Hehehe, manawi upami ditalungtik deui, saleresna mah sacara hukum tatanagara, Dekrit Presiden hak Presiden salaku kapala Pamarentahan sareng Kapala Angkatan Perang, dina sistem Presidensil (manawi emut ka Soekarno sareng Gus Dur?) Lamun nagara dianggap dina kaayaan krusial sareng perlu lengkah nyata jang ngawangun pondasi Nagara. Nyaeta, undang-undang dasar. Janten teu mungpang tina ugeran katata nagaraan. Komo dina awalna jukungan rahayat Mesir sakitu bebeakanana. Kumargi para pendukung demokrasi, ngaraos yen eta jadi hiji kasewenang-wenangan. Nya atuh, hayu urang Referendum wae.Satria, gentle. Nangtukeun kahayang rahayat Mesir nu sabenerna. Sapuk we, sasih Desember 2012, diayakeun referendum. Keok deui wae tah, neo liberalist, pro status quo jeung golongan sekuler. Jukungan dugi ka 80% haroyong dilaksanakeun syareat Islam. Legitimasina kirang kumaha?? Referendum getoo loch.. Timor-timur wae bisa misah nagara. Komo deui ieu, ngan saukur Undang-undang Dasar Nagara. Jadi syah pisaaaan, lah. Tah, saleresna mah. Nu kedah langkung dikritisi. naha bet KUDETA Militer? Mana koridor hukumna? Pahlawan kabeurangan. Apan jelas-jelas rezim Mubarrak nu dijukung Militer teh, matak mawa mamala ka nagara. Upami teu aya, nyata-nyata maehan demokrasi jeung kahayang rahayat Mesir. Palebah dieu jigana titik toong nu pang objektivena mah. Ayeuna kamarana para panglima demokrasi teh? Suwung..!
Please, deh ach.. Wangkid ayeuna mah apan Abad 21. Asa mulih deui ka abad 19. Militer jadi raja ngungkungan Persiden. Ieu mah sanes sajak manawi, aturan katatanagaraan anu disapukkan saalam dunya. Utamina nagara nu nganut paham demokrasi. Punten, teu lepat ketik.. Hehehehe :D ________________________________ Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 10:53 Judul: [kisunda] Dosa Mursi anu sabenerna Tanggal 22 Nopember 2013: Mursi ngaluarkeun dekrit Presiden anu netepkeun yen kakawasaan presiden teu bisa dibatalkeun ku lembaga mana wae oge, kaasup lembaga pangadilan (yudikatif) oge teu bisa ngabatalkeun naon anu ditetepkeun ku presiden. Artina Mursi netepkeun sacara sapihak yen kakawasaan presiden euweuh watesna. Eta dilakukeun ku Mursi pikeun ngalancarkeun kahayang pikeun nyieun konstitusi anyar di Mesir. *** Tah nu kitu anu dipikasieun ku urang non islam teh, atawa urang islam anu sekuler. Lamun parpol islam kawasa sieun maksakeun kahayang. Moal cenah, islam mah rahmatan lil alamin. Muhun islam na mah. Duka tah jelamana. Janten upami bade nulis 'Dosa Mursi' kedah nikali fakta anu leres geura. Ulah janten ngadamel puisi. Hatur nuhun Febi Ahmad Hazairin ==============
