Leres kang Man, leres pisan.
Leres pedaranana, mung alesanana carek kuring aya langkungna, nyaeta ku margi patani (pare, sayur, buah) di urang teh 99,99 % umat Islam nu watekna sabar darana, biasa ngalatih diri hirup sangsara, sarta taatna ka pamarentah teu aya tandingna.
Cing atuh, kumaha yeuh ................... kang Junaedi, kang saha deui nya da saenyana mah geus teu kaitung atuh sarjana pertanian teh ?!
Salam,
Kang Dien
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kantos sim kuring ngetang panghasilan patani urang anu rata-rata
kagungan lahan sawah ukur 1/4 ha. Dietang ti ngawitan biaya produksi
(meuli bibit, gemuk, upah tanam, jst( tepi ka panen (harga pare/beas
ayeuna). Diitung-itung teh panghasilan aranjeunna rata-rata ukur Rp
70.000 - 80.000/bulan/KK ( 1 KK = 4 urang jalmi), alusna ukur Rp
100.000/bulan/KK.
Geus kitu, kasulitan patani teh ditambah deui ku harga-harga
pangabutuh sapopoe aranjeunna anu terus nerekel, gemuk mahal, kalan-
kalan leungit ti kios. Dina mangsa panen, hasil sawah teh lain
dibeuli ku BULOG kalawan harga wajar anu ngungtungkeun, balikta
diintip atawa dibeberik tukang ijon. Bank oge milu ngudag, da umumna
patani teh nginjeum ka bank keur ongkos tatanen samemehna.
Aya program subsidi gemuk ti Pamarentah, tapi leutik jeung carana
salah. Sabab subsidi heunteu sagemblengna (menyeluruh) anu antukna
gemuk teh diulinkeun ku padagang nu ngecerkeunna. Buktina, mindeng
kajadian gemuk leungit ti pasaran.
Patani sayur mayur geus lain caritakeuneun deui. Kusabab pamarentah
heunteu ngatur tata niaga sayur (ti mimiti melak tepi ka ngajual),
mindeng kajadian patani rugi gede dina waktu panen. Sabab,
kaleuwihan teuing produk (mindeng kajadian, mangton-ton hasil tani
sayur, upamana tomat di Lembang) dileokeun ka walungan tinimbang
dijual kalawan harga anu kacida ngahinana (kusabab murah pisan).
Salian ti eta, geus jadi rahasiah umum yen lamun patani ngajual ka
kios di pasar induk, katangtuanna teh bon kadua (dibayar upama geus
laku). Sangsara kacida.
Ana dipikir-pikir, ti jaman pangjajahan Walanda, Jaman Jepang, Jaman
Revolusi tepi ka ayeuna, nasib patani tetep heunteu menyat. Naon anu
matak aranjeunna tetep bisa nagen tepi ka ayeuna? Sigana kabiasaan
hirup sangsara geus ngalatih diri aranjeunna tetep satia ngalakukeun
tugasna: tatanen.
Cag heula.
Baktos,
manAR
--- In [EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sanes "teu nurutan" , namung "alimeun nurutan" margi nu diluhurna
teu "nyontoan".
> Perkawis "kunker" sareng study banding, parantos bosen
nyaksianana, komo upami
> "menjelang akhir jabatan" sapertos cihujan nyuruluk bae tamu ka
Korea teh.
> Ti pihak Legislatif : tingawitan DPRD tkt.II dugi DPR-RI
> Ti pihak Eksekutif : tingawitan Bhopati dugi ka Sri Narpati
> Ti pihak Judikatif : sanaos teu ngaberedel sapertos nu diluhur,
namung kaetang seueur oge anu "kunker" ka Korea.
> Di Korea sanes teu aya nu Korupsi, namung.....!!! kependak teras
digasak...!!! ku hukum anu aya, teu Lurah teu Presiden....!!
>
> Pihatur
> Sami sering sewot...
> Piye toh kang....
>
> Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Sidik kunaon nya ari pamarentah urang teu nurutan jiga di
korea pan seueur anggota DPR anu kunker ka korea teh. di
indonesiamah pahibut naekeun pajeg bari hasilna teu balik ra rahayat
malah di korupsi ku.....beurit nu nganggo dasi.
>
> baktos abdi nu nuju sewot..
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

