Para wargi sadaya.....asana mah parantos ngaratus wargi Kusnet teh, namung raraosan asa teu acan aya, hiji wadah kanggo ngahijikeun tujuan, nyamikeun irama lengkah, sauyunan, ngaraketkeun tali sliturahmi/duduluran, sanaos di ieu milis moal tiasa di pungkir, ngajantenkeun seueur dulur/baraya, ngaraketkeun tali silaturakhmi, namung asana teu acan kabeungkeut ku hiji tatali kakulawargian. 
Kukituna sim abdi gaduh emutan, kumaha upami ieu wargi-wargi Kusnet anu sakitu seueurna, urang beungkeut ku hiji tali kakulawargian  
Perkawis nami tiasa : Paguyuban Kusnet, Paguyuban Wargi Kusnet atanapi naon bae lah kumaha ragemna.
Atuh mottona (naonnya motto tehnya basa Sundana) : Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak, atanapi naon bae lah saena.
Tah upami eta paguyuban janten, aya tilu unsur janten hiji, nyaeta ; web KUSNET ibarat sarana/kandaraan/tutunggan, Yayasan Perceka (YP) ibarat mata tumbakna/pakarang, Paguyuban ibarat pamanggul tumbakna, pan bleg jiga hiji satria nunggang kuda manggul tumbak siap tandang, sanes tandang perang, namung tandang kanggo ngamajengkeun harkat darajat ki Sunda. 
Kumaha tah para wargi ...???
 
Tansah
SSW 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke