|
ngiering mairan : masalah pokona mah
mental.....baraya...
----- Original Message -----
Sent: Saturday, August 07, 2004 12:20
AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Mangga
emutan!
Leres kang Man, leres pisan.
Leres pedaranana, mung alesanana carek kuring aya langkungna, nyaeta ku
margi patani (pare, sayur, buah) di urang teh 99,99 % umat Islam
nu watekna sabar darana, biasa ngalatih diri hirup sangsara, sarta taatna
ka pamarentah teu aya tandingna.
Cing atuh, kumaha yeuh ................... kang Junaedi, kang saha deui
nya da saenyana mah geus teu kaitung atuh sarjana pertanian teh ?!
Salam,
Kang Dien
Oman Abdurahman
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kantos
sim kuring ngetang panghasilan patani urang anu rata-rata kagungan lahan
sawah ukur 1/4 ha. Dietang ti ngawitan biaya produksi (meuli bibit,
gemuk, upah tanam, jst( tepi ka panen (harga pare/beas ayeuna).
Diitung-itung teh panghasilan aranjeunna rata-rata ukur Rp 70.000 -
80.000/bulan/KK ( 1 KK = 4 urang jalmi), alusna ukur Rp
100.000/bulan/KK.
Geus kitu, kasulitan patani teh ditambah deui
ku harga-harga pangabutuh sapopoe aranjeunna anu terus nerekel, gemuk
mahal, kalan- kalan leungit ti kios. Dina mangsa panen, hasil sawah teh
lain dibeuli ku BULOG kalawan harga wajar anu ngungtungkeun, balikta
diintip atawa dibeberik tukang ijon. Bank oge milu ngudag, da umumna
patani teh nginjeum ka bank keur ongkos tatanen samemehna.
Aya
program subsidi gemuk ti Pamarentah, tapi leutik jeung carana salah.
Sabab subsidi heunteu sagemblengna (menyeluruh) anu antukna gemuk teh
diulinkeun ku padagang nu ngecerkeunna. Buktina, mindeng kajadian gemuk
leungit ti pasaran.
Patani sayur mayur geus lain caritakeuneun deui.
Kusabab pamarentah heunteu ngatur tata niaga sayur (ti mimiti melak tepi
ka ngajual), mindeng kajadian patani rugi gede dina waktu panen. Sabab,
kaleuwihan teuing produk (mindeng kajadian, mangton-ton hasil tani
sayur, upamana tomat di Lembang) dileokeun ka walungan tinimbang
dijual kalawan harga anu kacida ngahinana (kusabab murah pisan).
Salian ti eta, geus jadi rahasiah umum yen lamun patani ngajual ka
kios di pasar induk, katangtuanna teh bon kadua (dibayar upama geus
laku). Sangsara kacida.
Ana dipikir-pikir, ti jaman pangjajahan
Walanda, Jaman Jepang, Jaman Revolusi tepi ka ayeuna, nasib patani tetep
heunteu menyat. Naon anu matak aranjeunna tetep bisa nagen tepi ka
ayeuna? Sigana kabiasaan hirup sangsara geus ngalatih diri aranjeunna
tetep satia ngalakukeun tugasna: tatanen.
Cag
heula.
Baktos, manAR
--- In
[EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]>
wrote: > Sanes "teu nurutan" , namung "alimeun nurutan" margi nu
diluhurna teu "nyontoan". > Perkawis "kunker" sareng study
banding, parantos bosen nyaksianana, komo upami > "menjelang
akhir jabatan" sapertos cihujan nyuruluk bae tamu ka Korea teh. >
Ti pihak Legislatif : tingawitan DPRD tkt.II dugi DPR-RI > Ti pihak
Eksekutif : tingawitan Bhopati dugi ka Sri Narpati > Ti pihak
Judikatif : sanaos teu ngaberedel sapertos nu diluhur,
namung kaetang seueur oge anu "kunker" ka Korea. > Di Korea sanes
teu aya nu Korupsi, namung.....!!! kependak teras digasak...!!! ku hukum
anu aya, teu Lurah teu Presiden....!! > > Pihatur >
Sami sering sewot... > Piye toh kang.... > > Tito Suryana
<[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Sidik kunaon nya ari pamarentah urang
teu nurutan jiga di korea pan seueur anggota DPR anu kunker ka korea
teh. di indonesiamah pahibut naekeun pajeg bari hasilna teu balik ra
rahayat malah di korupsi ku.....beurit nu nganggo dasi. >
> baktos abdi nu nuju sewot..
Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!? New
and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|