----- Original Message -----
Sent: Friday, August 06, 2004 9:26
AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Mangga
emutan!
Punten ah.. bade ngiring mertelakeun,
Duka tah upami di Indonesia mah, namung bae gaji sakitu teh kanggo di
Korea mah, gaji padamel di pausahaan anu nembe lebet kalayan ngabekel
SSTB Akademi, malih mah teu sakedik TKI ti urang anu parantos lami
kenging gaji sajuta Won, malih aya langkung.
Kanggo bandingan US$. 1.oo = W 1.160.- janten W 1 = Rp. 7 ~ 8.
Tah perkawis panghasilan Patani di Korea, sakantenan bae atuh urang
pedar rada panjang.
a. lahan 1 ha, upami lahan sawah : hasilna 80 karung beas X
180.000,- won =
14.400.000,-, biaya ngawuluku (traktor), tandur (mesin),
ngarambet, nyemprot sareng dibuat (ku mesin)
kirang langkung seep 5.000.000 ~ 6.000.000 won sakali
penen.
b. lahan 1 ha, upami lahan kebon sayuran,
kirang langkung sami sareng lahan sawah
c. lahan 1 ha, upami lahan kebon buah-buahan sapertos; apel, anggur,
pear, ssjb.
panghasilanana antawis 15.000.000 ~
18.000.000.
Eta upami teu keuna ku hama atanapi keuna ku caah, tah upami panen
bangkar ku hama atanapi bancana, pamarentah ngagentosan, minimeum pangaos
bibit sareng biaya miara dugika 50% hasil hasil tatanen.
Raharjana patani di Korea :
1. Pajeg tanah garapan tebih langkung mirah ti pajeg tanah pakotaan
(30~40 %an)
2. Tarif listrik kanggo patani langkung mirah dibanding tarif listrik non
patani (20~30%an)
3. Gampil milarian kiridit ti bank, kalayan bunga langkung mirah sareng
kiridit biasa
4. Jatah bangku di sadaya Universitas/PT satatar Korea kanggo
anak/turunan patani.
Janten sanes bohong (sanaos teu acan sadaya), upami urang kaleresan
jalan-jalan kapadesaan atanapi ka pakampungan patani. Sisi
lamping aya sarunggunuk pakampungan patani, bumina weweg (beton),
dicet warna-warni, digigireun bumi mesin traktor atanapi sapi, treuk alit
sareng mobil herang leucir. Teu kedah dicatur parabotan rumah tanggi, kayaning
TV, Kulkas, komputer ssjb. teu aya bentenna sareng urang kota.
Kitu deui para nalayan teu tebih sareng patani, ieu sadaya hasil tina
"dug hulu pet nyawa, tiis tingtrim, adil paramatra jujur bersi para
pamingpin" (noong pangwangunan Korea).
Eta patani & nalayan anu sukses, sanaos teu sakedik anu bangkar
oge.
Tos ah sakitu heula, bilih aya anu kirang panuju.
Pihatur
SSW