|
Sacara perhitungan kasar Kang Agum leutik
kamungkinan tiasa lolos babak I, komo bisa meunangkeun mah, kumargi anjeuna eleh
populer sareng calon nu sanesna, nanging sim abdi mah tetep wae ngadukung
anjeuna bade janten wapres atanapi persiden, saleresna sanes diri Agum nu
didukung nanging SUNDA-na, dina pamilihan Agum ieu aya 2 momentum penting keur
urang sunda khususna, nu keur 5 taun ka hareup mah can puguh tiasa deui
:
1.Ngahudangkeun rahayat tatar sunda, saleresna
seueur inohong sunda nu gaduh kamampuan janten capres, ngan kitu tea urang sunda
nyekel elmu pare tea, tah jalmi kieu nu kedah didukung ku urang
2. Mukakeun panon politisi yen rahayat sunda teh
aya sihungan jeung teu bisa dianggap enteng, ayeuna politisi keur parebut calon
ti NU, padahal urang sunda gaduh potensi luar biasa langkung ti NU, mun seug
rahayat sunda tiasa kapaling hatena tangtu kamungkinan janten persiden
ageung
Janten sim abdi mah sanes Agum nu tiasa janten
persiden atanapi wakil nanging "kenging suarana urang sunda di tatar
sunda"
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 25, 2004 6:52 AM
Subject: RE: [UrangSunda] keukeuh
sureukeuh
Wilujeng enjing baraya..
Mang
Je.. muhun sikuring oge reureus upami aya US anu jeneng... ngan dina palebah
Pilpres ayeuna mah , sikuring moal milih paket AG, lamun AGna jadi Capresna
mah pasti sikuring oge milih paket ieu.. ngan hanjakal AG teh ngan diangge
pelengkap wungkul, da anu gaduh "hajatna" mah eta gegedugna p3 (HH),
sedengkeun HH ieu teh tangtos ku urang oge katingali kumaha sepak terjangna
dina wangkid ieu.. asana teh teu aya hal anu matak nyugemakeun bangsa..
malahan mah kalah ka nyeueuran garwa we.. lain ngurus nagri
mah...
sakali deui punten US.. sikuring dina pilpres ieu
moal ngadukung AG...
tatan
Kang Tatan, perkawis si kuring keukeuh
milih Agum, asana mah teu kaleuleuwihi. Ieu milis teh ngarana masih keneh
urangsunda. Lain pan atawa muhamadiyah komo muhamad ali. Asa pantes jeung
merenah mun si kuring ngiklankeun oge ngahiap ka sakumna urangsunda
dimana bae ayana (nu daek kageuing kituna oge), urang babarengan
narekahan sangkan sunda dina sagala widang aya dina kajembaran (maksudna
berkembang). Lain wungkul kasenian bin tatakolan, tapi oge jelemana,
generasi ngorana. Sumberdayana. Saha nu teu hayang seler masing2
maju?
Naon nu ayeuna kabaca di ieu milis netelakeun, yen US mah enya
kitu. Paburencay. Masing-masing. Saluyu jeung karuhun baheula: ngebon di
huma masing-masing tea. Haha. US hese jeung henteu ngahijina teh estuning
dina urusan nu pangpentingna dina malire nagara (ke heula, nagara teh
lain pamarentah wungkul, tapi oge lemah cai jeung rahayatna). Urusan
nangtukeun pamingpin.
