Abdi satuju sareng pamadegan kang Hasan... eta kuncen sok sanaos nembe niat bade 
ngagunakeun tangan beusi ka sakumna kusnet anu teu milih agum...aduh naha eta teh hiji 
contoh anu sae ti urang sunda ???
di dunia maya mah sigana moal tiasa cara cara kitu teh.. buktosna di bakus ieu pernah 
dikuprak kuprak anu sok ceting.. anu antukna geuning anu resep ceting teh ngempel 
dihiji grup nyaeta gank leboy.. tah ieu teh akibat pupuhuna kusnet kirang tiasa nampi 
geuningan sok sanaos bakus teh urang sunda wungkul, ari kahayangna mah teu kedah 
sami... komo deui ieu dina urusan milih pilpres, da can tangtu agum oge sae.. da 
seuseurna mah kakara ceuk cenah... urang can ngagali kumaha sipatna agum, sepak 
terjangna ku panon sorangan.. anu geus diguar eta kakara ceuk cenah...
cenah deui.. cenah deui...

tatan



-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, May 25, 2004 8:00 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] keukeuh sureukeuh


Eta di akang nepi kakituna nya. Lamun ninggali
kasangtukangna, jigana kulantaran pernah ngidolakeun
BK meureun nya. Jadi saeutik-eutikaeun aya pangaruhna.
Pan cenah ceuk beja BK pernah biantara, yen urang
Indonesia teh aya dina saku bajuna. Jadi rek
dbulaokeun atawa dicarambangkeun kumaha BK.

Jigana dinagri maya mah eta pamadegan teh, sanajan
ngan ukur lamunan, dipahing pisan. Jeung deui da moal
efektif deuih. Kalahka cape gawe teu puguh. Da puguh
nagri maya mah nalika lahirna oge geus mawa watek teu
bisa dikuah-kieuh ku sing saha wae. Tong boro ku
jelema, dalah ku silumen-sileman oge bisa
dikuah-kieuh. 

Kunanon jiga kitu nya? Contona wae kieu, lamun aya
rakyat Kusnet nu dianggap minculak, terus di-karungan.
Da moal leungit, sabab rakyat nagri maya mah jiga
onom, jiga lelembut, jiga jurig jarian. Rayat maya mah
pan bisa mancalaputra - mancalaputri. Hiji jirim bisa
boga KTP leuwih tihiji. KTP kahiji keur nganjuk ka
bank. KTP kadua keur ngalamar ka calon mitoha. KTP
katilu keur urusan jeung mafia. Jadi lamun KTP kahiji
dikarungan ku Kusnet, naon hesena make KTP anyar lin.

Jadi jigana di nagri maya mah, memang kudu egaliter
tea. Pan organisasi oge lamun geus ngagunakan
teknologi nagri maya, teu bisa hierarkis deui, jadi
flat, jadi datar. Manajer atawa kuncen teh ngan ukur
jadi organisator cenah. Jeung deui ulah ieuh pundungan
pedah beda pamadegan. Da cenah beda pamadegan teh
rahmat. Sabab kubeda pamadegan bakal ngabiasakeun
mikir, ngasah uteuk. Aapan ditulis dina kaos Kusnet
oge: Silah Asah, Silih Asih, Silih Asuh.

Salian ti eta lamun urang salaku kuncen boga pamadegan
bisa ngabulao-carambangkeun, era ku batur deuih. Pan
teu sirikna wujudna ieu lembur teh sasatna mah
nyiruruk di lembur batur. Nyaeta di lemburna si akang
boss yahoo sanes. 

hiji bisa  bet 

Estu ngalir sujratna. 

v-

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Salaku kuncen kusnet, kuring boga otoritas
> ngahideung-bodaskeun kaanggotaan. Bisa ngabanned, 
> remove jeung sajabana ka member nu minculak atawa nu

> ebreh teu ngabela sunda,urangsunda jeung kasundaan. 
> Tapi moal nepi ka kitu palebah dieu mah, sanajan sok

> rada nalangsa, urang sunda generasi ayeuna masih 
> keneh aya nu boga adat kitu, teu milu ngabela/milih
> ku alesan nu beurangan epes meer teu pede khas
> urangsunda: sabab bisi ngerakeun. Paingan US secara 
> umum moyodox bae...da terus we kitu adatna.
> Neluh maneh. Haha...



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke