Re: [Urang Sunda] Iber juma'ah

2005-09-04 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam...wr, wb. Haturan baraya US...mugia urang sadaya salamina aya dina panangtayungan Allah Swt...amin.kang Daeng sae tah usulan teh, Insya Allah hal ieu teh urang mitambeyan dina jumaah nu bade dongkap..., keun soal bahana mah urang kokoreh mudah-mudahan aya hikmah sareng manfaatna

Re: [Urang Sunda]

2005-09-04 Terurut Topik kang boim
Beu!!! eta teh Nia mani teu beja-beja euy.padahal mah hayang ningali teh Nia pangantenan tehheheh. wilujeng atuh mugia janten kulawargi anu sakinah mawadah warahmahamin. Cag..., :kujangs -atuh ayeuna teh keur honeymoon nya. heheh. On 9/5/05, Nia Sri Winiarsih [EMAIL

Re: [Urang Sunda] Polling KOperasi Kunet

2005-09-04 Terurut Topik kang boim
Kang Agus, abdi insya Allah bakal ngarojong, sareng perkawis ageungna iuran ceuk pamikir abdi mah urang cokot siger tengah bae tina anu diusulkeun tea sangkan teu ngaberatkeun ka sarerea. Sareng soal pangurus sok atuh maraju ulah ngahephep bae, usulan sim abdi mah iuran pokokna Rp.500

Re: [Urang Sunda] jatukrami

2005-09-04 Terurut Topik kang boim
Sigana mah enya...yeuh, boa-boa kang Agus teh ka Teh Nia...nikahna...heheh. lamun enya teh beuteu nyangka geunindiam-diam cicinghehe. Wilujeng kanggo kang Agus W mugia aya dina ridlo Allah kalayan janten kulawarga anu sakinah mawadah marahmahamin. kujangs On 9/5/05, kumincir

Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun dihapunten

2005-09-04 Terurut Topik kang boim
Sami ti sim abdi oge hapunten ka sadaya rengrengan panitia, rehna teu dugi ka tempat riungan, sabab dibawa heula apruk-aprukan ku sakadang beus gara-gara macet di puncaktapi ka Bogor mah dugi malah tepang sareng kang Eko, kang Surya, kang Kumi. teh Mia, nyi Mpup, neng Iva... satuluyna mah

Re: [Urang Sunda] Laporan Kopdar : 4 September 2005 di Bogor

2005-09-04 Terurut Topik kang boim
, Kang Nanang Ndoell - Teh Imas - Teh Ani- Teh Tia- Teh Mia- Teh Anna- Teh Nenny 'Ambu'- Teh Pupi - Teh Iva Wanti- Kang Boim ( mung dugi acara rengsé kapegat macet kénéh di Bogor)Kagiatan / Acara : -- - Silaturahmi, wawanohan sareng sosonoan

Re: [Urang Sunda] Pamitan

2005-09-05 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Whisnu..., padahal mah urang teh can pati lami nya ngariung ngadu bako boh di lembur babakan atanapi di GL, tapi kumaha deui ari aturanana kudu kitu mah urang sami-sami ngadoa mugia urang sadayana salamina aya dina panangtayungan Allah Swt. sami-sami sim abdi oge hapunten bilih aya

[Urang Sunda] wilujeng dinten Salasa, 06-09-2005

2005-09-05 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum Wr, Wb. Bismillahirrohamanirrohim. Haturan baraya Kusnet lan GL sakumna...!!! wilujeng enjing nun!! (wios sok sanajan rada leuir oge nya). baraya Alhamdulillah urang sadaya tiasa ditepangkeun deui, mung kahade ulah hilap samemeh urang ngamimitian migawe pagawean omat

Re: [Urang Sunda] Dahar beurang jeung Kang Oman

2005-09-06 Terurut Topik kang boim
Deuh mun deukeut bin cakeut rek ngiluan da...komo aya sirop palubutung khas sulawesihehe. teh Mia nuju batuk...? cobi atuh landongan ku cai godogan balingbing wuluh (anu sok dianggo masak) nganggo gula beureum sakeudik...insya Alllah aya karaosna...mugia sing enggal damang. kujangs -masih

[Urang Sunda] Mutiara Juma'ah (1)

2005-09-08 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum wr, wb. baraya..., Jeung di antara manusa/jalma aya nu ngomong/cumarita : Kami geus iman ka Allah Swt jeung ka poe akhir; padahal satemenna marenahna acan/heunteu ariman. (QS. Al-Baqarah ayar.8) Wassalamu'alaikum Wr, Wb. kujangs Komunitas Urang Sunda --

Re: [Urang Sunda] Warta Pikagumbiraeun : Sumbangan keur YP/Kusnet Soal Wangunan tea

2005-09-08 Terurut Topik kang boim
Alahmdulillahirobbil alamin, hatur nuhun kang Oman sareng teh Ika, mugia Allah Swt ngabales sagala kasaeannana ku amal anu manglipet...amin.. kujangs On 9/9/05, Jalak Pakuan [EMAIL PROTECTED] wrote: Hatur nuhun Teh Ika Mardiah, hatur nuhun ka Kang Oman... JP oman abdurahman [EMAIL

Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2005-09-11 Terurut Topik kang boim
Haturan baraya...! wilujeng milangkala kanggo kang Dede Sahman bin Jatigede, mugia salamina aya dina panangtayungan Allah Swt, parek rizkina,sehat kalayan tinekanan sagala nu dicita-cita...amin Cag...ah,nuhun. kujangs On 9/12/05, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Numutkeun

Re: [Urang Sunda] sunda dicabok jawa...

2005-09-13 Terurut Topik kang boim
Haturan baraya..., da si eta mah (Kapolwil Bogor tea) keur basa jadi Kapolres di jakarta oge pernah aya kasus jeung pernah di hukum ku Tim kode etik kapolisian...pokona mah track record na goreng, Tapi aneh nya bisa jadi Kapolwil??? heran euy...aya naon tah??? Cag..ah, kujangs On

Re: [Urang Sunda] Kapolwil Bogor Menangis

2005-09-14 Terurut Topik kang boim
Haturan baraya US..., Beu!!! naha jadi kitu bet tibalik nya.??? pedah biaya perawatan RS ditanggung ku juragan kapolwil kitu..?? naha jadi beda anu sakumaha diwartakeun kamari sakumaha dicaritakeun ku bojona nya...? teuing ahjadi leneng kieu jeung teu ngalarti atuh moal aya kakapok

Re: [Urang Sunda] (sajak) dua taun jadi bapa

2005-09-15 Terurut Topik kang boim
Haturan baraya..., sok sanajan rada leuir da poe kamari jaringan rada ngadat jadi karek kabaca anyeuna... kanggo neng Tizzy wilujeng milangkala mugia jantten putri anu sholehah, sehat, parek rizkina kalayan tiasa babakti ka ibu ramana...amin. deuh...maca sajak MJ sok ras ka diri sorangan anu

Re: Progress BRMC Re: [Urang Sunda] Ondangan ti pustakabersama.net..CSIS

2005-09-22 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Tirta...lan baraya sadaya...!, Insya Allah sim abdi seja ngiring ngabantos perkawis nerjemaahkeun artikel kana basa sunda mamanawian bahan kaanggo. mung kumaha carana...? naha sapertos Pusaka Sunda tea atanapi kumaha...??? Cag...ah, nuhun. kujangsOn 9/22/05, Jalak Pakuan [EMAIL

[Urang Sunda] Isukan rek ka Pangandaran...euy..!!!

2005-09-22 Terurut Topik kang boim
Baraya! isukan sim abdi rek ka Pangandaran (nurutan MJ euy...) ngiluan acara ti pangulinan pun bojo, insya Allah barudak oge rek dibekel da cenah meunang mawa kulawarga. Geus aya kana sataun leuwih sim abdi teu ka Pangandaran sugan bae ayeuna mah aya parobahan, sok bisi aya u rek ngilu

Re: [Urang Sunda] neda pidu'ana

2005-09-23 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam...wr, wb. haturan kang Tantan, Innalillahi waina ilaihi rojiun deudeuh kang Tantan dugi kakitu nya...cobi atuh di terapi atanapi sumping konsultasi ka dokter ahli (ortopedi/ahli tulang) atanapi ka ahli saraf. bilih bade konsul sareng pun lanceuk (DR. Dadang tea) mangga tiasa

Re: [Urang Sunda] Cilaka

2005-09-23 Terurut Topik kang boim
Mangga Ua mugia enggal walagri deui supados tiasa noong warung sareng lembur babakan, utamina mah supados tiasa nyintrek kang hajihehehe. Cag...ah, kujangs -beberes heula ah bade wangsul tipayun, pan bade ka Pangandaran teaheheh. On 9/23/05, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] Hatur Nuhun kana pidu'a sadayana

2005-09-26 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam...wr, wb. Alhamdulillahirobbil alamin... Haturan kang Tantan, mugia akang dipaparin kakiatan sareng enggal sehat sabihara-bihari deui. sim abdi sakulawargi mung tiasa ngarojong ku doa mugia Allah Swt nangtayungan kang Tantan sakulawargi salamina...amin. Cag...ah, kujangs On

Re: Balasan: [Urang Sunda] Rubrik Taros DR

2005-09-27 Terurut Topik kang boim
tos disimpen,saheulaanan dina file arsip abdi heula ke pami tos rada ngempel dikintun ka web kusnet. Cag...ah, kujangs On 9/27/05, PanjiWulung [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Boim lan Kang Dadang hususna, hapunten jejer eta teh ngabuntut bangkong. Numawi asa sibuk teu pararuguh ieu teh, janten

Re: [Urang Sunda] Re: nepangkeun..

2005-09-27 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Dudin..., bagea kang wilujeng rawuh di lembur babakan, nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang ayeuna nu di dayeuh Bandung. Ari ngadangu Bayah teh sok waas ka mangsa ka tukang basa keur lalagasan keneh (masih sakola luhur), di Bayah aya babaturan anu sarua sakola di

Re: [Urang Sunda] Ngobrol jeung Jaro Saidi

2005-09-27 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Enton..., deuh ku resep nya nitenan gunem caturna akang jeung jaro Saidi..., abdi ge nu tos sababaraha kali ka Baduy can diparengkeun panggih jeung anjeuna. Leres kang di Baduy mah urang teh kudu balaka lamun aya kahayang teh ulah disumput salindungkeun da eta pisan anu dikaresep

[Urang Sunda] wilujeng dinten Kemis, 29-09-2005

2005-09-28 Terurut Topik kang boim
Bismillahirrohmannirrohim.Assalamu'alaikum wr, wb.Alhamdulillah...baraya, urang sadaya tiasaditepangkeun deui dina poe ka-29 di bulan kasalapantahun 2005, hayu samemeh urang ngamimitian pagawean urang sami-sami ngadoa ka Allah Swt sangkan naon-naonanu dipilampah ku urang sarerea salawasna aya

Re: [Urang Sunda] kanggo panganten

2005-09-28 Terurut Topik kang boim
Baraya..., ieu sawer teh baheula pernah dipostingkeun didieu malah jadi ribut loba nu ngamasalahkeun, tah ayeuna geus nepi kadieu tong nepi kapapanjangan, kanggo kang Didi punten upami bade posting ka lembur kedah sing asak-asak nya nempona sabab bisi jadi mamala keur sarerea, beda deui lamun

[Urang Sunda] Warta lowongan gawe..

2005-09-28 Terurut Topik kang boim
Basa tah ieu aya warta ngenaan panarimaan CPNS 2005 di BPPT (punten teu disundakeun), malah bilh aya anu bade nyobian daftar..sok sugan bae aya milikna. cag...ah, nuhun. kujangs P E N G U M U M A NBadan Pengkajian dan Penerapan Teknologi (BPPT) untuk Tahun Anggaran2005, membuka

Re: [Urang Sunda] Wilujeng Kanggo kang Yaya Rukayadi.........

2005-09-28 Terurut Topik kang boim
Alhamdulillah, sami sim abdi ge ngawilujengkeun kanggo kang Yaya van soul..., mugia kapayuna langkung majeng sareng tiasa naekeun tatanen nu ata di tatar sunda sangkan naek pamorna...amin. kujangs On 9/29/05, Ikmal [EMAIL PROTECTED] wrote: Baraya sadayaabdi nampi wartos yeun hasil

Re: [Urang Sunda] nepangkeun

2005-09-30 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Aceng..., mangga wilujeng ngariung di lembur babakan mugia betah tumaninah, nepang oge sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang-Bandung ayeuna nuju di bumen-bumen di Bandung. mangga didieu aya baraya nu kawit ti majalengka ; aya kang Rachmat (depok), teh Nia (tangerang)saha deui

Re: [Urang Sunda] re: pabukons

2005-09-30 Terurut Topik kang boim
Mj, bilih peryogi buku-buku agama sok ku sim abdi dibantos kaleresan abdi gaduh sobat anu balantik kana buku-buku agama, ngan buku agama nu kumaha anu diperyogikeun teh jenisna...? naha nu sifatna umum atanapi khusus kanggo barudak pasantren (nahwu, sorop jrrd)... cag...ah, nuhun. kujangs

Re: [Urang Sunda] Re: marhaban yaa ramadhan.

2005-10-02 Terurut Topik kang boim
Sami-sami sim abdi oge atas napi pribadi sareng kulawarga neda sihapunten tina sagala kalepatan sareng kakhilafan boh tina ucap atanapi paripolah salami ieu, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal, mugia ibadah saum nu bade dongkap janten ladang amal kanggo urang sadaya sareng aya dina

Re: [Urang Sunda] Ramadhan

2005-10-03 Terurut Topik kang boim
Sami-sami kang, Baraya..., sim abdi oge sakulawargi neda sihapunten ti lahir tumekaning bathin tina sagala kalepatan sareng kakhilafan boh tina ucap lan paripolah salami ieu.Mugia sasih saum ieu ngajantenkeun ladang amal kanggo urang sadaya kalayan aya dina rdlo sareng barokah ti Allah

Re: [Urang Sunda] rencana bantuan Pabukon ti New York

2005-10-03 Terurut Topik kang boim
Alhamdulillahi Robbil alamin! Mugia Allah Swt ngabales kana sagala kasean sareng amal baraya urang nu aya di New York, nu tos merhatoskeun kana sagala kaperyogian kanggo ngabantos baraya-baraya urang nu aya di pasisian ngalangkungan YP...amin. Cag...ah, kujangs kembar On 10/4/05, mj

Re: [Urang Sunda] Bagea Ya Ramadhan

2005-10-04 Terurut Topik kang boim
Sami-sami, MH lan Ki Adi..! kitu deui sim abdi oge neda pangampura lahir tumekaning bathin ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal tina ucap jeung lampah salami ieu, mugia puasa urang sadaya aya dina ridlo jeung barokah Allah Swt..amin Pangampura bae kasadaya nya...! kujangs kembar On

Re: [Urang Sunda] Kumaha Dararamang

2005-10-04 Terurut Topik kang boim
Bagea teh Maria..., nepangkeun sim abdi Boim bin Iim, muhun tos timana bae mani ngereles.. mudah-mudahan salami teu ngereles aya dina panangtayungan Allah Swt..amin. pami tuang putra teh istri atanapi pameget..? Cag..ah, kujangs kembar Assalamualaikum Wr. Wb,Ka sadayana baraya kusnet, ieu

[Urang Sunda] Doa poe ka-2 di bulan Ramadhan...

2005-10-05 Terurut Topik kang boim
Bismillahirramanirrahim Assalamu'alaikum Wr, Wb. Yaa Allah! Dekeutkeun diri abdi kana karidloan Anjeun sareng jauhkeun diri abdi tina kamurkaan sarta balesan Anjeun. Paparin diri abdi kamampuan pikeun maca ayat-ayat Anjeun (Al-ur'an) ku rahmat Anjeun, Yaa Allah anu Maha welas Asih tinu

[Urang Sunda] Jadwal Puasa 1426 H (Daerah Bandung dsk)

2005-10-05 Terurut Topik kang boim
Baraya! Mangga nyagakeun jadwal puasa pikeun daerah Bandung jeung sabudeureunana, kenging nyutat tina jadwal anu dikakaluarkeun ku PP Persis. Punten bilih aya nu lepat sareng pangoreksikeun...nuhun. Cag...ah, kujangs kembar Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id

Re: [Urang Sunda] Sahur.. Saur...

2005-10-10 Terurut Topik kang boim
MJ, ari di pangulinan aya novel nu anyar tea...? kanggo kang Agus Azzo punten harita teu tiasa sumping ka bumi Ua Sas tea da nuju diperjalanan naek mobil om tos ti lembur ngalongok pun biang. Padahal lamun poe Ahadna di SMS deui mah sigana ngilu nganjang kang bumi teh Ika...(sugan teh poe

Re: [Urang Sunda] produktif

2005-10-10 Terurut Topik kang boim
Haturab baraya, memang salila puasa ieu aktivitas baraya US teh katempo turun, sigana hal ieu diakibatkeun ku hawa puasa jeung apan ayeuna mah jam bubar kantor ge ngurangan da bulan puasa tea jeung pan kalolobaan baraya US rata-rata ngagunakeun internetna make pasilitas kantor (siga sim

Re: [Urang Sunda] Jajanan takjil di Medan

2005-10-10 Terurut Topik kang boim
Haturan teh Elly..,.damang..? geuning mani lampar nya lalampahan teh ayeuna tos di Medan deui manawi teh masih keneh di ledeng...heheh. Waasna ngalaman saum di lembur batur pasti seueur pangalaman anu aheng anu beda sareng di lembur dina mangsa saum. Pami boboran mah pasti mulih panginten

Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2005-10-12 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalamwr, wb. Haturran kang Joe, mangga wilujeng rawuh di lembur babakan mugia betah tumaninah.Nepangkeun oge sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang (Bandung) ayeuna nuju bumen-bumen di di dayeuh Bandung nu heurin ku urang pentas...heheh. Cag...ah, kujangs On 10/13/05, Joe Waedy

[Urang Sunda] Barakatak...bag. ka-1 (tina mangle)

2005-10-12 Terurut Topik kang boim
Mangga ah...mudah-mudahan jadi panglipur lara kujangs TOLOL KOPLOK Bapa, Bapa…Ibu tolol koplok! ceuk anak kuring nu umurna karek dua taun. Kuring nu harita keur ngocok endog gorengeun reuwas. Na aya budak basana mani kasar. Jeung ku naon ka indungna nyebut tolol koplok? Can beak

Re: [Urang Sunda] Punten Ka Moderator....

2005-10-12 Terurut Topik kang boim
Kang Ikmal..., nembe ditoong di yahoogroupsna naha geuning teu aya kang Gardiadi (Dida) lebet ka lembur Bakus, boh dina daftar tunggu (pending) atanapi nu sanesna oge teu aya. Punten pangwartoskeun mangga cobian daftar deui di yahoogroupsna..([EMAIL PROTECTED]). Cag..ah, mangga diantos...

[Urang Sunda] Re: Réf. : [gankleboy] Iber milangkala/ hatur nuhun ..

2005-10-12 Terurut Topik kang boim
Sami-sami teh Lies, mangga ku sim abdi di cc keun ka bakus kijangsOn 10/13/05, lilies [EMAIL PROTECTED] wrote: Amin ya robbal alamin, Hatur nuhun Apih katampipisanpidu'ana mugi kasaean Apih di bales ku Allah SWT. Hatur nuhun oge ka baraya sadayana teu karaos abdi ngeclakeun

Re: [Urang Sunda] member anyar

2005-10-13 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam... Haturan teh Nelly, wilujeng rawuh di lembur babakan Kusnet, mangga tong isin-isin sing betah tunmaninah teu hilap nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang / Bandung ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh Bandung. Cag...ah, kujangs -bewara di Bandung ayeua tos

Re: [Urang Sunda] Neupangkeun

2005-10-13 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam Mangga kang Dida wilujeng rawuh di lembur babakan Kusnet mugia betah tumaninah, nepang oge sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang ayeuna nuju bumen-bumen di Bandung. (sigana basa kang walimahan kang Ikmal aya nya??/) Cag...ah, kujangs On 10/14/05, Gardiadi [EMAIL

Re: [Urang Sunda] nepangkeun oge...

2005-10-16 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam...wr, wb. Haturan neng Ela..., sumangga wilujeng rawuh di lembur babakan Kusnet mugia betah tumaninah, nepangkeun oge sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang/Bandung ayeuna nuju bumen-bumen di Bandung. Leres pisan insya Allah dina ping 26 nopember sabada boboran bade aya acara

Re: [Urang Sunda] nepangkeun

2005-10-17 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Andre.., punten sok sanajan data aya dina data base kusnet tapi teu sadayana baraya US tiasa lebet kana yahoogroups, kukituna dina ngawanohkeun diri di lembur Kusnet tetep kudu nikukur ; saha nami, kawit timana jeung damel/sakola dimana. Teu hilap nepangkeun sim abdi Boim bin Iim

Re: [Urang Sunda] nonton TVRI Bdg jam 4 dinten ieu

2005-10-18 Terurut Topik kang boim
MJ.., hanjakal jam 4-an mah masih dipangulinan aya oge tv di kantor teu aya TVRI euy da ku barudak disetna kana TV kabel .wilujeng tandang makalangan bae mugia sing langkung nanjer...(sigana urang TVRI Bandung aya nu apal ka Kusnet sigana mah) kujangs On 10/18/05, soni rosa [EMAIL

Re: [Urang Sunda] Bewara : Laporan Kopdar kempelan Panitia Halal Bihalal Kusnet 2005

2005-10-18 Terurut Topik kang boim
Kang Boyke..., insya Allah HBH Kusnet teh tempatna di wisma BATAN nu aya taman Bunga Cipanas Cianjur pami ti Bandung engke di Cipanas mengkol ka palih tengen (katuhu)... engke oge panginten ti panitia bakal aya iber deui...ngenaan petana panginten. Cag...ah, kujangs On 10/18/05, [EMAIL

Re: [Urang Sunda] nepangkeun

2005-10-18 Terurut Topik kang boim
geuning kang Andre teh ti cimahi..., palih mana cimahina...? sim abdi ge ari saung mah di cimahi di komplek GBR (Graha Bukit Raya) anu di Jl. H.Gopur saatos komplek Tani mulya ka beh handap. kanggo kang Hary, MJ alias mang Jamal pan di ITENAS oge janten tukang ngawadul di kelas Fakultas Desain

Re: [Urang Sunda] Dawam Raharjo: Islam Sebaiknya dilarang saja

2005-10-18 Terurut Topik kang boim
Sim abdi jadi lieur euy...ari loba teuing nu pinter teh lain tambah tentrem hate tapi malah jadi ngagedur jeung teu puguh rasa. Terus lamun aya hiji ajaran nu salah teu sesuai jeung aturan/padoman naha rek diantep...?? nu sebut Rakhmatan lil alamin ceuk maranehanana nu kumaha atuh...?? ngan

Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2005-10-18 Terurut Topik kang boim
Haturan Ua! wilujeng milangkala mugia salamina aya dina panangtayungan Allah Swt..., digampilkeun rizkina, sareng sehat salamina...amin. kujangs (Boim + kulawargi)On 10/19/05, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: wilujeng, Apiiih mugi2 salawasna aya dina panangtayungan Gusti Alloh SWT,

Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa : ULEMAN HALAL BIHALAL KUSNET 2005

2005-10-18 Terurut Topik kang boim
SIm abdi daftar yeuh!!! FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2005 26~27 Nopember 2005Ngiringan : Bade / Moal (pilih*)Nami : Boim bin Iim R.APadumukan : Jl. Paledang NO.45 A Cibeureum Bandung I-mél : [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]No. telpon / Hapé : (022) 603.2492

Re: [Urang Sunda] Hoyong Kenal

2005-10-21 Terurut Topik kang boim
Haturan ka baraya enggal(kang Yana, neng Wulan, kang Rizki, neng Rulli sareng nu liana) wilujeng rawuh di lembur babakan Kusnet mugia betah tumaninah, nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang-Bandung ayeuna nuju bumen-bumen di di dayeuh Bandung. Cag...ah, nuhun. kujangsOn 10/21/05,

Re: [Urang Sunda] Re: [BMRC] Gawe Munggaran - Stadium Generale

2005-10-24 Terurut Topik kang boim
Wilujeng kang Akos..., reueus jeung bagja lah BMRC geus ngamimitian tandang makalangan jeung sakali tandang mani edun pisansakali wilujeng mugia BMRC langkung nanjeur Cag...ah, nuhun. kujangs On 10/24/05, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeng Kang Akos.Aya patarosan sakedik, ari KAIZEN

Re: [Urang Sunda] [Itb] [Dosen ITB] Iblis Minta Pensiun? (fwd)

2005-10-26 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam..., haturan kang Ayub, hatur nuhun kana kintunana sae pisan tur peres kiritkanana. diantos kintunan nu sanesna, mugia urang sadaya salamina aya dina panangtayungan Allah Swt...amin. kujangs On 10/26/05, Ayub Sobandi [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalamu'alaikum,ieu aya email ti

Re: [Urang Sunda] Re: sajak lebaran

2005-10-30 Terurut Topik kang boim
emhsae tah sajak kang Ganjar, nuhun. sok ras ka diri sorangannaha bener teu nya puasa teh?? Teu hilap wilujeng boboran syiam 1 sawal 1426 H kasadaya baraya... Cag...ah, kujangs On 10/29/05, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Hehehe, Wilujeng boboran siyam Kang Ganjar, KangNdoel.Ari

Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2005-10-31 Terurut Topik kang boim
Wilujeng milangkala kanggao kang Achmad Djunaedi mugia salamina aya dina panangtayungan Allah Swt...amin. kujangs On 11/1/05, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Ditengah-tengah genjlengna lebaran, aya wargi milang kala dinten ieu 1 Nopember 2005. Wilujeng Milangkala ka saderek

Re: [Urang Sunda] Wilujeng Siang

2005-11-08 Terurut Topik kang boim
Haturan baraya US sadaya!!! wilujeng wayah kieu..., Alhamdulillah urang sadaya tiasa ditepangkeun deui di ieu lembur babakan mugia urang sadaya salamina aya dina panangtayungan Allah Swt...amin. Cag...ah, nuhun. KudjangsOn 11/9/05, Mia [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeng siang kang sofyan,

Re: [Urang Sunda] Re: Konfirmasi Ngiringan Halal Bihalal Kusnet 2005

2005-11-09 Terurut Topik kang boim
Kang Asep..., Halal bihalal Kusnet teh ping 26 - 27 Novemver (Saptu- minggu), tempatna di Wisma Batam Komplek Istana Bunga Cipanas Cianjur... sok mangga geura daftar nyadiantos konfirmasi salajengna.. kudjangs -keun ah ngawakilan humas HBHheheh On 11/9/05, Asep Subandi [EMAIL

Re: [Urang Sunda] Tuluuuuung....

2005-11-10 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Sofyan..., Kaleresan di sim abdi aya contoh proposal pangwangunan sakola mah, da sim abdi oge ayeuna nuju ngokolakeun sakola (MTs sareng MA) anu dikelola ku Yayasan kulawarga. Sami ari tujuana mah kanggo ngabantos jalmi-jalmi anu kirang mampu tapi aya sumanget pikeun sakola (nyiar

Re: [Urang Sunda] ULEMAN KONGRES BANDUNG

2005-11-10 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Soni..., teu hilap wilujeng boboran Syiam 1 sawal 1426 H, neda dihapunten tina sagala kalepatan sareng kakhilafan lahir tumekaning bathin... deuh jadi bingung yeuh...kumaha nya mangkaning ping 13 teh tos aya acara bade ngalih panganjrekan ka bumi anu di Cimahi + acara

Re: [Urang Sunda] Re: ULEMAN KONGRES BANDUNG

2005-11-13 Terurut Topik kang boim
Haturan teh Tien, sim abdi teu hilap ngawilujengkeun boboran siam 1 sawal 1426 H hapunten lahir bathin tina sagala kaleptan sareng kahilafan. muhun puguh ge diantos-antos da saurna nuju aya di Bandung tapi teu jolhehe.(abdi ge hilap teunalipun deuih), ari bumi nu lami mah di Jl. Paledang

Re: [Urang Sunda] Wawanohan jeung Dosen Bahasa Sunda di Australian National University

2005-11-13 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Ya..., Maha suci Pangeran nu Maha Kawasa..., geuning doktor Basa Sunda teh urang Jepun nya...? jeung deuih ti nagri Walanda lulusna oge, jadi kapiasem tapi reueus oge geuning Basa Sunda teh dipikareusep ku bangsa dengeun. Lamun geus kieu piraku US sorangan nepi ka teu mikiaresep

Re: [Urang Sunda] SMS berhadiah palsu !

2005-11-13 Terurut Topik kang boim
Nuhun kang Eko infona..., ka sim abdi oge tadi enjing aya eta sms teh, ngan abdi teu percanten da sanes ayeuna bae ti payun oge kantos aya nu ngintun sarupa kitu teh jadi di pupus bae...heheh kudjangs -tadina abdi bade naroskeun ka kang EkoOn 11/14/05, E_Ruska_Nugraha [EMAIL PROTECTED]

Re: [Urang Sunda] Balada Si Dodo

2005-11-14 Terurut Topik kang boim
Saur saha kang Syam teu lucu...ari teh Imas., pan kang Syam mah siga si Dodo tea nu poho ngadodoho nu donto tungtungna tos aya nu moro da moho teuing ahirna teun ngajodoho..ho...ho...heheheh... kudjangs On 11/14/05, salma imas [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeugn sonten kang syam,

Re: [Urang Sunda] Sumedang Loba Kahayang?

2005-11-15 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Yani..., ke...ke...ieu teh wewengkon Subang atanapi Sumedang...? leres kukitu tea mah di wewengkon Sumedang baris diwangun situ atawa dam siga Saguling nyaeta Jatigede tea anu tepi ayeuna can puguh juntrungna kalahka jadi ruksak bae wewengkon anu bakal kakeueum padahal dana anu

Re: [Urang Sunda] Balada Si Dodo..(sidodo ayeuna hoyong nyandung)

2005-11-15 Terurut Topik kang boim
Naon...nyandung bin ngawayuh!!! siaaaplah asal aya nu ridoeun sareng dipikarido... tuh saur Ua Tito salah saratus ciri istri sholehah nu ngajurung caroge ngawayuh komo bari jeung mangmilariankeun calona mahhehehe. (ups...ssttpunten ah) kudjangs eta geuning mani resep ngabahas

Re: [Urang Sunda] sinetron judulnya apa salahku

2005-11-16 Terurut Topik kang boim
Daripada nonton sinetron nu kararitu mah mending nonton Bajaj Bajuri atawa Sinentron Kiamat sudah dekat atawa Demi masa puguh-puguh aya pulunganeunana dina kahirupan urang sapopoeheheh. kudjangs On 11/16/05, Hepi [EMAIL PROTECTED] wrote: keuhuel.. keuheul ku dangkal pisan caritana, jeung

Re: [Urang Sunda] SKB 2 MENTERI

2005-11-17 Terurut Topik kang boim
Punten ngiring mairan..., hal ieu teh bohong, sakumaha saur MJ ma enya pantar Presiden nyieun SK kudu ngaliwatan votiing sms siga API, KDI jeung nu liana bae pan presiden mah boga hak perogratif tea. nu jelas nu bakal untung mah operator GSM tah engke si oknum bakal menta bagean alisa

Re: [Urang Sunda] Re: belasungkawa...

2005-11-17 Terurut Topik kang boim
Teu hilap sim abdi oge ngiring belasungkawa kanggo kang Asep Subandi, mugia almarhumah ditampi iman Islamna, dihapunten dosa sareng kalepatanana kalayan dicaangkeun tur dilegakeun di alam kubur...amin] kanggo kulawarga nu dikantun mugia dipaparin kakiatan sareng kasabaran dina mayunan ieu

Re: [Urang Sunda] Wilujeng Milangkala

2005-11-20 Terurut Topik kang boim
Wilujeng milangkala kanggo nyi Misnem..eh...nyi Mpup...!! mugia salawasna aya dina panangtayungan Allah Swt, (sehat, parek rizkina tur runtut raut rumah tanggana salamina) amin. kudjangs On 11/21/05, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Ngawakilan Uwa Siddik nu (jigana) keur

Re: [Urang Sunda] Urang Sunda gehgeran? ......

2005-11-20 Terurut Topik kang boim
Kang Andi..., leres sakumaha anu jadi prihatin kang Yayat, rehna bah Willy (kang Waluya) ngawartoskeun yen salah saurang anu jadi martir bom Bali Jilid II teh salah sahijina urang Ciamis (tiasa diaos dina alinea ka -2 seratan bah Willy) salian ti warta ngenaan 11 barudak SMA Cianjur anu

Re: [Urang Sunda] Puisi Sunda

2005-11-21 Terurut Topik kang boim
kuningali anjeun cageur jeung bageur hate kolot geus ngarasa bagja... bagja taya papadana. -- Cag...ah, kudjangs On 11/22/05, Akhmad Gunawan [EMAIL PROTECTED] wrote: E kang Boim kena-kena hormat kanu jadi indung teh

Re: [Urang Sunda] Re: kudu kumaha ...???

