na mah, ikhwanul muslimin anu ti jaman thn 20-an tos berjoang kanggo mesir sareng dunia islam teh akhirna mah tiasa nyepeng kakawasaan di mesir". Tapi sim kuring teh janten reuwas oge ningal perkembangana naha teu acan sataun tos hoyong ngarobih konsitusi mesir kana syari'at Islam. Pasti bakal rame salajengna.
Sim kuring kantos janten pendukung fanatik syari'at Islam kanggo konstitusi nagara, tapi waktos eta umur sim kuring nuju SD he he he... Leres ieu mah sanes heureuy. Guru-guru madrasah sim kuring teh progresif pisan, budak SD diwewelan ideologi syari'at Islam. Kantos balik ti madrasah jam 17:30 saencan ka masjid teh sim kuring jiga maling asup ka kompleks sakolaan SPG/SMA mawa gantar. Asup ka sababaraha kelas, teras ku gantar teh diruksak gambar pancasila sareng gambar pak Harto, ari gambar pak Adam Malik mah diantep, duka ku naon tah teu hayang nyoekeun. Thagut Pancasila teh, kitu saur guru sim kuring di madrasah. Duh gusti mun inget kana kalakuan sim kuring eta, sok jadi seuri koneng. Harita umur 12 taun. Waktos SMP oge kantos ngewa sim kuring teh ka alharhum Nurcholis Madjid sareng Gusdur, kulantaran cenah eta dua tokoh teh teu panuju lamun indonesia nerapkeun syareat islam dina tataran kanagaraan. Ari ayeuna mah tos robih sim kuring teh. Sim kuring ngadukung Pancasila. Sim kuring oge dina ngahartikeun syari'at Islam geus robah. Lamun baheula mah nya copy paste weh hukum-hukum ti zaman nabi Muhammad ka zaman ayeuna. Ari ayeuna mah saur sim kuring, upami ulama lokal urang, pamingpin urang boh muslim (pan mayoritas) boh lain muslim, atuh usaha nyusun konstitusi keur kaalusan rahayat jeung nagara, ku niat alus ka Gusti nu Maha Suci, tur teu nentang kaadilan naon anu diajarkeun dina Islam, nya eta tos syare'at Islam. Nyaeta syare'at ku landasan elmu jeung kaadilan tur niat nu lempeng. Sanajan teu copy paste ti produk nabi Muhammad di jamanna di madinah jeung mekah. Da sim kuring yakin lamun nabi Muhammad poe ayeuna jeneng keneh, komo upami jenengna di Indonesia, oge bakal ngalahirkeun produk syari'at anu seueur bentena ti syari'at anu didamel 1500 tahun kapengker di madinah. Tah nu kudu di bina keneh mah, niat hade, batin hade. Produkna insya Allah panginten bakal hade, masing euweuh bandrol made in islam oge panginten, insya Allah eusina mah islami. Duka tah robahna sim kuring teh mudah-mudahan weh sanes cilaka kanggo sim kuring. Mudah-mudahan sanes sesat. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: nasrul jatnika <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 14:48 Freitag, 5.Juli 2013 Betreff: Bls: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna Referendum teh, kahoyong kaum neo liberal, sekuler, pro status quo sareng Socialist. Satadina mah hayang nunjukkeun yen masyarakat teu satuju UUD jadi sareat islam, tapi kadeoh. Keok deui. Jutaan masa nu aya di Tahrir Square? Asana Tahrir Square teh siga bunderan HI di Jkt. Mustahil nampung jalma tepika juhlas yuta. Mekah wae saban haji mung iasa nampung 2 yuta. IM tianggalna tos musyawarah. Malih, jukungan ti para ulama lintas Madhab. Referendum, saleresna mah nu diaya-ayakeun sareng dijadikeun ekol pihak Rezim Mubarrak jeung para kompradorna. Da tokoh-tokoh Nagara sareng sesepuh masyarakat mah, sapuk kana Syareat Islam. Janten etanganana sanes kumargi nuju kawasa, tapi estuning kahayang rahayat. Jutaan rahayat ngamuk? Ieu distorsi pisan. Kondisi mesir henteu sahoror nu diwartakeun. Mahasiswa karuliah biasa. WNI 3000 jalmi aman sejahtera. :) Sab, persiden Mursi henteu ngaraos asa kumawasa. Mun bade ngaruksak tatanan rahayat mesir, perwira-perwira menengah, paspampres biluk ka Mursi. Eta tiasa digerakeun jang ngalawan Assisi. Teu acan pasukan sukarelawan anu rela syahiid upama Mursi teu dibalikkeun legitimasina.Jumlahna ratusan rebu. Mursi ngalakukeun perlawanan bersenjata? Henteu..! Janten saha nu negarawan saha nu preman, katingali pisan. Keun we, cuang tingali. Anu disebat Syeh Azhar dina pengumuman kamari Rebo, eta mung salah sahiji pendukung Mubarrak. Pan Syech Azhar teh