Pantesna urangsunda milih agum, sabab
meureun kukitu ge geus nembongkeun kahayang urangsunda milu makalangan di
pentas politik nasional sanajan ngan ukur kelas capres, lain kelas pres
di ieu nagreg. Oge, saha deui nu rek milih agum ari lain urang
sunda mah? HH + AG kaasup paket capres wacapres gurem. Geus tibaheula
mula, lengkah politik si kuring mah sok pro nu leutik, nu gurem. beres
SMA taun 1986, si kuring aktifis kampung PDI. Harita alesanana teu pira,
PDI teh partey gurem, leutik bari teu camperenik. Di bawa ka bale desa ku
hansip oge rek di bawa ka koramil, angger we alesan teh nu teu pira kitu,
PDI partey gurem. Nya alesan popolitikan mah aya, resep jeung ngidola ka
Bung Karno. Bari jeung maca buku Dibawah Bendera Revolusi-na oge teu
tamat-tamat da bahasana campuran walanda, teu kaharti. Hahah...ari geus
gede siga ayeuna mah, pdip, si kuring pangsiun jadi
partisanana.
Punten mun kamari-kamari si kuring nyabit2 calon sejen,
utamana bisi aya kekecapan nu teu pantes teu merenah. Kabeh oge calon teh
alus. Euweuh nu goreng. Da mun goreng mah moal didarukung ku baladna ku
parteyna ku rahayat nu milihna. As simple as that.
Sakali deui,
ieu milis urangsunda. Lain urang aring. Mangga teh teuing bade milih
jurig cai oge, da kuring mah teu rugi teu untung. Ngan reueus we mun aya
US manggung, mun aya US punjul dina widang masing-masing. Mun bisa mah,
hayang mantuan sabisa-bisa. Bisana ayeuna mah ngan kitu. Milih manehna.
Sora kuring ngan hiji, moal matak aya perobahan nu atra (signifikan),
tapi ku kitu oge si kuring geus bungah, geus boga pamadegan, keukeuh
sureukeuh rek milih agum.
Salaku kuncen kusnet, kuring boga otoritas
ngahideung-bodaskeun kaanggotaan. Bisa ngabanned, remove jeung sajabana
ka member nu minculak atawa nu ebreh teu ngabela sunda,urangsunda jeung
kasundaan. Tapi moal nepi ka kitu palebah dieu mah, sanajan sok rada
nalangsa, urang sunda generasi ayeuna masih keneh aya nu boga adat kitu,
teu milu ngabela/milih ku alesan nu beurangan epes meer teu pede khas
urangsunda: sabab bisi ngerakeun. Paingan US secara umum moyodox bae...da
terus we kitu adatna. Neluh maneh. Haha...
milis ieu, oge sunda
teh lain nu kuring wungkul. Milis kusnet oge Sunda teh nu sing saha bae
nu ngaku dirina, hatena sunda jeung nu hayang sunda maju sarua atawa teu
tinggaleun ti batur. si kuring moal pundung atawa ambek mun paket AG
eleh. Da urusanana lain meunang eleh, tapi pirage kahayang teh aya US nu
makalangan. Peun.
Ayeuna urang toong peta kakuatan masing-masing.
Ceuk sms, salah saopat tempat nu diharepkeun nyumbang sora ka AG the
teu loba, ngan ti jabar, sumut, sulut, sulsel, pedah AG kungsi
pangdam wirabuana jeung jabatan sejen dina kadinesan. Tapi di sulsel oge
indotim, pasti moal kuat, sabab aya Yusuf Kalla, nu pituin sulsel. Di
Sumut, oge diharepkeun, sabab istrina AG (Linda Thaher) urang dinya. Tapi
meureun paket sejen oge boga itungan lain. Jateng Jatim, eta mah
'kandang' NU, sanajan HH urang NU, sora NU pastina tamplok ka Hasim
Muzadi Mega jeung Gus Solah, sabab HH lain urang dinya, tapi urang
kalimantan. Komo mun gus dur marentah atawa ngadukung saha. Pastina
ditarurut. Di kulawarga tangtara oge tangtara pangsiun, sora AG moal
gede, sabab aya jendral sejen dina capres, SBY jeung WTO.
HH+AG
paket gurem. tapi si kuring keukeuh milih eta, salian ti aya US-na, oge
ku guremna. Haha...
Hapunten ah si kuring kamana
mendi....
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|