Mental saha? wah baris rame padungdengan yeuh upama nu dimaksud teh mental patani. Upama bener kitu, dina wacana ideologi kemiskinan, punten Bhs. Indonesia, hal ieu baris mawa ancrub kana diskusi teu kaur anggeus (debat kusir) antara pamadegan "budaya miskin" (culture of poverty) vs "kemiskinan struktural" (kemiskinan karena struktur sosial).
Mental bangsa anu geus ragrag tepi ka handap sorangan bisa ngarupakeun sabab, bisa oge akibat. Sigana anu ayeuna mah lolobana akibat. Akibat tina salah ngurus masyarakat. Samemehna, bisa jadi di mimitian ku kurang dikahareupkeunna mental anu alus jeung dina waktu anu sarua kurang ngahengker mental anu goreng. Baktos, manar --- In [EMAIL PROTECTED], "Tito Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ngiering mairan : masalah pokona mah mental.....baraya... > ----- Original Message ----- > From: Didin Kustandi > To: [EMAIL PROTECTED] > Sent: Saturday, August 07, 2004 12:20 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] Mangga emutan! > > > Leres kang Man, leres pisan. > Leres pedaranana, mung alesanana carek kuring aya langkungna, nyaeta ku margi patani (pare, sayur, buah) di urang teh 99,99 % umat Islam nu watekna sabar darana, biasa ngalatih diri hirup sangsara, sarta taatna ka pamarentah teu aya tandingna. > Cing atuh, kumaha yeuh ................... kang Junaedi, kang saha deui nya da saenyana mah geus teu kaitung atuh sarjana pertanian teh ?! > > Salam, > Kang Dien > > Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kantos sim kuring ngetang panghasilan patani urang anu rata- rata > kagungan lahan sawah ukur 1/4 ha. Dietang ti ngawitan biaya produksi > (meuli bibit, gemuk, upah tanam, jst( tepi ka panen (harga pare/beas > ayeuna). Diitung-itung teh panghasilan aranjeunna rata-rata ukur Rp > 70.000 - 80.000/bulan/KK ( 1 KK = 4 urang jalmi), alusna ukur Rp > 100.000/bulan/KK. > > Geus kitu, kasulitan patani teh ditambah deui ku harga-harga > pangabutuh sapopoe aranjeunna anu terus nerekel, gemuk mahal, kalan- > kalan leungit ti kios. Dina mangsa panen, hasil sawah teh lain > dibeuli ku BULOG kalawan harga wajar anu ngungtungkeun, balikta > diintip atawa dibeberik tukang ijon. Bank oge milu ngudag, da umumna > patani teh nginjeum ka bank keur ongkos tatanen samemehna. > > Aya program subsidi gemuk ti Pamarentah, tapi leutik jeung carana > salah. Sabab subsidi heunteu sagemblengna (menyeluruh) anu antukna > gemuk teh diulinkeun ku padagang nu ngecerkeunna. Buktina, mindeng > kajadian gemuk leungit ti pasaran. > > Patani sayur mayur geus lain caritakeuneun deui. Kusabab pamarentah > heunteu ngatur tata niaga sayur (ti mimiti melak tepi ka ngajual), > mindeng kajadian patani rugi gede dina waktu panen. Sabab, > kaleuwihan teuing produk (mindeng kajadian, mangton-ton hasil tani > sayur, upamana tomat di Lembang) dileokeun ka walungan tinimbang > dijual kalawan harga anu kacida ngahinana (kusabab murah pisan). > Salian ti eta, geus jadi rahasiah umum yen lamun patani ngajual ka > kios di pasar induk, katangtuanna teh bon kadua (dibayar upama geus > laku). Sangsara kacida. > > Ana dipikir-pikir, ti jaman pangjajahan Walanda, Jaman Jepang, Jaman > Revolusi tepi ka ayeuna, nasib patani tetep heunteu menyat. Naon anu > matak aranjeunna tetep bisa nagen tepi ka ayeuna? Sigana kabiasaan > hirup sangsara geus ngalatih diri aranjeunna tetep satia ngalakukeun > tugasna: tatanen. > > Cag heula. > > Baktos, > manAR > > > > > > --- In [EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sanes "teu nurutan" , namung "alimeun nurutan" margi nu diluhurna > teu "nyontoan". > > Perkawis "kunker" sareng study banding, parantos bosen > nyaksianana, komo upami > > "menjelang akhir jabatan" sapertos cihujan nyuruluk bae tamu ka > Korea teh. > > Ti pihak Legislatif : tingawitan DPRD tkt.II dugi DPR-RI > > Ti pihak Eksekutif : tingawitan Bhopati dugi ka Sri Narpati > > Ti pihak Judikatif : sanaos teu ngaberedel sapertos nu diluhur, > namung kaetang seueur oge anu "kunker" ka Korea. > > Di Korea sanes teu aya nu Korupsi, namung.....!!! kependak teras > digasak...!!! ku hukum anu aya, teu Lurah teu Presiden....!! > > > > Pihatur > > Sami sering sewot... > > Piye toh kang.... > > > > Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Sidik kunaon nya ari pamarentah urang teu nurutan jiga di > korea pan seueur anggota DPR anu kunker ka korea teh. di > indonesiamah pahibut naekeun pajeg bari hasilna teu balik ra rahayat > malah di korupsi ku.....beurit nu nganggo dasi. > > > > baktos abdi nu nuju sewot.. > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > > > ------------------------------------------------------------------- ----------- > Do you Yahoo!? > New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages! > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups Sponsor > ADVERTISEMENT > > > > > > ------------------------------------------------------------------- ----------- > Yahoo! Groups Links > > a.. To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > b.. To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