seueur. Sareng lolobana mah, biluk ka Mursi. Geura ke cuang tingalikeun. Hatur nuhun.. sami-sami pun uing oge bilih aya kalepatan. Teu aya niyat nu sanes iwal ti hoyong tabayyun wae. Hehehehe Salam alaika ya akhiel kiraam Ahmad Hazairin (Don_febi) ________________________________ Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 14:22 Judul: Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna Saur kang Jatnika kedah kumaha eta jutaan rahayat ngamuk, ku militer kedah diantep wae dugi ka ancur-ancuran? Da demokrasi oge aya etikana, sanes mung ngandelkeun sora panglobana wae. Lamun aya mayoritas sagala hal ngandelkeun referendum atawa voting, pan bakal asa moal aya pimeunangeun tah anu minoritas. Matak sim kuring mah asa reueus pisan kana cara demokrasi pancasila teh, nyaeta demokrasi anu dumasar kana musyawarah. Pan islami tah da musyawarah teh dianjurkeun pisan dina Islam mah. Naha ari ayeuna Ikhwanul Muslimin jadi pang liberal-na ngandelkeun demokrasi referendum anu resikona gede pisan? :) Naha pedah itungan keur kawasa jeung aya dukungan mayoritas rakyat jadi wani? :) Tapi sumangga eta mah pilihan. Sagala oge aya akibatna. Tiasa wae nyalahkeun batur, nyaeta amrik+yahudi deui. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: nasrul jatnika <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 14:08 Freitag, 5.Juli 2013 Betreff: Bls: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna Hehehe, manawi upami ditalungtik deui, saleresna mah sacara hukum tatanagara, Dekrit Presiden hak Presiden salaku kapala Pamarentahan sareng Kapala Angkatan Perang, dina sistem Presidensil (manawi emut ka Soekarno sareng Gus Dur?) Lamun nagara dianggap dina kaayaan krusial sareng perlu lengkah nyata jang ngawangun pondasi Nagara. Nyaeta, undang-undang dasar. Janten teu mungpang tina ugeran katata nagaraan. Komo dina awalna jukungan rahayat Mesir sakitu bebeakanana. Kumargi para pendukung demokrasi, ngaraos yen eta jadi hiji kasewenang-wenangan. Nya atuh, hayu urang Referendum wae.Satria, gentle. Nangtukeun kahayang rahayat Mesir nu sabenerna. Sapuk we, sasih Desember 2012, diayakeun referendum. Keok deui wae tah, neo liberalist, pro status quo jeung golongan sekuler. Jukungan dugi ka 80% haroyong dilaksanakeun syareat Islam. Legitimasina kirang kumaha?? Referendum getoo loch.. Timor-timur wae bisa misah nagara. Komo deui ieu, ngan saukur Undang-undang Dasar Nagara. Jadi syah pisaaaan, lah. Tah, saleresna mah. Nu kedah langkung dikritisi. naha bet KUDETA Militer? Mana koridor hukumna? Pahlawan kabeurangan. Apan jelas-jelas rezim Mubarrak nu dijukung Militer teh, matak mawa mamala ka nagara. Upami teu aya, nyata-nyata maehan demokrasi jeung kahayang rahayat Mesir. Palebah dieu jigana titik toong nu pang objektivena mah. Ayeuna kamarana para panglima demokrasi teh? Suwung..! Please, deh ach.. Wangkid ayeuna mah apan Abad 21. Asa mulih deui ka abad 19. Militer jadi raja ngungkungan Persiden. Ieu mah sanes sajak manawi, aturan katatanagaraan anu disapukkan saalam dunya. Utamina nagara nu nganut paham demokrasi. Punten, teu lepat ketik.. Hehehehe :D ________________________________ Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 10:53 Judul: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna Tanggal 22 Nopember 2013: Mursi ngaluarkeun dekrit Presiden anu netepkeun yen kakawasaan presiden teu bisa dibatalkeun ku lembaga mana wae oge, kaasup lembaga pangadilan (yudikatif) oge teu bisa ngabatalkeun naon anu ditetepkeun ku presiden. Artina Mursi netepkeun sacara sapihak yen kakawasaan presiden euweuh watesna. Eta dilakukeun ku Mursi pikeun ngalancarkeun kahayang pikeun nyieun konstitusi anyar di Mesir. *** Tah nu kitu anu dipikasieun ku urang non islam teh, atawa urang islam anu sekuler. Lamun parpol islam kawasa sieun maksakeun kahayang. Moal cenah, islam mah rahmatan lil alamin. Muhun islam na mah. Duka tah jelamana. Janten upami bade nulis 'Dosa Mursi' kedah nikali fakta anu leres geura. Ulah janten ngadamel puisi. Hatur nuhun Febi Ahmad Hazairin ==============