2005-11-22 Terurut Topik kang boim
Ari kang Aldo niat ti awalna kumaha pangna bisa cocok jeung manehna tur bisa nepi ka nanyaan, lamun niatna seja ngajalankeun sunah rosul jeung karena Allah teruskeun ulah pedah beda umur nu kitu mah teu jadi masalah nu penting urang aya kacocokan. Insya Allah lamun urang niat karena Allah jeung

Re: [Urang Sunda] murid enggal

2005-11-23 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Yosep...! wilujeng linggih di lembur bakus alias Kusnet mugia betah tumaninah, nepangkeun oge sim abdi Boim bin Iim kawit sami ti Sumedang (Paseh) ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh Bandung. nuhun ah tos anmbihan deui baraya urang sumedang nu aya di Kusnet, prung ah geura pedar

Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: Halal bil halal - Kang Ndoel + neng Imaz -- Uwa Tito

2005-11-24 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Amin..., leres teh Tien ayeuna nuju ngiring loka karya di puncak anu tempatna di hotel ever green, cobi atuh toel hawatos teu bilih teu aya rencang...ieu no.hana : 0818590856. kanggo teh Tien punten sim abdi tos kumawantun... Cag...ah, nuhun. kudjangs On 11/24/05, amin mina

Re: [Urang Sunda] Barade... ISP murah??? 24 jam 7 day in a week one month

2005-11-24 Terurut Topik kang boim
kang Aldo.., lamun ngangge line telepon mah anggeur atuh mayarna double da kedah mayar pulsa + sewa bandwidht namina sisten dialup. kaleresan ISP dimana abdi damel ayeuna nuju aya program homenet anu biaya bulananan mung 350 ribu (24 jam) anu manajemen bandwidth : 128Kbps (sistem shear) max.10

Re: [Urang Sunda] Kanga kang amin...penting

2005-11-24 Terurut Topik kang boim
Kang Tata, ieu no Hp kang Amin : 0811-959 177 (punten mangwalerkeun teh Imas) kaleresan anjeuna nuju no mail pami teu lepat mah. cag...ah, nuhun. kudjangs -saurna kang Amin parantos nalipun teh Tien mung nuju teu aktif hp na. On 11/25/05, Tata Ratadi [EMAIL PROTECTED] wrote: Teh Imas...

Re: [Urang Sunda] Re: [gankleboy] Bewara : HALAL BIHALAL KUSNET 2005

2005-11-25 Terurut Topik kang boim
Siga si kuring basa ka Bogor rek mgiluan kongres di Darmaga IPB jadi korban da beusna balik deui lewat jonggol, tungtung ngan ukur jalan-jalan ngadon nyoto di masjid raya Bogorheheh kudjangs On 11/25/05, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Tambihan deui: Kanggo nu naek angkutan umum

Re: [Urang Sunda] Re: Barade... ISP murah??? 24 jam 7 day in a week one month

2005-11-27 Terurut Topik kang boim
On 11/27/05, aang_sunda [EMAIL PROTECTED] wrote: abdi sigana rada katarik kang. Kumaha carana tah kang ?Haturan kang Fathoni sareng kang Aang...,-kang Fathoni, kaleresan perusahaan abdi teu acan muka cabang di Surabaya masih keneh konsentrasi di Bandung, duka pami ISP anu aya di surabaya

Re: [Urang Sunda] HBH Kusnet 2005

2005-11-27 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Ato..., nuhun kang abdi tos tiasa ngiring nebeng sareng dianteur dugi jalan ka rorompok (padahal titidinya teh ukur 100 m) hanjakal teu nyimpang heula atuh... eta wadah kaca soca sigana pami sanes nu ambu Neni pasti nu neng Iva, warnana rada bodas semu biru atanapi hideng...?

Re: [Urang Sunda] HBH Kusnet 2005

2005-11-28 Terurut Topik kang boim
sok atuh panca kaki kadinya ari jeung batur salembur teh...heheh kang Ato mah di Permata Kopo jang.! hanjakal nya teu ngiluan HBH, pokona mah anu teu ngiluan HBH mah kaciandeh.hahahhaha... kudjangs -pan apelna tiasa sarenghehehe.On 11/28/05, roisz [EMAIL PROTECTED]

[Urang Sunda] Laporan hasil HBH mana nya....?????

2005-11-28 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum wr, wb. baraya US sadaya! nengetan carita HBH mangsa kamari geuning kalahka rame ngobrolkeun (chating) masalah lilin di lapang tenis, ari laporan hasil HBH na mana...??? lain lamun chating mah aya tempatna lin...? (punten ah..ieu mung ngemutan wungkul) Tapi meureun

Re: [Urang Sunda] Barade... ISP murah??? 24 jam 7 day in a week one month

2005-11-28 Terurut Topik kang boim
kang Kumi program layanan Cyber Colony Quasar pami teu lepat mah kanggo daerah Bandung, muhun kirang ti 300 rebu tapi aya biaya awal anu ageung Rp.1.650.000. di ISP tempat pangulinan abdi ge sami aya program ieu tapi biaya bulanana 350 rebu biaya awal pemasangan Rp. 1.850.000 (beda sakedik

Re: [Urang Sunda] Re: Laporan hasil HBH mana nya....?????

2005-11-28 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Tirta, damang nun..? muhun hanjakal nya kang Tirta teu sumping, abdi ge asa aya nu lengiteun. saur beja mah akang aya tuga ngadadak ka luar kota, sami atuh sareng kang Akos anu tugas ngadadak ka Malaysia. keunlah insya Allah sanes waktos deui mah muda-mudahan tiasa ngaluuhan

Re: [Urang Sunda] Media Indonesia: Bupati Majalengka Tolak Mayat Salik Firdaus

2005-11-28 Terurut Topik kang boim
Bah Willy, Bah Jaka lan baraya nu sanes, tapi eta beja teh di bantah ku bupati Majalengka dina warta PR poe ieu, tah ieu copy paste : nuhun. kudjangs Bupati tidak Pernah Menolak Salik Dikubur di Majalengka Emi Pertanyakan Jaminan Keamanan Saat Penguburan

Re: [Urang Sunda] Media Indonesia: Bupati Majalengka Tolak Mayat Salik Firdaus

2005-11-28 Terurut Topik kang boim
sami-sami bah Willy, muhun nya media masa teh lain jadi alat anu nenangkeun kadang sok jadi mapanas atuh tambah rame nu puguh mah lain kitu enyana mah. kawas beja ngenaan barudak sakola di cianjur antara beja hiji media jeung media nu lain malah beda jeung tojai'ah jeung kanyataanana, sigana

Re: [Urang Sunda] TIBELAT

2005-11-29 Terurut Topik kang boim
hehehe...heuheuheu...!! kang Syam..., asana mah sim abdi nyebut teh tiviNa urang Bogor...da, paingan eta kur Megaswara Tv rada mencrong...(tapi boa mencrong ka 1oja ketang)...hehe. sami kang Syam sim abdi teu katempo dina poto basa keur baris teh da kahalangan tea ku tonggong batur...keur mah

Re: [Urang Sunda] Salik Firdaus Akhirna Dimakamkeun

2005-11-30 Terurut Topik kang boim
Leres bah Willy, rata-rata lamun ku urang dititenan kaributan di pilemburan teh asalna mah teu pira akibat tina beda pamahaman. Saperti kajadina anu anyar kaliwat di daeah sim abdi (kacamatan Paseh - Sumedanga) mimitina tina beda paham soal juma'ahan, nu hiji lamun jumaahan teh geus biasa make

Re: [Urang Sunda] Bobogohan saatos Nikah ? [was: Oleh-oleh HBH]

2005-11-30 Terurut Topik kang boim
Punten...ah, ulah sok ngoreh-ngoreh mangsa baheula komo nu kararitu mah bisi goreng balukarna, keun bae mangsa katukang mah urang jadikeun pieuntengeun pikeun ngalengkah kahareup. ieu jejer carita/postingan geus jauh tina subyek atawa carita mimitina. Cag...ah, punten nuhun. kudjangs

Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa : HBH Pasanggiri (Katilu

2006-07-14 Terurut Topik kang boim
Tag...tahgeuning aya urang Sumedang anu siap makalangan...prung ah...derrr..jalugeura tandang. siaap.! Sumedang kudu tandang makalangan... Sumedang geus siap tandang, Tasik kudu gasik, Ciamis kudu jadi mamanis, Garut nu jadi pangirut...Bandung nu padungdung, Bogor,

[Urang Sunda] Wilujeng dinten Senen, 17-07-2006

2006-07-16 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum wr, wb. Alhamdulillahbaraya sadaya...urang tiasa tepang deui, sok sajan telat hayu urang ngado'a heula ; Bismiilahirrohmanirrohiim, Allahuma Ya Allah... Paparin diri abdi sadaya kasehatan jasmani sinareng rohani, Allahuma Ya Allah..., Hapunten sagala dosa sareng

Re: [Urang Sunda] kabita jarak

2006-07-17 Terurut Topik kang boim
Sanes ari tangkal jarak siga tanggkal samoja nya...ari tanggkal kaliki mah rada buadag dauna siga daun gedang ngan rada rubak...di komplek sim abdi aya ngajajr tangkal kaliki geus baradag malah buahna oge maruragan teu puguh teu aya nu ngamangfaatkeun kkbm'69 On 7/17/06, Dudi Herlianto

Re: [Urang Sunda] Re: Ngiring Bela Sungkawa

2006-07-17 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum wr, wb. Innalillahi wa inailaihi roji'un Sim abdi sareng kulawarga ngiling belasungkawa ku ayana musibah Tsunami anu tumiba ka dulur-dulur urang sadaya anu aya di basisir Pangandaran sareng sabudeureunana (Cilacap, Tasik, Garut, Cianjur, Sukabumi...jrrd), mugia Allah Swt

Re: [Urang Sunda] Dompet korban lini/tsunami

2006-07-17 Terurut Topik kang boim
Baraya, insya Allah abdi oge bade ngiring ngarojong... sok bade dikempelkeun dina dompet YP (rek. YP) mangga atuh alungkeun ka babakan no Rekeningna... ari teknis nyalurkeunnana mah teu langkung naha bade langsung ku Kusnet atanapi ngalangkungan PR atanapi nu sanesnakumaha saena

Re: [Urang Sunda] Dompet korban lini/tsunami

2006-07-17 Terurut Topik kang boim
ka baraya bilih teu acan terang ieu aya bewara ti MJ kanggo ngiringan Dompet Tsunami Pangandaran Kusnet : kkbm'69 reff : kanu bade ngiringan, ieu no.rek yayasan perceka kusnet BCA DAGO, an. Jamaludin 777 0265 473 BNI ITB an Jamaludin 002 808 6964 kanu ngencleng, wartosan

Re: [Urang Sunda] Re: [garut] Neu'da Pidu'ana

2006-07-19 Terurut Topik kang boim
Sami sim abdi oge ngiring prihatin, mugia wargi kang Agus enggal kapendak dina kaayaan salamet sareng mugia dipaparin kakiatan sareng kasabaram dina mayunan ieu cocobi ku Allah Swtamin. kkbm'69 -sim abdi oge batur sakola di Pangandaran 2 an (nu hiji muka wisma, nu hiji dagang di pasar),

Re: [Urang Sunda] Ngetést

2006-07-19 Terurut Topik kang boim
Aya..aya.!!! (jiga lamun keur aya lini) hehehehe kkbm'69 -kamari nu abdi oge leuri datang ka warung teh...On 7/20/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Cik, ngintun tabuh 8.40, nongholna tabuh sabaraha nya ? ti kamari mosting teh

Re: [Urang Sunda] Ngetést

2006-07-19 Terurut Topik kang boim
eh muhun nya lepat ngetik bin curuk geuning.hehehe (raraosan teh pede wae) nuhun kang Eddykoreksina... (asa nembe ngelol ka warung nya?) kkbm'69 On 7/20/06, Heryadi, Eddy [EMAIL PROTECTED] wrote: Sanes leuri meureun kang...leuir ;D

  1   2   3   4   5   6   >