Kunaon patani Indonesia teu beunghar ? meureun nu leuwih pas na mah kunaon saeutik pisan patani di Indonesia nu beunghar ?
Sabab pamarentah urang salah urus masalah pertanian . Timimiti urang leutik keneh geus diterapkeun dina sirah urang ,ingetan yen bangsa urang teh bangsa agraris, tapi mangga tingali ...teknologi pertanian naon anu canggih anu geus dihasilkeun ku para ahli di nagara urang pikeun ningkatkeun kualitas jeung produktivitas hasil pertanian, program pamarentah naon anu nyata-nyata dilaksanakeun pikeun ningkatkeun pangaweruh patani dina bidang pertanian, perhatian jeung penghargaan naon ti pamarentah urang keur para patani mandiri anu geus ngahasilkeun "prestasi" garapannana.
Salila eta kabeh lain " proyek basah " ulah waka miharep bakal aya perbaikan perhatian ti pamarentah urang .
Iraha urang bisa boga beas terbaik didunia, iraha urang bisa boga beas termurah didunia ?
Ngimpi heula ah..........................

djulia247 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wargi sadayana,

Ngiring curhat tur mairan yeuh.

Situasi pertanian di nagri urang nu tacan kajurung ku situasi pulitik
nu sehat, tos karaos pangaruhna ka generasi muda nu cenah kapan
harapan bangsa. Para siswa SMAN IPA di Jawa Barat - Banten ti
kulawarga patani, sekian persen (punten angka persenna disumputkeun
heula nya)menyatakan diri tidak berminat menekuni dunia pertanian.
Alesanana teu hoyong hirup ka payun sapertos ibu ramana nu tani tapi
teu makmur jeung teu matak beunghar. Padahal para siswa teh sanes
nganggap tani teu penting, tapi janten teu menarik. Ieu teh bahaya
besar, mun hiji sistem geus ngalantarankeun sistem nu sanesna down, 
(basa sundana direumbeuy bae heulaanan). Padahal generasi muda
Indonesia teh sangat potensial.
Antukna kekayaan plasma nutfah urang (contona pare) ditalungtik ku
batur dugi ka level genetikna, ari urang geus rek ninggalkeun bari
can kapendak elmuna.
BPTP (Balai Pengkajian Teknologi Pertanian) boh di Jabar, Banten teu
acan kagungan data-base ngeunaan varietas padi lokal nu aya di
sabudeuren Jawa Barat-Banten. Basa kuring naroskeun, ngadon malik
nyuhunkeun ka kuring nu keur neang ka ditu ka dieu. Nyatet bae tacan
kaemut pentingna kumaha, komo deui nalungtik. Waaahhhh beunang manten
ku batur. Mangga rupina ieu bagian para wargi nu ahli molekuler,
kumaha nyalametkeunana.
Sim kuring di sakola bade satekah polah ngajelaskeun ka barudak ulah
dugi ka mogok hayang jadi ahli pertanian pedah program revolusi hijau
geus kadaluarsa, nu matak patani teu beunghar teh ...... penyebabna
multidimensi, lain pertanian bae tapi,pulitik, ekonomi, jsb. Kapan
lebar siswa SMAN nu nilai Biologina sae, minat kana tanaman, tapi
dipaksa ancrub neuleuman widang nu teu luyu jeung kamampuhna mah.
Penerapan revolusi hijau salami langkung ti tilu dasawarsa tacan
merhatoskeun waktu kadaluarsana nu antukna kedodoran, lingkungan
kabujeng reksak sateuacan mendak teknologi pertanian nu langkung aman
ka payunna. Ayeuna mah bakal aya Program Revolusi Hijau Lestari,
cenah sifatna lebih berkelanjutan. Mudah-mudahan.Ieu oge urang
kakantun, da India mah tos ti tahun 1996 mendeklarasikan pentingna
Green Revolution teh.

Sakitu heula nu kapihatur
wasalam
Ely


--- In [EMAIL PROTECTED], Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Leres kang Man, leres pisan.
> Leres pedaranana, mung alesanana carek kuring aya langkungna,
nyaeta ku margi patani (pare, sayur, buah) di urang teh 99,99 % umat
Islam nu watekna sabar darana, biasa ngalatih diri hirup sangsara,
sarta taatna ka pamarentah teu aya tandingna.
> Cing atuh, kumaha yeuh ................... kang Junaedi, kang saha
deui nya da saenyana mah geus teu kaitung atuh sarjana pertanian
teh ?!

> Salam,
> Kang Dien
>
> Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kantos sim kuring ngetang panghasilan patani urang anu rata-rata
> kagungan lahan sawah ukur 1/4 ha. Dietang ti ngawitan biaya
produksi
> (meuli bibit, gemuk, upah tanam, jst( tepi ka panen (harga
pare/beas
> ayeuna). Diitung-itung teh panghasilan aranjeunna rata-rata ukur Rp
> 70.000 - 80.000/bulan/KK ( 1 KK = 4 urang jalmi), alusna ukur Rp
> 100.000/bulan/KK.
>
> Geus kitu, kasulitan patani teh ditambah deui ku harga-harga
> pangabutuh sapopoe aranjeunna anu terus nerekel, gemuk mahal, kalan-
> kalan leungit ti kios. Dina mangsa panen, hasil sawah teh lain
> dibeuli ku BULOG kalawan harga wajar anu ngungtungkeun, balikta
> diintip atawa dibeberik tukang ijon. Bank oge milu ngudag, da
umumna
> patani teh nginjeum ka bank keur ongkos tatanen samemehna.
>
> Aya program subsidi gemuk ti Pamarentah, tapi leutik jeung carana
> salah. Sabab subsidi heunteu sagemblengna (menyeluruh) anu antukna
> gemuk teh diulinkeun ku padagang nu ngecerkeunna. Buktina, mindeng
> kajadian gemuk leungit ti pasaran.
>
> Patani sayur mayur geus lain caritakeuneun deui. Kusabab pamarentah
> heunteu ngatur tata niaga sayur (ti mimiti melak tepi ka ngajual),
> mindeng kajadian patani rugi gede dina waktu panen. Sabab,
> kaleuwihan teuing produk (mindeng kajadian, mangton-ton hasil tani
> sayur, upamana tomat di Lembang) dileokeun ka walungan tinimbang
> dijual kalawan harga anu kacida ngahinana (kusabab murah pisan).
> Salian ti eta, geus jadi rahasiah umum yen lamun patani ngajual ka
> kios di pasar induk, katangtuanna teh bon kadua (dibayar upama geus
> laku). Sangsara kacida.
>
> Ana dipikir-pikir, ti jaman pangjajahan Walanda, Jaman Jepang,
Jaman
> Revolusi tepi ka ayeuna, nasib patani tetep heunteu menyat. Naon
anu
> matak aranjeunna tetep bisa nagen tepi ka ayeuna? Sigana kabiasaan
> hirup sangsara geus ngalatih diri aranjeunna tetep satia
ngalakukeun
> tugasna: tatanen.
>
> Cag heula.
>
> Baktos,
> manAR
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke