Punten ah.. bade ngiring mertelakeun,
Duka tah upami di Indonesia mah, namung bae gaji sakitu teh kanggo di Korea mah, gaji padamel di pausahaan anu nembe lebet kalayan ngabekel SSTB Akademi, malih mah teu sakedik TKI ti urang anu parantos lami kenging gaji sajuta Won, malih aya langkung.
Kanggo bandingan US$. 1.oo = W 1.160.- janten W 1 = Rp. 7 ~ 8.
Tah perkawis panghasilan Patani di Korea, sakantenan bae atuh urang pedar rada panjang.
a. lahan 1 ha, upami lahan sawah : hasilna 80 karung beas X  180.000,- won =
   14.400.000,-, biaya ngawuluku (traktor), tandur (mesin), ngarambet, nyemprot sareng      dibuat (ku mesin) kirang langkung seep 5.000.000 ~ 6.000.000 won sakali penen.   
b. lahan 1 ha, upami lahan kebon sayuran, kirang langkung sami sareng lahan sawah
c. lahan 1 ha, upami lahan kebon buah-buahan sapertos; apel, anggur, pear, ssjb.
    panghasilanana antawis 15.000.000 ~ 18.000.000.
Eta upami teu keuna ku hama atanapi keuna ku caah, tah upami panen bangkar ku hama atanapi bancana, pamarentah ngagentosan, minimeum pangaos bibit sareng biaya miara dugika 50% hasil hasil tatanen.
Raharjana patani di Korea :
1. Pajeg tanah garapan tebih langkung mirah ti pajeg tanah pakotaan (30~40 %an)
2. Tarif listrik kanggo patani langkung mirah dibanding tarif listrik non patani (20~30%an)
3. Gampil milarian kiridit ti bank, kalayan bunga langkung mirah sareng kiridit biasa
4. Jatah bangku di sadaya Universitas/PT satatar Korea kanggo anak/turunan patani.
Janten sanes bohong (sanaos teu acan sadaya), upami urang kaleresan jalan-jalan kapadesaan atanapi ka pakampungan patani.  Sisi lamping aya sarunggunuk pakampungan patani,  bumina weweg (beton), dicet warna-warni, digigireun bumi mesin traktor atanapi sapi, treuk alit sareng mobil herang leucir. Teu kedah dicatur parabotan rumah tanggi, kayaning TV, Kulkas, komputer ssjb. teu aya bentenna sareng urang kota.
Kitu deui para nalayan teu tebih sareng patani, ieu sadaya hasil tina "dug hulu pet nyawa, tiis tingtrim, adil paramatra jujur bersi para pamingpin" (noong pangwangunan Korea). 
Eta patani & nalayan anu sukses, sanaos teu sakedik anu bangkar oge.
Tos ah sakitu heula, bilih aya anu kirang panuju.
 
Pihatur
SSW
 
Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten ngarewong, supados tiasa dibandingkeun : gajih sayuta won teh, upami di Indonesia gajih pangkat atanapi golongan naon ?
Sakantenan, upami patani anu kagungan lahan 1 Ha, manawi uninga, sabaraha won pangasilanana ? Upami di Indonesia mah awon !
Hatur nuhun !
Kang Dien

Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Di Korea gaduh gajih 1.000.000 won, harga:
- yakult : 80 won
- beas : 2.500 won/kg
- endog : 75 won hiji
- supermi : 500 won
- ongkos jero kota : 800 won
- Mc Donald : 4000 won
- Bioskop : 7000 won (nu alus ieu teh, aya oge nu 4000
won).
Di Indonesia gaduh gajih Rp. 1.000.000, harga:
- yakult : Rp 800
- endong : Rp 500 hiji
- Supermi : Rp 1500 sabungkus
- Ongkos jero kota : Rp 1500, ketah mun Batak mah sok
maksa menta leuwih.
- Mc Donald : Rp 15.000
Bioskop : Rp 15.000
Mangga bae emutan tong mikirkeun sabaraha rupiah
sawonna atawa sa dollarna...ieu mah bandingkeun bae
antara penghasilan jeung hahargaannana....
Nu matak urang Koreak mah sanaos padamel alit, ari
tiap taunmah tiasa bae ameng ka Bali atawa Pataya.
Janten nu utamimah babandingan antara pendapatan
sareng hahargaan....tah kumaha baraya????
Kang Ya
Tungtung seoul




           


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke